WorksheetsCarita Babad Kelas X
Total questions: 10
Worksheet time: 8mins
Nurutkeun M.A. Salmun (1963) anu disebut babad téh nyaéta....
sabangsa sajarah anu henteu teges hostorina, henteu beunang dicekel deleg dokumentasina, tampolna eusina sik dibauran ku saga (sage), legenda, mitos, atawa fabel.
wanda carita anu ngandung ajen-ajen sajarah atawa raket hubunganna jeung sajarah.
dongéng anu ngandung unsur-unsur sajarah.
carita wanda heubeul anu medar riwayat luluhur atawa kajadian-kajadian penting jaman baheula di salah sahiji daérah, biasana ti mimiti ngabedah (muka) éta wewengkon.
carita anu geus kapanggih ti jaman tradisi nulis naskah kénéh.
Ieu di handap anu kaasup kana carita babad, iwal ti....
Carita Sangkuriang
Carita Parahiyangan
Carita Waruga Guru
Sajarah Sukapura
Sajarah Cijulang
Baca téks ieu di handap!
Titimangsa tamat abi nulis,
Nuju pasaran pon,
Kaleresan siang poé senén,
Sasih Juli ping sapuluh yakin,
Salapan ratus murni,
Sareng lima estu
Sempalan babad wangun wawacan ieu di luhur kaasup kana bagian....
kolopon
manggalasastra
alopon
eusi
jejer
Baca jeung tengetan!
(1) Nyatet gagasan utama.
(2) Maca deui kotrétan ringkesan bari dibebener deui upama aya kasalahan.
(3) Nuliskeun deui carita babad.
(4) Maca naskah asli carita babad.
Lengkah-lengkah nyieun ringkesan anu paling bener nyaeta....
(4)-(1)-(3)-(2)
(1)-(2)-(3)-(4)
(1)-(3)-(4)-(2)
(2)-(3)-(1)-(4)
(4)-(1)-(2)-(3)
Baca sempalan babad ieu di handap!
Prabu Geusan Ulun téh raja ti Kerajaan Sumedang Larang. Anjeunna kasohor ku kapinteran sarta kaparigelanna dina élmu santika. Geusan Ulun teh lain ngaran dapon waé, tapi hiji ngaran anu ngandung ma’na kacida alusna, geusan hartina tempat, ulun hartina jalma anu bisa dipénta tulung. Raja anu kaceluk ka awun-awun, kakoncara ka janapria. Anjeunna pohara gagahna, adil, tur wijaksana. Rahayat ma’mur nagari gé subur.
Ngaran Geusan Ulun téh ngandung ma’na....
tempat jalma anu bisa dipéntaan tulung
tempat jalma anu kasohor
tempat jalma anu rahayatna ma’mur
tempat jalma anu gagah perkasa
tempat jalma anu ahli dina perang
Baca sempalan babad ieu di handap!
(1) Selang sababaraha waktu, Karajaan Cirebon ngajorag deui Karajaan Sumedang Larang, sanggeus leuwih ti heula ngirimkeun sababaraha urang mata-mata. (2) Der baé harita mah perang campuh naker. (3) Itu ieu pada-pada kuat. (4) Korban ting jarungkel, nu tatu parna tingjaroplak, kuda tinggalabrét kalabur, trang-tréng¬-trong sora pakarang anu patingaradu, anu rubuh pating garerung. (5) Kulantaran duanana pada-pada kuat, ahirna perang dieureunkeun, dua karajaan leuwih milih daméy kucara musawarah.
Kalimah anu ngagambarkeun suasana perang nyaéta aya dina kalimah....
(4)
(1)
(2)
(3)
(5)
Carita Perang Bubat kaasup kana carita...
kapahlawanan anu patali jeung sajarah
sasatoan anu bisa nyarita jeung mikir kawas manusa
kahirupan jalma biasa dimasarakatna
asal-usul kajadian
mahluk ciciptaan atawa hayalan
Baca sempalan carita babad ieu di handap!
Kacaritakeun jaman baheula di tanah Sunda ngadeg karajaan Pajajaran. Nu ngaprabon di éta karajaan téh jujulukna Prabu Siliwangi. Kagungan putra pameget, satria pinilih tanding ngaranna Prabu Kian Santang. Prabu Kian Santang dijenengkeun wakil ku ramana di éta karajaan, jujulukna Gagak Lumayung.
Dumasar kana sempalan carita babad di luhur, Anu ngaprabon Karajaan Pajajaran téh nya éta ....
Prabu Siliwangi
Prabu Kian Santang Aji
Gagak Lumayung
Bagus Daka
Garantang Sétra
Baca sempalan babad ieu di handap!
Prabu Hayam Wuruk kacida bungahna. Cita-cita palay migarwa Déwi Citraresmi, sakedap deui bakal kalaksanakeun. Harita kénéh buru-buru maréntahkeun Patih Gajahmada, supaya siap-siap pikeun mapag calon pangantén istri. Ngan naha atuh dasar Gajahmada, sohor sombong, paréntah rajana langsung ditolak. Alesanana, dibandingkeun jeung Majapait, nagara Galuh Pakuan ukur nagara leutik.“Leuwih hadé Sri Baduga Maharaja langsung masrahkeun anakna,” Cenah. “Anggap waé Déwi Citraresmi téh upeti, sakalian némbongkeun yén Karajaan Galuh Pakuan taluk ka Majapait, saperti nagara-nagara séjénna.” Bisa jadi lantaran kapangaruhan, Prabu Hayam Wuruk satuju kana pamadegan Patih Gajahmada. Ti dinya gancang ngirimkeun utusan, eusina persis sakumaha omongan Patih Gajahmada.
Watek Prabu Hayam Wuruk anu kagambar dina carita di luhur nyaéta....
teu boga pamadegan
gedé hulu
daréhdéh
handap asor
wijaksana
Carita babad ilaharna ditulis dina wangun puisi nu mangrupa....
wawacan
novel
dongeng
carita pondok
sajak
