WorksheetsEvaluasi Tatakrama Basa
Total questions: 10
Worksheet time: 5mins
1) Baca sempalan dongéng di handap!
Barang nepi ka huma prak ngala roay. Mitohana pohara getolna. Ari Si Kabayan mah mesmes randeg, mesmes janteng, teu kaur beubeunangan balas ngahuleng jeung ngarahuh bawaning sangeuk digawé. Siga-sigana mah rada mumuleun Si Kabayan téh.
Luak-lieuk, karérét karung wadah roay. Jol aya ingetan pikasenangeun. Gelenyu Si Kabayan imut. “Mitoha! Mitoha!”
“Heuy!”
“Kaula rék ka cai heula ieu mules beuteung. Bisi rada lila, dagoan nya! Ati-ati mun mitoha ninggalkeun!”
Ditilik tina tatakrama basana sempalan dongéng di luhur téh ngagunakeun basa . . . .
a. hormat
b. lemes
c. loma
d. garihal
e. formal
2) Tatakrama basa téh aya basa loma jeung basa lemes, boh basa lemes keur ka sorangan boh basa lemes keur ka batur. Sempalan dina dongéng di handap anu kaasup kana basa lemes nya éta . . . .
a. Hiji waktu Kéan Santang pamitan ka ramana Prabu Siliwangi, seja miang ka nagri Mekah.
b. “Naha Si Kabayan bet lila ka cai baé gé?” ceuk mitohana ngomong sorangan. “Moal salah meureun terus balik da gering.
c. “Na kamana mitoha bet euweuh? Moal salah ninggalkeun meureun, keuheuleun kénéh urut kamari.”
d. Barang diudulkeun eusina, gurubug salakina ragrag bari gegerungan.
e. Tuman héés nepi ka beurang, ari ieu isuk kénéh geus digugubrag dititah hudang.
3) Salasahiji tujuan ayana tatakrama basa téh nya éta pikeun silih hormat atawa silih ajénan. Sempalan dongéng di handap anu nuduhkeun sikep hormat nya éta . . . .
a. “Aya adat-adatan, na sia kitu-kitu teuing ka kolot téh!” ceuk mitoha awéwé. Ari mitoha lalaki léos baé ka imah. Haténa ngunek-ngunek ambek, hayang males.
b. “Kanjeng Prabu, kaula bisa nuduhkeun saha jalma anu bisa nandingan kasaktén tuang putra. Jauh pisan éta jalma téh, ayana di nagri Mekah, ngaranna Bagénda Ali.”
c. “Si Bedul téh geuning Si Kabayan,” ceuk mitoha awéwé.
“Da capé, mitoha! Jeung ieuh, ku ngeunah dipunggu ku mitoha téh.”
d. “Kabayan! Kabayan!” Ceuk sora jero karung. “Ieu aing, mitoha sia ulah digusur!” Reg Si Kabayan eureun, “Ah puguh roay, roay!” Bari gaplok dipeupeuh karung téh. Durugdug deui digusur.
e. Nempo Si Kabayan jongjon digawé, kuliwed les baé mitohana téh. Si Kabayan mah terus baé ngalaan roay nepi ka karungna téa pinuh pisan. Ret dipangrodkeun liang karung téh. Reketek ditalian.
4) Kéan Santang téh putra Prabu Siliwangi anu katelah gagah tur sakti. Di Pajajaran, malah di Pulo Jawa teu aya hiji ogé jalma anu bisa nandingan kasakténna. Dina hiji waktu Kéan Santang ngadeuheus ka ramana, unjukkan yén dirina hayang ningali getih sorangan. Hayang tarung ngadu jajatén, tapi teu aya nu bisa nandingan.
Dumasar kana tatakrama basa, sempalan di luhur téh ngagunakeun basa lemes, boh keur ka sorangan boh keur ka batur. Éta téh mangrupa sempalan tina jenis dongéng....
a. fabel
b. parabel
c. mite
d. sasakala
e. sage
5) Ditilik tina tatakrama basana, dongéng nu ngagambarkeun ragam basa lemes aya dina dongéng . . . .
a. Si Kabayan Ngala Nangka
b. Hayam Kongkorongok Subuh
c. Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét Ngala Cau
d. Kéan Santang
e. Si Kabayan Ngala Roay
6) Dumasar kana éta gambar, ragam basa nu bakal dipaké ku tokoh ibu-ibu nya éta ragam basa . . . .
a. loma
b. lemes
c. lemes keur ka batur
d. lemes keur ka sorangan
e. garihal
7) Baca sempalan dongéng di handap!
“Ssst, Sakadang Kuya keur naon? Sakadang Monyét nanya.
“Eh, geuning Sakadang Monyét, puguh kuring téh keur ngararasakeun kabungah.!”
“Kabungah naon Sakdang Kuya?”
“Nya éta, kuring téh rék dikawinkeun ka anak Bapa Tani.”
“Dikawinkeun ka anak Bapa Tani?”
“Enya!”
“Nu bener Sakadang Kuya?”
“Piraku atuh kuring ngabohong ka sobat.”
Ngadéngé omongan Sakadang Kuya kitu, Sakadang Monyét ngahuleng sajongjongan.
Ditilik tina tatakrama basana sempalan dongéng di luhur téh ngagunakeun basa . . . .
a. hormat
b. garihal
c. lemes
d. loma
e. formal
8) Baca sempalan dongéng di handap!
Barang nepi ka huma pék ngala roay. Mitohana pohara getolna. Ari Si Kabayan mah meueus-meueus randeg, meueus-meueus janteng, teu kaur beubeunangan balas ngahuleng jeung ngarahuh bawaning sangeuk digawé. Siga-sigana mah rada mumuleun Si Kabayan téh.
Luak-lieuk, béh karérét karung wadah roay. Jol aya ingetan pikasenangeun. Gelenyu Si Kabayan imut.
Dina sempalan di luhur kecap nu kaasup kana ragam basa lemes nyaéta . . . .
a. nepi
b. sangeuk
c. mitohana
d. beubeunangan
e. imut
9) Tengetan sempalan di handap!
“Kanjeng Prabu, kaula bisa nuduhkeun saha jalma anu bisa nandingan kasaktén tuang putra. Jauh pisan éta jalma téh, ayana di nagri Mekah, ngaranna Bagénda Ali.”
Dina sempalan di luhur aya kecap tuang putra, sebutan pikeun nuduhkeun . . . .
a. anak sorangan
b. anak batur
c. lanceuk sorangan
d. lanceuk batur
e. adi batur
10) Baca sempalan dongéng di handap!
Sakadang Monyét keukeuh maksa, supaya tukeur tempat. Antukna Sakadang Kuya éléh déét.
“Heug baé tukeur tempat, tapi aya saratna,” ceuk Sakadang Kuya.
“Naon saratna?”
“Saratna mah gampang, saméméh anjeun asup kana kurung, kuring kudu dialungkeun heula ka leuwi.”
“Enya, énténg atuh kitu mah.”
Dina sempalan di luhur aya kecap dina ragam basa lemes nu nuduhkeun jalma kadua nyaéta kecap . . . .
a. sakadang
b. kuring
c. anjeun
d. gampang
e. leuwi
