wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PAT B.SUNDA V SDN SUKAMANTRI

Total questions: 30

Worksheet time: 15mins

Name
Class
Date
1.
Sora anu sarua dina jajaran atawa antar jajaran kawih disebut ….
a)
gaya basa
b)
pilihan kecap
c)
purwakanti
d)
wirahma
2.
Bagean gunung atawa pasir antara puncak jeung tutugan disebatna ….
a)
jungkrang
b)
pasir
c)
babantar
d)
lamping
3.
Bagean walungan anu leah tur deet disebut ….
a)
lamping
b)
babantar
c)
leuwi
d)
muara
4.
Di handap ieu anu teu kalebet kana istilah geografi, nyaeta ….
a)
pasir
b)
lamping
c)
langit
d)
leuwi
5.
Di handap ieu anu henteu kalebet kana kalimah kaayaan, nyaeta ….
a)
Tatangkalan hejo ngemploh
b)
Kang Jaka nuju ngala buah
c)
Pare di sawah sumedeng beukah
d)
Gedang the meujeuhna gumading
6.
Kakayon tumuwuh subur pajangkung-jangkung, miboga jumlah engang sareng sora tungtung ….
a)
13-u
b)
12-u
c)
13-ng
d)
13-a
7.
Puisi anu diajangkeun pikeun dikawihkeun disebatna ….
a)
rumpaka sisindiran
b)
rumpaka lagu
c)
rumpaka tembang
d)
rumpaka kawih
8.
Dina sajak teh aya harti konotatif. Harti konotatif sami sareng ….
a)
harti langsung
b)
harti injeuman
c)
harti saujratna
d)
harti sajalantrahna
9.
Kecap anu merenah kanggo ngalengkepan kalimah, "Dudi . . . . . waktu sukuna titajong kana batu seukeut."
a)
patinggorowok
b)
gogorowokan
c)
ngagorowok
d)
garawak-gorowok
10.
Sateuacan mondok, Iwan sok . . . . . heula.
a)
maca
b)
babacaan
c)
buca-baca
d)
macaan
11.
Kecap ngajanggelek sami hartosna sareng ….
a)
ngawangun
b)
ngaleungit
c)
ngawujud
d)
ngajadi
12.
Dewi nuju . . . . . . pituduh nginum ubar ka Nini.
a)
pangmacakeun
b)
mangmacakeun
c)
dipangmacakeun
d)
dibacaan
13.
Tuangeun anu ngadamelna sanes tinu sampeu, nyaeta ….
a)
comro
b)
katimus
c)
bugis
d)
gegetuk
14.

Gula kawung teh asalna dijieun tina ….

a)

cai tiwu

b)

bubuahan

c)

cai lahang

d)

cai kalapa

15.
Di handap ieu tuangeun anu tara biasa dipais, nyaeta ….
a)
lauk
b)
oncom
c)
tahu
d)
kacang
16.
Di handap ieu anu teu kalebet kana rupi-rupi tuangeun khas Sunda, nyaeta ….
a)
burayot
b)
karedok
c)
bibika
d)
kalua
17.
Lamun usum ngijih, cai walungan biasana ….
a)
caah
b)
saat
c)
kotor
d)
herang
18.
Lamun balong kacaahan, biasana laukna ….
a)
dialaan
b)
diantepkeun
c)
kabawa palid
d)
tetep di balong
19.

Walungan caah teh lantaran tangkal kai di gunung ….

a)

dituaran

b)

digemukan

c)

diantep

d)

diceboran

20.
Warga anu lemburna kacaahan biasana sok ….
a)
caricing
b)
ngala lauk
c)
ngarojay
d)
ngungsi
21.
"Langit teh ……… siga rek sabreg-bregeun hujan". Kecap anu merenah keur ngalengkepan titik-titik dina eta kalimah, nyaeta ….
a)
cangra
b)
angkeub
c)
lenglang
d)
poek
22.
Lamun gunung bitu, biasana sok aya ….
a)
samagaha
b)
angin
c)
urug
d)
lini
23.
Usum ngijih sarua hartina jeung ….
a)
usum halodo
b)
usum mamareng
c)
usum hujan
d)
usum katiga
24.
Hujan badag anu dibarengan ku angin ngagelebug disebutna ….
a)
hujan es
b)
hujan angin
c)
hujan ngagebret
d)
hujan ngaririncik
25.
Lamun hujan ngiripis tur katojo ku panonpoe, sok bijil ….
a)
katumbiri
b)
gelap
c)
guludug
d)
kilat
26.

Lamun panonpoe kahalangan ku bulan, di bumi bakal bijil ….

a)

samagaha

b)

lini

c)

hujan

d)

poek

27.
Diharudum biasana sok ngagunakeun ….
a)
anduk
b)
sarung
c)
sepre
d)
simbut
28.
Morongkol, nuduhkeun jalma nuju ….
a)
sare
b)
dahar
c)
ngobrol
d)
ngomong
29.
Udin upami ka sakola sok kabeurangan wae, margi sok hese di ugahkeun. Kecap anu pantes kanggo kalakuan Udin nyaeta ….
a)
tanginas
b)
kebluk
c)
buringas
d)
seblok
30.
Harita ge Fajar sareng Putri nyaksian kumaha ……… Ibu waktos dipasihan sabeungkeut kembang lili. Kecap anu merenah kanggo ngalengkepan kalimah eta nyaeta ….
a)
bingahna
b)
bingaheunana
c)
baringah
d)
bingah