Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PAT BASA SUNDA SDIT AK

Total questions: 25

Worksheet time: 1hrs 13mins

Name
Class
Date
1.

Radhwa remen ngabantuan Ibu gegeroh.

Harti kecap gegeroh nyaeta...

a)

kukumbah

b)

tidagor

c)

gancang gede

d)

beak dauna

2.

Farel di sakolana mani calakan. Cik naon hartina calakan?

a)

pinter

b)

bageur

c)

jujur

d)

someah

3.

Ba’da isya, di langit loba .... baranang.

a)

bentang

b)

panon poe

c)

bulan

d)

mega

4.

Nara make jam tangan dina...

a)

cinggir

b)

pigeulang

c)

siku

d)

keuneung

5.

Mana anu henteu kaasup kaulinan tradisional..

a)

kaleci

b)

bebelotan

c)

play station

d)

langlayangan

6.

Naon hartina kalakay?

a)

daun kering

b)

gancang gede

c)

kukumbah

d)

beak dauna

7.

Bakal kumaha lamun energi listrik terus terusan dipake?

a)

kakuatanna bakal terus nambah

b)

bakal alus, jeung dipikabutuh

c)

bakal ngurangan ahirna beak

d)

teu nambah teu ngurangan

8.

Pakakas naon wae diantarana anu butuh ku energi listrik?

a)

Istrikaan, rak sapatu, kompor gas

b)

Kulkas, tipi, kompa cai

c)

Blender, komputer, rak piring

d)

Mejikom, kulkas, lomari

9.

Kumaha contona mun urang rek ngahemat cai?

a)

Lamun mandi cukup asal baseuh awak

b)

Lamun mandi kudu bari huhujanan

c)

Cai ukur dipake saperluna ulah dipiceunan

d)

Cai tong dipake mandi

10.

Ari maca buku teh kudu di tempat anu caang atuh. Lawan kecap caang nyaeta...

a)

pareum

b)

hurung

c)

poek

d)

hirup

11.

Lampu teh ulah terus hurung ari teu dipake mah. lawan kecap hurung nyaeta...

a)

pareum

b)

caang

c)

poek

d)

hirup

12.

Cik ulah hambur kana duit teh, tapi kudu ....

a)

nambahan

b)

ngurangan

c)

rikrik

d)

langka

13.

Di Lembang mah hawa na tiis, teu....... kawas di Majalengka

a)

teduh

b)

hareudang

c)

panas

d)

mendung

14.

Basa libur sakola, Valent remen ngojay ka kolam renang.

Hartina remen nyaeta ...

a)

tara

b)

sering

c)

pernah

d)

jarang

15.

Naon hartina katumbiri?

a)

pelangi

b)

daun kering

c)

runtah

d)

tatangkalan

16.

Naon hartina gemah ripah?

a)

subur makmur

b)

nyaah

c)

ruksak

d)

ngurus bener-bener

17.

Naon hartina ngagugu?

a)

pinter

b)

nurut

c)

betah

d)

datang

18.

Naon hartina kaduhung?

a)

hanjakal

b)

nyaah

c)

nurut

d)

betah

19.

Susun kecap kecap di handap ieu jadi kalimah anu bener!

Jagong - dipelakan - ku aki - ahirna - teh - maculan - meunang - lahan

a)

Lahan meunang maculan teh ahirna dipelakan jagong ku aki

b)

Lahan maculan ku aki ahirna meunang dipelakan jagong teh

c)

Dipelakan ku aki lahan teh ahirna meunang maculan jagong

d)

Ku aki jagong ahirna dipelakan lahan teh meunang maculan

20.

Ngahargaan – urang – ngajen - ka – jeung – kudu – sasama.

Susunan kalimah nu bener nyaeta...

a)

kudu urang ngajen jeung ngahargaan ka sasama

b)

ngajen urang jeung kudu ngahargaan ka sasama

c)

ngahargaan ka sasama jeung ngajen urang kudu

d)

urang kudu ngajen jeung ngahargaan ka sasama

21.

Naon ari gunana cowet?

a)

jang nyambel

b)

jang masak

c)

jang nyangu

d)

jang motong daging

22.

Naon ari gunana peso?

a)

jang nyambel

b)

jang masak

c)

jang nyangu

d)

jang motong daging

23.

Lamun ayeuna poe kemis, pageto poe naon?

a)

jumaah

b)

saptu

c)

rebo

d)

ahad

24.

Lamun ayeuna senen kamari poe naon?

a)

jumaah

b)

saptu

c)

rebo

d)

ahad

25.

Kumaha contona urang ngahemat listrik teh?

a)

Lamun geus teu dilalajoan, televisi dipareuman

b)

Ngahurungkeun televisi kudu bareng jeung AC

c)

Ulah neundeun istrikaan dina tumpukan baju

d)

Lalajo televisi bari ngome hape