NEW
Font size
WorksheetsUS Basa Sunda SDN Lojikobong I
Total questions: 35
Worksheet time: 6mins
1. Buruan sakola katingali éndah. Di sisi jalan kénca katuhu dipelakan rupa-rupa kekembangan nu sareungit.
Karangan di luhur nyaritakeun kaéndahan sakola, karangan sarupa kitu disebut ....
Sorangan
Éksposisi
Pamadegan
Deskripsi
2. Murid-murid SDN Lojikobong I keur kerja bakti meresihan pakarangan sakola. Sakabéh murid ti kelas hiji nepi ka kelas genep milu kerja bakti.
Hal poko nu dicaritakeun nyaéta ....
Kerja bakti di sakola
Kelas 6 kerja bakti
SDN Lojikobong I
murid-murid
Anu asup kana istilah dagang nyaeta ....
handphone
internet
mobil
bati
Asalna ti Cina, tapi kiwari mah ... teh geus jadi kadaharan khas Sumedang
tahu
tauco
tempe
oncom
Kamar Astri mah aya di loteng. Kecap loteng serepan ti basa ....
Cina
Arab
Walanda
Sansekerta
Angin gunung seselekat dina bilik. Kalimah di luhur ngagunakeun gaya basa ....
raguman
mijalma
rautan
rahulan
Sabab katinggaleun Padlan teu kabagian nasi timbel.
Babasan nu pas keur ngagambarkeun carita eta ....
bengkok tikoro
buntuk gasireun
katempuhan buntut maung
hampang leungeun
Ari maneh teu daek cicing, kawas ....
jeler kasaatan
ucing jeung anjing
kalapa bijil ti cungap
lodong kosong gelentrung
Kerja bakti saméméhna dibéwarakeun heula.
Dibéwarakeun sasaruaan tina ....
disaruakeun
dikerjakeun
diumumkeun
dicaritakeun
Kerja bakti geus lumangsung ti baheula nepi ka kiwari.
Baheula hartina .....nu geus lila kaliwat.
waktu
poe
buku
bulan
Kagiatan wawancara antara nu ngawawancara jeung nu diwawancara saenyana sarua jeung ....
sawala
diskusi
tanya jawab
paguneman
Anu teu kaasup wawancara nyaeta ....
wawancara wartawan
wawancara panalungtikan
wawancara lamaran gawe
wawancara sapopoe
" .... nu pang heulana nulis buku carpon Sunda ?
Kecap pananya nu cocog pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaeta ...
saha
ku saha
naon
mana
Kalimah nu ngandung kecap bilangan nyaeta ....
Dagang oncom rancatan emas
Mata dijual ka peda
Dagang peda ka Cirebon
Ded, nambut heula artos lima rebu rupiah.
Assalamualaikum wr. Wb. Ungkara di luhur dina biantara kaasup kana....
salam pamuka
salam panghormat
salam pangwilujeng
salam panutup
Kecap nu nuduhkeun rasa nyaeta ....
koneng, alus, amis
amis, pait, pangset
panjang, pondok, jangkung
caang, poek, ceudeum
Kecap katerangan tina panjang nyaeta....
kadeplik
ngabetrak
ngagebay
nyepring
Di handap ieu ngaran tutuwuhan , iwal....
bungur
hejo
koneng
coklat
Dihandap ieu paribasa nu ngandung harti jalma nu ngomongna loba bohongna nyaeta ....
omong harus batan goong
hade gogog hade tagog
alus laur hade ome
hade ku omong goreng ku omong
Kagiatan nepikeun hiji jejer kalawan lisan di hareupeun jalma rea disebutna ....
ceramah
diskusi
biantara
hutbah
nu - baju - make - saha - teh - bodas - ? Susunan kalimah pananya nu bener nyaeta ....
Nu make baju bodas teh saha ?
Saha nu make baju bodas teh ?
Baju bodas teh saha nu make ?
Make baju saha nu bodsas teh ?
Najan beda tradisi tapi bangsa Indonesia salawasna hirup ....
papisah
sauyunan
papaseaan
pasalingsingan
Di handap ieu kecapnu ngandung rarangken - ing iwal ti ....
sipating
ceceting
awaking
rupaning
Hayang alus mah ngetik teh dina ....
komputer
televisi
warnet
telepon
Alat komunikasi wangunna ipis, babari dikeupeul nyaeta ....
handphone
telepon
laptop
audio
Bahan nu sok dijieun peuyeum nyaeta ....
boled
kentang
sampeu
taleus
Bonteng ngalawan kadu hartina ....
nu lemah ngalawan nu kuat
runtut raut
ari ka batur bageur ka dulur sorangan medit
sagala dicaritakeun
. . . Jenengan mamang ? Kecap nu luyu pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaeta ...
saha
naon
mana
sabaraha
Loba ibu-ibu nimbang orok di ....
klinik
apotek
posyandu
puskesmas
Kaulinan anu mimitina nyieun kotak - kotak dina taneuh , digarisan make kapur atawa areng nyaeta ....
egrang
engklek gunung
bebentengan
sapintrong
Hadirin sadayana anu sami sumping, sim kuring . . . wilujeung sumping. Kecap pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaeta ....
ngahaturkeun
ngadugikeun
ngedalkeun
nyarioskeun
Mung sakitu nu kapihatur, hapunten anu kasuhun. Hatur nuhun. Sempalan biantara duluhur mang rupa bagian ....
eusi
pamuka
panutup
panganteur
Pupuh balakbak boga watek ....
lucu
sedih
gumbira
nalangsa
Kusabab geus dicoret beureum, manehna teu bisa nginjem deui ka bank. Kecap nu di tulis miring ngandung harti ....
awakna dicoret beureum
sok barang ccokot kanu batur
mun boga hutang tara bayar
loba teuing hutangna
Kecap nungagunakeun rarangken hareup ka- nyaeta ....
katajong
karangan
kalangkang
kalung
