wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PAT BAHASA SUNDA KELAS XI

Total questions: 39

Worksheet time: 20mins

Name
Class
Date
1.

Biantara dina basa Indonesia sarua hartina jeung. . .

a)

Diskusi

b)

Rapat

c)

Pidato

d)

Upacara

e)

Berita

2.

"Rupina cekap sakitu cariosan ti simkuring, nyuhunkeun dihapunten bilih aya cariosan anu kirang merenah. Hatur nuhun."

Eta kekecapan teh mangrupa bagian. . . tina biantara

a)

Bubuka

b)

Eusi

c)

Kacindekan

d)

Panutup

e)

Mukadimah

3.

Di handap ieu nyaeta anu kudu dilakukeun dina nepikeun biantara. . .

a)

Tatag dina nyaritana

b)

Loba seuri waktu nyarita

c)

Roman anu baeud

d)

Bubuka mah teu pati perlu

e)

Mawa buku catetan

4.

Metode biantara anu ngagunakeun teks nyaeta . . .

a)

Metode nalar

b)

Metode ngapalkeun

c)

Metode mawa catetan inti

d)

Metode maca naskah

e)

Metode langsung

5.

Metode biantara anu langsung tanpa nyiapkeun teks nyaeta . . .

a)

Metode nalar

b)

Metode ngapalkeun

c)

Metode mawa catetan inti

d)

Metode langsung

e)

Metode maca naskah

6.

Dina biantara perlu dilarapkan Tatakrama Basa Sunda. Umpama nyarita di hareupeun anu saluhureun saperti dihreupeun Ibu / Bapa Guru perlu ngagunakeun. . .

a)

Ragam Basa Loma

b)

Ragam Basa Hormat / Lemes

c)

Basa anu kasar

d)

Basa anu bebas, boh kasar boh lemes

e)

Basa pergaulan

7.

Nyarita dina biantara di hareupeun jalma anu geus akrab atawa sahandapeun ngagunakeun . . .

a)

Ragam Basa Loma

b)

Bisa ngomong sangeunahna

c)

Teu perlu ngahargaan ka anu ngaregepkeun

d)

Teu meunang ngagunakeun Ragam Basa Hormat / Lemes

e)

Basa kasar

8.

Dihandap ieu anu henteu saluyu jeung naon hartina biantara . . .

a)

Naskah biantara kudu disusun sacara merenah jeung rapih

b)

Biantara nyaeta nyarita dihareupeun balarea

c)

Biantara biasana direspon ku ngan saukur unggeuk, ngagodeg jeung keprok

d)

Dina biantara, utamana biantara resmi, biasana komunikasina ngan saukur saarah atawa monologis

e)

Nyarita sorangan

9.

Dihandap ieu anu lain kaasup bagian bubuka dina biantara nyaeta . . .

a)

Salam bubuka

b)

Salam panutup

c)

Mukadimah

d)

Salam panghormat

e)

Ngahaturkeun nuhun

10.

Sateuacanna, ngahaturkeun nuhun ka panata acara nu tos masihan waktos sareng kasempetan.

Kalimah diluhur mangrupakeun conto tina..

a)

Salam bubuka

b)

Salam panutup

c)

Mukadimah

d)

Salam panghormat

e)

Ngahaturkeun nuhun

11.

Asal kecap biography nyaeta tina basa . . .

a)

Jerman

b)

Sunda

c)

Inggris

d)

Walanda

e)

Portugis

12.

Persamaan tina biografi nyaeta . . .

a)

Riwayat pagawean jelma

b)

Riwayat hirup hiji jalma

c)

Biodata

d)

Pangalaman

e)

Carpon

13.

Dihandap ieu conto jalma anu sok ditulis buku biografina, kecuali . . .

a)

Pahlawan

b)

Seniman

c)

Sastrawan

d)

Tokoh agama

e)

Babaturan

14.

Sakapeung aya jalma biasa nu ditulis biografina, ku sabab . . .

a)

Boga kaahlian

b)

Mere kanyaho

c)

Dermawan

d)

Mere inspirasi

e)

Boga pangalaman

15.

Bedana biografi jeung otobiografi nyaeta . . .

a)

Biografi ditulis ku batur, otobiografi ditulis sorangan

b)

Biografi ditulis sorangan, otobiografi ditulis ku batur

c)

Biografi riwayat hirup pahlawan, otobiografi riwayat hirup sorangan

d)

Biografi riwayat hirup sorangan, otobiografi riwayat hirup pahlawan

e)

Biografi ditulis sorangan, otobiografi ditulis batur oge hade ku sorangan

16.

Dihandap ieu mangrupakeun unsur-unsur nu dianggap penting dina biografi, kecuali . . .

a)

Ngaran lengkep

b)

Tempat lahir

c)

Pasipatan

d)

Karya

e)

Aibna

17.

Dihandap ieu nu lain mangpaat tina biografi jeung otobiografi nyaeta . . .

a)

Pikeun ngalamar pagawean

b)

Pangeling-eling jasa hiji jalma

c)

Dokumentasi sajarah

d)

Bahan diajar tina pangalaman hirupna

e)

Neangan kakurangan hiji jalma

18.

Penulis buku biografi “Hurip Waras” anu medal taun 1988 nyaeta . . .

a)

Rahmatullah Ading Affandi

b)

Ajip Rosidi

c)

H. D. Bastaman

d)

Sjarif Amin

e)

R. S. Hardjapamekas

19.

Buku biografi “Bumela ka Bangsa” anu ditulis ku R. S. Hardjapamekas medal taun ...

a)

1988

b)

2006

c)

2005

d)

2016

e)

1997

20.

Wanda tulisan anu sarimbag jeung ringkesan, nyaeta . . .

a)

Resensi

b)

Ihtisar

c)

Kutipan

d)

Saripati

e)

Sempalan

21.

Bedana resensi jeung ringkesan nyaeta . . .

a)

Resensi mah panjang

b)

Ringkesan mere pangajen

c)

Resensi mere pangajen

d)

Duanana oge kutipan

e)

Ringkesan mah pondok

22.

Anu jadi tujuan resensi nyaeta . . .

a)

Mere kritikan ka pangarang

b)

Mere catetan ka pangarang

c)

Mere iber (impormasi) ka nu maca

d)

Mere kacindekan ka nu maca

e)

Mere ringkesan ka nu maca

23.

Ngembarakeunpan pantes henteuna hiji buku atawa karya pikeun meunang pangbagea ti balarea mangrupakeun salah sahiji tugas . . .

a)

Nu nyieun ringkesan buku

b)

Nu nyieun ihtisar buku

c)

Nu nyieun saripati buku

d)

Nu nyieun resensi buku

e)

Nu nyieun kamandang buku

24.

Kagiatan nulis resensi teh lain ukur kana buku wungkul, tapi oge bias kana . . .

a)

Hasil karya seni

b)

Karangan imajinasi

c)

Karangan ilmiah

d)

Makalah

e)

Karangan esay

25.

Dina mere timbangan buku atawa hasil karya seni kudu merhatikeun heula masalah . . .

a)

Kasangtukang kulawarga nu maca

b)

Kasangtukang budaya nu maca

c)

Kasangtukang penghasilan nu maca

d)

Kasangtukang umur nu maca

e)

Kasangtukang atikan nu maca

26.

Nu nulis resensi kudu merhatikeun kasangtukang nu maca lantaran . . .

a)

Nu maca mangrupakeun pangregep anu disanghareupan nu nulis

b)

Nu maca bisa mere kritikan ngawangun ka nu nulis resensi

c)

Nu maca bisa mere nginjeum bahan bacaan keur nu nulis

d)

Nu maca elmuna leuwih jembar tibatan nu nulis resensi

e)

Nu maca atikanna beda-beda serta boga karep anu teu sarua

27.

Dina mere timbangan anu objektip, nu nulis resensi kudu maham kalawan gembleng kana . . .

a)

Tujuan ti pangarang

b)

Tujuan ti nu maca

c)

Tujuan ti nu pamedal

d)

Tujuan ti editor

e)

Tujuan pemasaran

28.

Nu nulis resensi kudu nyaho kana maksud ...

a)

Pangna nulis eta resensi

b)

Pangna ngritk eta buku

c)

Pangna milih eta buku

d)

Pangna nimbang eta buku

e)

Pangna ngaringkes eta buku

29.

Nu nulis resensi kudu mikawanoh kana tujuan ngarang buku. Eta hal bisa katiten tina . . .

a)

Daptar eusi buku

b)

Bagian akhir buku

c)

Riwayat hirup anu ngarang

d)

Bagian awal buku

e)

Pangjajap/bubuka buku

30.

Kagiatan nyarita di hareupeun balaréa kalayan nepikeun hiji jejer, nya éta disebut…

a)

Kawih

b)

Diskusi

c)

Biantara

d)

Paguneman

e)

Dakwah

31.

Aya sababaraha téhnik dina nepikeun biantara, di antarana nya éta…

a)

Impromtu, Ékstemporan, Naskah, jeung Ngapalkeun

b)

Impromtu, Eksempelar, Naskah, jeung Maca

c)

Maca, Éksempelar, Impromtu, jeung Nulis

d)

Maca, Nulis, Impromtu, jeung Ékstemporan

e)

Impromtu, Ékstemporan, Nulis, jeung Ngapalkeun

32.

Aya biantara nu eusina ngajak balaréa sangkan milampah hiji perkara. Ieu hal téh saluyu jeung salah sahiji tujuan biantara, nya éta…

a)

Informatif

b)

Rekreatif

c)

Persuasif

d)

Deskriptif

e)

Subjektif

33.

Presiden Joko Widodo biantara di Istana Nagara, nalika poé kamerdékaan Indonésia. Anjeunna biantara ku cara maca tulisan nu diketik ku Jubirna. Présidén Jokowi ngagunakeun salah sahiji téknik biantara, nya éta…

a)

Impromtu

b)

Ngapalkeun

c)

Ékstemporan

d)

Bener kabeh

e)

Naskah

34.

Salah sahiji téhnik biantara ku cara nuliskeun gurat badagna nya éta disebut téhnik..

a)

Impromtu

b)

Ékstemporan

c)

Naskah

d)

Ngapalkeun

e)

Ditalar

35.

Paribasa “Lain maksud mamatahan ngojay ka meri” saupama dihartikeun miboga makna…

a)

Lain maksud mamatahan ngojay kanu leuwih ngarti

b)

Lain maksud mamatahan kanu leuwih ngarti

c)

Lain maksud dék ngalawan ka saluhureun

d)

Lain maksud dék némbalan ka saluhureun

e)

Lain maksud nyebut meri ka saluhureun

36.

Dumasar kana suasana acara jeung tempat acarana, biantara téh kabagi jadi dua, nya éta …

a)

Biantara informatif jeung biantara teu informatif

b)

Biantara ngajak jeung biantara teu ngajak

c)

Biantara resmi jeung Biantara teu resmi

d)

Biantara di sakola jeung biantara di luar sakola

e)

Biantara resmi jeung Biantara sopan

37.

Babagian biantara anu eusina kacindekan jeung ngajak ka balaréa ngalaksanakeun nu ditepikeun dina biantara nya éta dina …

a)

Bubuka biantara

b)

Salam bubuka biantara

c)

Panutup biantara

d)

Salam panutup biantara

e)

Eusi biantara

38.

Biantara Ir. Soekarno salaku Presiden dina acara kanagaraan ka asup biantara…

a)

Impromtu

b)

Ngapalkeun

c)

Ékstemporan

d)

Bener kabeh

e)

Naskah

39.

Dede miluan lomba biantara teu make tulisan minggu kamari, eta kaasup kana biantara…

a)

Impromtu

b)

Ngapalkeun

c)

Ékstemporan

d)

Bener kabeh

e)

Naskah