wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

REMEDIAL SUNDA KELAS XI

Total questions: 40

Worksheet time: 1hrs 20mins

Name
Class
Date
1.
Assalamu’alaikum wr. wb.
Hadirin anu sami-sami linggih,
Kersaning Gusti Nu Maha Suci, urang sadayana tiasa patepung lawung paamprok jonghok dina ieu acara. Mugi ieu acara téh lungsur-langsar kalayan tiasa kahontal sagala anu dipimaksad. Amin.
Ngadegna sim kuring dina danget ieu payuneun parasepuh miwah paratamu anu sami rawuh, taya sanés seja ngiring jabung tumalapung sabda kumapalang.

Nilik kana sempalan paragraf di luhur, ungkara kasebut ilaharna digunakeun salaku…

a)
salam bubuka

b)
bubuka

c)
eusi

d)
panutup

e)
salam panutup
2.
Alhamdulillahirobil’alamin
Assalamualaikum wr.wb
Bapa-Ibu guru anu ku simkuring dipihormat, siswa-siswi sadayana, hususna siswa kelas XII anu ku Ibu dipihéman,
Sakeudeung deui hidep rék ninggalkeun ieu sakola, tangtu nalika nuluykeun kuliah hidep bakal mencar. Aya anu nuluykeun ka ITB, ka UGM, ka UPI, atawa aya ogé nu kaluar nagri.
Ibu katut para Bapa-Ibu guru séjénna mihapé, nalika kuliah engké sing bener, sing enya-enya malar hidep jadi jalma pinter tur suksés dunia ahérat. Amiin…

Nilik kana eusi paragraph di luhur, nu nepikeun éta obrolah téh nya éta….

a)
siswa kelas XII

b)
kapala sakola

c)
siswa kelas X

d)
ketua OSIS

e)
siswa kelas XI
3.
Ieu di handap mangrupa hal-hal anu kudu diperhatikeun nalika biantara, iwal...
a)
tatag nyaritana

b)
aktual témana

c)
munel eusina

d)
alus basana

e)
ngalantur kamana karep
4.
Padika nepikeun biantara ku cara nulis gurat badagna hungkul pikeun dimekarkeun nalika dipidangkeun nya éta biantara ngagunakeun métode...
a)
impromtu

b)
manuskrip

c)
mémoritér

d)
éktemporan

e)
dadakan
5.
“Dinten ieu téh kalintang bagjana kanggo sim kuring sadaya. Ogé janten dinten anu kalintang pikasediheunana. Bagja wiréh sim kuring sadaya tiasa lulus, sedih da apan sim kuring sadaya kedah ngantunkeun ieu sakola, ogé ngantunkeun Ibu sareng Bapa Guru...... jst. “

Éta sempalan biantara di luhur kaasup kana bagian...

a)
salam pamuka

b)
ngahaturkeun pangwilujeng ka nu hadir

c)
eusi biantara

d)
sanduk-sanduk ménta dihampura jeung nepikeun du’a

e)
salam panutup
6.
Biantara téh omongan urang kudu diatur gancang kendorna, tarik halonna, atawa luhur handapna. Tegesna, dina nepikeun biantara téh kudu maké lentong (lagu kalimah) anu hadé. Hal éta téh ilahar disebut ku istilah...
a)
tatag nyaritana

b)
aktual témana

c)
munel eusina

d)
alus basana

e)
ngandung wirahma
7.
Urang bisa nyonto cara-cara batur nepikeun hiji biantara. Utamana nyonto ka jalma-jalma anu salila ieu dianggap punjul nepikeun biantara. Éta jalma téh sok disebut...
a)
promotor

b)
aktor

c)
orator

d)
paregep

e)
mubaligh
8.
Biantara anu eusina ngawengku sanduk-sanduk bisi salila cacarita aya kekecapan anu salah atawa teu merenah, tuluy ditéma ku ngahaturkeun nuhun ka hadirin anu geus saregep ngabandungan biantara, kaasup kana bagian...
a)
salam bubuka

b)
bubuka

c)
eusi

d)
salam panutup

e)
panutup
9.
Nalika nepikeun biantara, Présidén Jokowi maca naskah biantara anu geus disadiakeun. Padika biantara anu digunakeun Pa Jokowi, nya éta…
a)
Impromptu

b)
Ékstémporan

c)
Dadakan

d)
Mémoritér

e)
Manuskrip
10.
Hadirin sadayana, kanggo ngareuah-reuah milangkala ieu sakola anu ku urang sadaya pada mikacinta, réngréngan pengurus OSIS bade ngayakeun kagiatan Pasangiri Biantara dina Basa Sunda. Ngabantun ieu kagiatan téh ku margi langka, basa sunda dianggap teu modéren sareng tinggaleun jaman ku masarakat umumna. Nanging kanggo OSIS di urang mah, ti ngawitan ayeuna, ieu kagiatan téh kedah janten primadona sakola anu dianti-anti ku sakur siswa di ieu sakola. Malih taun payun mah kedah ngulem pamilon pasanggiri ti sakola sanés. Urang buktoskeun ka balaréa yén sakola urang téh sajabi ti janten sakola unggulan dina widang akademik sareng olahraga, ogé janten sakola anu teu lali ka purwadaksi, anu mikacinta sareng mikahéman basa katut budayana.

Kalimat anu bener dumasar eusi biantara di luhur nya éta….

a)
OSIS ngayakeun pasanggiri Biantara keur ngareuah-reuah acara bulan bahasa.

b)
Diayakeun pasanggiri biantara lantaran geus dipikawanoh ku masarakat.

c)
Ieu kagiatan bakal diayakeun dina waktu dua dinten.

d)
OSIS ngayakeun acara pasanggiri kanggo ngareuah-reuah milangkala sakola.

e)
Seueur masarakat anu bisa nepikeun biantara kalawan hadé.
11.
Adun mah enya gé budak bandel jeung picarékeun batur tapi ku kolotna mah mani………. Nya da kolot mana anu teu nyaah ka anak. Kekecapan anu bener pikeun nglengkepan kalimah di luhur nyaéta….
a)
teu éléh géléng

b)
paéh mikir

c)
ngeupeul

d)
awal ahir

e)
dinangna-dinéngné
12.
Ieu di handap mangrupa kalimah anu ngandung rakitan lantip nyaéta….
a)
Cik Asép, ari boga kahayang téh sing kira-kira, ulah siga anjing ngagogogan kalong.

b)
Fémbra. Cik panggedéankeun kompor!

c)
Sunda bakal nanjung mun nu pundung ka Cikapundung geus balik deui.

d)
Ulah cicing na lawing panto, Dani, bisi nongtot jodo!

e)
Budak buntut ksiran Fémbra mah, tong boro dipénta kwaci sabungkus, hiji gé tara méré.
13.
Ka toko rék meuli beusi,
Meuli beusi keur bangunan
Da Akang mah boga mérsi
Hayu urang jalan-jalan

Sisindiran di luhur kaasup wangun sisindiran….

a)
paparikan

b)
rarakitan

c)
pantun

d)
wawangsalan

e)
karmina
14.
Meuncit meri dina rakit,
Boboko wadah bakatul.
Lain gering ku panyakit,
Kabogoh di rebut batur.

Eusi sisindiran di luhur nyaéta….

a)
sésébréd

b)
piwuruk

c)
silih asih

d)
kanyaah

e)
papatah
15.
Salasahiji sipat unik tina wawangsalan nya éta…
a)
sok biasa dilisankeun dina omongan sapopoé

b)
ngan diwangun ku dua jajar

c)
nu sok dilisankeun ngan cangkangna hungkul

d)
tarucingna tara dilisankeun

e)
teu kawengku ku aturan padalisan
16.
Tangkal pala ditutuhan
Gigireunna tangkal manggu
Ka sakola rurusuhan
Teu apaleun poé Minggu

Sisindiran di luhur kaasup sisindiran...

a)
wangun paparikan eusina piwuruk

b)
wangun rarakitan eusina sésébréd

c)
wangun paparikan eusina sésébréd

d)
wangun rarakitan eusina piwuruk

e)
wangun rarakitan usina silih asih
17.
Ulah ngeumbing aareuyan
Bisi lésot ninggang jurang
Ulah teuing heuheureuyan
Bisi kolot meunang wiring

Sisindiran di luhur kaasup sisindiran...

a)
wangun paparikan eusina piwuruk

b)
wangun rarakitan eusina sésébréd

c)
wangun paparikan eusina sésébréd

d)
wangun rarakitan eusina piwuruk

e)
wangun rarakitan eusina silih asih
18.
Batur mah jalan ka Dago,
abdi mah rék ka jatayu.
Batur mah mareunang jodo,
Abdi mah teu payu-payu.

Sisindiran di luhur kaasup sisindiran...

a)
wangun paparikan eusina piwuruk

b)
wangun rarakitan eusina sésébréd

c)
wangun paparikan eusina sésébréd

d)
wangun rarakitan eusina piwuruk

e)
wangun rarakitan eusina silih asih
19.
Kendang gedé pakauman
Dag-dig-dug rasaning ati

Cik teguh naon wangsalna?

a)
kendang

b)
dogdog

c)
kulanter

d)
bedug

e)
masjid
20.
Beulit cinggir simpay réma
Ulah lali ka sim abdi

Cik teguh naon wangsalna?

a)
tali

b)
ali

c)
kali

d)
bali

e)
lali
21.
Ngaran lengkepna Cécép Burdansyah. Nénéh-na mah Cécép. Anjeunna lahir di Ciwidéy, tanggal 23 Séptémber 1963. Mimiti ngarang ti keur SMP kénéh. Karya-karyana anu mimiti dimuat dina mingguan Giwangkara jeung Mingguan Pelajar.
Tuluyna mah Cécép leuwih loba ngarang dina basa Sunda. Carponna anu mimiti dijudulan “Kaleleban’, dimuat dina majalah Manglé. Harita Cécép téh sakolana di SMA kénéh.

Sempalan wacana di luhur téh upama ningali eusina mah ka asup kana….

a)
biografi

b)
warta

c)
surat

d)
carpon

e)
puisi
22.
Biografi nya éta riwayat anu kawilang lengkep ngeunaan kahirupan hiji jalma anu eusina ngawengku dimana, jeung iraha lahirna, kungsi sakola dimana, jeung naon pagawéanana. Lian ti éta, hal anu jadi ciri tina karangan biografi nya éta...
a)
sifat tokoh

b)
kepribadian tokoh

c)
lingkungan tokok

d)
pangalaman tokoh

e)
kaunggulan tokoh
23.
Minangka riwayat hirup anu kawilang lengkep, biografi mibanda sawatara pungsi, kajaba...
a)
sumber sajarah

b)
sumber inspirasi

c)
sumber kontemplasi

d)
sumber éksisténsi

e)
sumber informasi
24.
Mangpaat Biografi ngawengku opat hal ieu di handap, iwal...
a)
Diajar jeung ngeunteung kana pangalaman hirup hiji inohong.

b)
Bisa maca gagasan/pikiran hiji tokoh.

c)
Biografi hiji tokoh bagian tina dokumen sajarah.

d)
Bisa ngilu sohor sarua jeung tokoh dina éta biografi.

e)
Maham hiji kajadian/peristiwa tina sawangan anu béda-béda
25.
Nénéng SD-na di Wangisagara, SMP Muhammadiyah di Majalaya, neraskeun ka SMKI di Bandung lulus taun 1982. Sakola téh lancar, rupina kalebet golongan murid nu berpréstasi. Lebet ka SMKI – ku yasana Bapa Djudju Sa’in – bakat sareng karesep kana kasenian téh asa kasalurkeun. Malih tos ngawitan sering minton bari mitembeyan.

Sempalan paragraph di luhur nyaritakeun…

a)
riwayat pendidikan

b)
riwayat pagawéan

c)
pangajén anu kungsi katarima

d)
tempat, ping gumelar

e)
lalandian atawa julukan
26.
Biografi Anne Frank nu kapanggih tina catetan poéanana nu dijudulan The Diary of Young Girl (terbit taun 1952). Anjeunna téh mojang Yahudi ti Jerman anu jadi salah saurang korban kabengisan tentara Nazi di Walanda dina Perang Dunya II.
Tina pedaran di luhur katitén mangpaat biografi minangka...

a)
diajar jeung ngeunteung kana pangalaman hirup hiji inohong.

b)
bisa maca gagasan/pikiran hiji tokoh.

c)
biografi hiji tokoh bagian tina dokumen sajarah.

d)
maham hiji kajadian/peristiwa tina sawangan anu béda-béda.

e)
biografi minangka sumber éksisténsi.
27.
Carita pondok Cécép anu dijudulan “Bilatung” dilélér Hadiah Sastra Lembaga Basa jeung Sastra Sunda (LBSS) taun 1990. Carpon séjénna anu kungsi dilélér hadiah LBSS nyaéta “Tilu Potrét Jalma dina Albeum Kuring”, “Nu Luncat tina Beus Maleman Taun Baru”, jeung “Sangkakala”.

Sempalan biografi di luhur kaasup kana bagian...

a)
riwayat atikan

b)
riwayat pakasaban

c)
pangajén anu kungsi katarima

d)
tempat ping gumelar

e)
lalandian atawa julukan
28.
Riwayat hirup hiji jalma, boh nu jumeneng kénéh atawa nu geus maot, ti mimiti brolna ka alam dunya, kumaha keur leutikna, kumaha sakolana, karierna, préstasina, karyana, jeung sajabana disebut...
a)
warta

b)
surat

c)
biografi

d)
carpon

e)
puisi
29.
Susi Pudjiastuti, gumelar di Pangandaran tanggal 15 Januari 1965. Susi putra ti pasangan Haji Ahmad Karlan jeung Hajjah Suwuh Lasminah. Dina taun 1992 anjeunna nikah ka Daniel Kaiser, lalaki berkebangsaan Swiss. Tapi hanjakalna dina taun 1999 pepegatan. Susi nikah deui ka Christian von Strombeck, pilot. Ayeuna anjeunna gaduh 3 putra, tapi putra cikalna, Panji anyar kénéh ngnatunkeun. Mana anu teu luyu jeung wacana di luhur?
a)
Susi lahir di Pangandaran.

b)
Salaki Susi urang nagara deungeun.

c)
Anak Susi nu bungsu maot.

d)
Susi kungsi pepegatan

e)
Susi boga anak 3
30.
Susi Pudjiastuti mangrupa Menteri Kelautan dan Perikanan ka-6 Républik Indonésia. Saméméhna dipikawanoh salaku pengusaha. Anjeunna nu boga PT ASI Pudjiastuti Marine Product, éksportir produk-produk hasil perikanan jeung PT ASI Pudjiastuti Aviation anu ngoperasikeun maskapai penerbangan Susi Air.

Sempalan téks di luhur eusina ngajelaskeun…

a)
pangajén anu kungsi katarima

b)
riwayat atikan

c)
riwayat pakasaban

d)
lalandian atawa julukan

e)
tempat ping gumelar
31.
Sabada namatkeun atikan di tingkat SMP, Susi neraskeun atikan ka SMA Negeri 1 Yogyakarta. Anjeunna milih lirén sakola di kelas dua SMA 1 Yogyakarta saatos dikaluarkeun ku sakola kusabab aktif dina gerakan golput dina jaman harita. Dina taun 1980-an atawa Orde Baru, gerakan golput mangrupa kagiatan anu terlarang.

Sempalan téks di luhur eusina ngajelaskeun…

a)
pangajén anu kungsi katarima

b)
riwayat atikan

c)
riwayat pakasaban

d)
lalandian atawa julukan

e)
tempat ping gumelar
32.
Mikihiro Moryama atawa sok disebut Kang Miki nyangking gelar sarjana di Universitas Osaka Studi Luar Negeri kalawan ulikan Departemén Bahasa Indonésia sarta lulus dina taun 1985. Satuluyna neruskeun atikan Program Pascasarjana di universitas anu sarua dina taun 1985 sarta lulus 1987. Dina taun 2003 anjeunna nyangking gelar doktor Kasusastraan di Universitas Leiden (Belanda) kalawan disertasi “A New Spirit: Sundanese Publishing and the Changing Configuration of writing in Nineteenth-Century West Java 1987”.

Sempalan téks di luhur eusina ngajelaskeun…

a)
pangajén anu kungsi katarima

b)
riwayat atikan

c)
riwayat pakasaban

d)
lalandian atawa julukan

e)
tempat ping gumelar
33.
Kang Miki jadi dosén basa Indonésia di Universitas Internasional Yachiyo, Chiba dina taun 1990-1992, dosén basa Sunda, di Universitas Tokyo taun 1991-1992, dosén basa Indonésia, di Sekolah Tinggi Seni dan Ilmu Pengetahuan, Universitas Tokyo taun 1991-1992, dosén basa Sunda, Departemén Asia Tenggara jeung Oséania, Fakultas Sastra, Universitas Leiden (Belanda) taun 1992-1994, dosén Basa Sunda, di Fakultas Studi Asia, Universitas Nasional Australia taun 2005.

Sempalan téks di luhur eusina ngajelaskeun…

a)
pangajén anu kungsi katarima
b)
riwayat atikan

c)
riwayat pakasaban

d)
lalandian atawa julukan

e)
tempat ping gumelar
34.
Ngaran lengkepna Cécép Burdansyah. Nénéh-na mah Cécép. Anjeunna lahir di Ciwidéy, tanggal 23 Séptémber 1963. Mimiti ngarang ti keur SMP kénéh. Karya-karyana anu mimiti dimuat dina mingguan Giwangkara jeung Mingguan Pelajar.
Tuluyna mah Cécép leuwih loba ngarang dina basa Sunda. Carponna anu mimiti dijudulan “Kaleleban’, dimuat dina majalah Manglé. Harita Cécép téh sakolana di SMA kénéh.
Carita pondok Cécép anu dijudulan “Bilatung” dilélér Hadiah Sastra Lembaga Basa jeung Sastra Sunda (LBSS) taun 1990. Carpon séjénna anu kungsi dilélér hadiah LBSS nyaéta “Tilu Potrét Jalma dina Albeum Kuring”, “Nu Luncat tina Beus Maleman Taun Baru”, jeung “Sangkakala”.

Mana anu teu luyu jeung wacana di luhur?

a)
ngaran jujulukna Cécép

b)
geus mimiti ngarang saméméh kuliah

c)
Cécép loba ngarang dina basa Indonesia

d)
Cécép meunang hadiah LBSS taun 1990

e)
sababaraha karya Cécép meunang hadiah LBSS
35.
Sabada namatkeun atikan di tingkat SMP, Susi neraskeun atikan ka SMA Negeri 1 Yogyakarta. Anjeunna milih lirén sakola di kelas dua SMA 1 Yogyakarta saatos dikaluarkeun ku sakola kusabab aktif dina gerakan golput dina jaman harita. Dina taun 1980-an atawa Orde Baru, gerakan golput mangrupa kagiatan anu terlarang.

Mana anu luyu jeung wacana di luhur?

a)
Susi Pudjiastuti mangrupa salasahiji menteri Indonesia tamatan SMA.

b)
Susi Pudjiastuti sakola SMA di Yogyakarta

c)
Susi Pudjiastuti namatkeun SMA di Yogyakarta

d)
Susi sakola SMA di Pangandaran.

e)
Susi kaasup jalma anu teu satuju kana ayana gerakan golput.
36.
Bral ka alam dunya kuring dingaranan Mikihiro Moriyama. Gumelar di Kyoto, Jepang, tanggal 16 Séptémber 1960. MInangkana mah kuring téh sarjana basa jeung sastra Sunda, ayeuna nyangking kalungguhan Profésor dina widang basa Indonésia di universitas Nanzan, kuring nulis rupaning buku jeung éséy ngeunaan budaya citak jeung modérnitas ngeunaan kawijakan basa di Indonésia. Narjamahkeun sastra kontémporér Indonésia kaasup karya Séno Gumira Ajidarma jeung Putu Wijaya kana basa Jepang. Ngajarkeun basa Indonésia ti taun 1988 di Jepang, kaasup nyusun buku pelajaran basa Indonésia keur siswa di Jepang.

Nilik kana sempalan di luhur, éta téks mangrupa téks….

a)
Sawala

b)
Biantara

c)
Otobiografi

d)
Paguneman

e)
Biografi
37.
Bral ka alam dunya kuring dingaranan Mikihiro Moriyama. Gumelar di Kyoto, Jepang, tanggal 16 Séptémber 1960.

Dina sempalan paragrap di luhur aya kecap gumelar anu hartina…
a)
tepang taun

b)
lahir

c)
palastra

d)
milangkala

e)
maot
38.
Ridwan Kamil, lalaki kalahiran Bandung dina tanggal 4 Oktober 1971. Lahir ti kulawarga anu sederhana tapi haneuteun. Anjeunna ngaréngsékeun atikan luhurna di jurusan Arsitéktur ITB sarta lulus S2 di University of California Berkerley. Sabada lulus, anjeunna teras didamel janten arsiték di sababaraha firma di Amérika Serikat. Sacara profésional anjeunna tos ngerjakeun langkung ti 50 proyék arsitéktur sareng urban design di benua Amérika, Timur Tengah, jeung Asia. Anjeunna sasarengan jeung firmana tos ngéngingkeun sayémbara sareng pangajén langkung ti 20 kali.

Ieu di handap mangrupa hal anu teu dijelaskeun dina sempalan biografi di luhur nya éta…

a)
tempat ping gumelar

b)
pangajén anu kungsi katarima

c)
jumlah proyek arsitektur anu pernah digarap

d)
riwayat pakasaban

e)
riwayat atikan
39.
Lalakon hirup anu ditulis atawa dicaritakeun sorangan ku jalmana disebut …
a)
Biografi

b)
Bibliografi

c)
Otobiografi
d)
Tipografi

e)
Grafologi
40.
Ramadhan KH, jenengan lengkepna Ramadhan Kartahadimadja, dipiwanoh ku saréréa minangka sastrawan nu kaasup produktif. Salah saurang putrana, pasti hidep arapal, nya éta pamaén musik (drum) Gilang Ramadhan. Sababaraha karyana meunang penghargaan, upamana waé kumpulan sajakna Priangan Si Jelita (1957), ti Badan Musyawarah Kebudayaan Nasional (BMKN).
Eusina ngagambarkeun éndahna tanah Pasundan mangsa harita, antara taun 50 nepika 60-an. Nepi ka ayeuna, sajak-sajakna jadi bahan pamujian. Malah unggal nyebut Ramadhan KH, umumna jelema sok langsung ngaitkeun kana buku kumpulan sajak karyana, nyaéta Priangan Si Jelita téa.
Dina wangun roman, Royal Revolusi (1970) dilélér hadiahku Unesco-Ikapi, novel Kemelut Hidup (1976) ti Déwan Kasenian Jakarta, satuluyna novel nu bieu dipilemkeun ku Asrul Sani.

Tokoh Biografi di luhur, nyaeta...

a)
Gilang Ramadhan

b)
Asrul Sani

c)
Ramadhan Kartahadimadja

d)
Ramadhan Sastrawijaya

e)
Gilang Kartahaadimadja