wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Ulangan Bhs.Sunda Biantara

Total questions: 32

Worksheet time: 32mins

Name
Class
Date
1.

“Urang teh kudu bisa nyekel omongan, kituna teh lain catur tanpa bukur, tapi … “ Catur tanpa bukur hartina …

a)

omongan nu taya buktina

b)

omongan nu ngan saukur ngabobodo

c)

omongan nu nu bener

d)

omongan nu hese dicekelna

e)

omongan nu geus ngajadi

2.

“Sumanget ngagedurkeun ajen jeung kabudayaan .. “. Eta kalimah teh ngandung harti

a)

sajalantrahna

b)

konotatif

c)

denotatif

d)

sabenerna

e)

teu asup akal

3.

Bapa Kapala Sakola sareng rengrengan guru anu ku sim kuring dipihormat.

Bapa sinareng Ibu Dewan Sakola nu dipihormat Ketua OSIS sareng rengrenganana, oge rerencangan sadaya anu sami-sami lenggah ….

Wacana diluhur teh mangrupa …

a)

salam pamuka

b)

panutup biantara

c)

pamuka biantara

d)

salam panutup

e)

eusi biantara

4.

Sakitu anu kapihatur, tutus langkung kepang halang, bobo sapanon carang sapakan, hapunten anu kasuhun. Mugia sanaos mung alakadarna aya mangpaatna kanggo urang sadaya.

Wacana di luhur teh mangrupa …

a)

salam pamuka

b)

panutup biantara

c)

salam panutup

d)

pamuka biantara

e)

eusi biantara

5.

Kalimah nu gunana pikeun ngebrehkeun rasa atawa emosi panyaturna disebut kalimah …

a)

wawaran

b)

panyeluk

c)

pananya

d)

sampurna

e)

parentah

6.

Pilih di handap ieu anu kaasup kana eusi biantara …

1. Rupina moal panjang nu dipicatur, sakali deui ngahaturkeun sewu nuhun kana kasumpinganana.

2. Waktos sim kuring sakola di SMP, kantos diajarkeun hiji lagu karangan seniman Sunda nus tos teu bireuk deui, Almarhum Mang Koko, judulna “Bandung”.

3. Sim kuring seja ngahaturkeun nuhun kana kasumpinganana utamina rerencangan sakelas, nya eta siswa kelas XII B. Padahal lian ti kaleresan dinten pere, di antawisna aya anu bumina tebih pisan. Namung tetep ngersakeun sumping.

4. Hadirin anu sami lenggah, paragirang pangajen nu ku sim kuring dipikahormat. Kantenan seueur keneh nu hoyong didugikeun. Namung, lian ti kawatesan ku waktos, inggis tambih lami, kalah tambih ngacapruk teu puguh.

5. Hadirin sumangga dihaturan kanggo sumping dina ieu acara, kumargi bade dikawitan.

a)

1

b)

2

c)

3

d)

4

e)

5

7.

Haturnuhun kana kasumpingan Bapa miwah Ibu Guru. Kecap miwah bisa diganti ku kecap …

a)

sareng

b)

sami-sami

c)

oge

d)

mangga

e)

sakalian

8.

Kanggo neraskeun sakola teh meryogikeun waragad anu teu kinten seueurna. Kecap waragad dina eta kalimah hartina …

a)

biaya

b)

pangrojong

c)

kahayang

d)

pangbagea

e)

tekad

9.

Biantara teh aya nu sipatna resmi jeung teu resmi. Conto dina kaayaan resmi nyaeta …

a)

rapat, panggung hiburan, upacara

b)

rapat, ulang taun, riungan lembur

c)

upacara, ulang taun, sidang

d)

panggung hiburan, ulang taun, sidang

e)

sidang, rapat, upacara

10.

Ibu miwah bapa anu sami lenggah, hadirin anu sami linggih, nu simkuring dipiasih tur dipiajrih dina ieu biantara simkuring baris medar perkawis “Ngaronjatkeun Ajén Inajén Budaya Sunda”’ dina biantara mangrupa…

a)

salam pamuka

b)

eusi

c)

panutup

d)

bubuka

e)

pamuka

11.

“…..hadirin anu sami linggih…” Linggih lemesna tina kecap…

a)

araya

b)

datang

c)

jempe

d)

diuk

e)

indit

12.

Tangtu baé aya bédana antara nyarita wangun biantara jeung wangun paguneman téh nya éta…

a)

dina biantara mah henteu pacental-cental

b)

dina paguneman mah sorana laun

c)

dina biantara mah teu aya tanya jawab

d)

dina paguneman mah teu make teks

e)

dina paguneman mah teu resmi

13.

Dina maca biantara aya nu kudu diperhatikeun, diantarana aya di handap ieu, iwal ti…

a)

intonasi

b)

gaya

c)

ekspresi

d)

randegan

e)

tempat

14.

Nyarita di hareupeun jalma loba, boh dina kaayaan resmi atawa teu resmi disebut…

a)

teater rahayat

b)

biantara

c)

warta

d)

wawaran

e)

paguneman

15.

Ari lafal dina omongan téh nya éta kudu…

a)

bedas

b)

hengker

c)

bentes

d)

jojorowokan

e)

laun

16.

Lentongna kudu merenah, maksudna….

a)

randeganna

b)

luhur handapna sora

c)

tanda bacana

d)

sorana alus

e)

lenyepan sora

17.

Hadirin anu dipikahormat ku simkuring, Bapak Kapala Sakola, Bapak/Ibu guru anu dipikahormat, sareng rerencangan simkuring anu dipikacinta. Dinten ieu alhamdulilah urang tiasa kempel sareng patepang raray dina urutan mieling dinten kamerdikaan Indonesia.

Urang peryogi ka uninga, yen di zaman baheula teh seueur pisan pangorbanan para pejuang dina ngabelaan kamerdikaan nagara Indonesia. Matak ku kituna, urang salaku warga nagara Indonesia generasi penerus bangsa, sareng kedah neruskeun perjuangan para pahlawan urang. Carana nyaeta diajar sing giat jeung ngawujudkeun cita-cita urang pikeun ngajadikeun kahirupan bangsa Indonesia.

Tapi sabenerna, seueur keneh hal-hal anu tiasa dilakukeun ku urang sadaya salaku generasi ngora dina raraga ngeusian kamerdikaan Indonesia. Contona ngajauhkeun diri urang tina pangaruh narkoba, jauhkeun diri urang tina pergaulan bebas, tawuran anu ngabahayakeun nyawa, jeung sajabana anu mawa pangaruh buruk pikeun diri urang.

Hayu urang sami-sami ngalakukeun hal positive atau aya mangpaatna jang diri urang, misalna nyieun prestasi di sakola, seueur maca buku nu berguna, diajar sing bener di sakola, jeung sajabana.


Ditilik tina biantara di luhur, eta biantara ngabogaan eusi jenis ...

a)

rekreatif

b)

informatif

c)

persuasif

d)

propaganda

e)

situasional

18.

Hadirin anu dipikahormat ku simkuring, Bapak Kapala Sakola, Bapak/Ibu guru anu dipikahormat, sareng rerencangan simkuring anu dipikacinta. Dinten ieu alhamdulilah urang tiasa kempel sareng patepang raray dina urutan mieling dinten kamerdikaan Indonesia.

Urang peryogi ka uninga, yen di zaman baheula teh seueur pisan pangorbanan para pejuang dina ngabelaan kamerdikaan nagara Indonesia.


Ditilik tina wacana di luhur nepi ka kekecapan pangahirna masih mangrupa jenis biantara ...

a)

rekreatif

b)

persuasif

c)

informatif

d)

propaganda

e)

situasional

19.

Dina biantara nu jadi juru bicara sok disebut ...

a)

panyatur

b)

panumbu catur

c)

orator

d)

pangwawar

e)

panata acara

20.

Dina teknik maca biantara nya eta pasemon kudu luyu jeung eusi biantara.


hartina pasemon teh mangrupa...

a)

intonasi

b)

artikulasi

c)

ekspresi

d)

gesture

e)

kostum

21.

Ciri teknik biantara ku cara nyiapkeun naskah ukur point-point wungkul jeung sifatna dadakan disebut teknik ....

a)

Impromptu

b)

Ngapalkeun

c)

Naskah

d)

Ekstemporer

22.

Basa nu digunakeun dina biantara ngagunakeun basa Sunda...

a)

Kasar

b)

Kasar-lemes

c)

Loma-lemes

d)

Lemes

23.

"Sim kuring ngadeg di ieu papanggungan kanggo ngadugikeun biantara dina raraga miéling poé kamerdékaan RI ka-73..."

Sempalan biantara di luhur kaasup kana bagian ....

a)

Mukadimah

b)

Ngahaturkeun nuhun

c)

Ngadadarkeun (menjelaskan) tujuan

d)

Sanduk-sanduk

24.

Basa hormat atawa basa lemes digunakeun keur ...

a)

Ka babaturan anu geus akrab

b)

Sakahayang

c)

Jelema anu leuwih kolot, saperti orang tua, guru, sesepuh, pejabat,

d)

Hewan atawa sasatoan, atawa bisa wae dipake ku jelema anu keur ngambek (marah)

25.

Para hadirin anu ku simabdi dipikahormat, dina kasempatan ieu simabdi bade ngadugikeun hiji pidato atawa biantara nu judulna “pentingna ngalestarikeun budaya bahasa sunda dikalangan remaja atawa budak ngora di Jawa Barat”. Eta conto kalimah disebut ...

a)

sanduk-sanduk

b)

Du'a

c)

Nepikeun jejer

d)

Catur nuhun

26.

Cunduk waktu anu rahayu, ninggang mangsa anu sampurna, nitih wanci anu mustari. Ieu mamanis basa payus upama dilarapkeun dina ... biantara.

a)

Bubuka

b)

Eusi

c)

Panutup

d)

Kacindekan

27.

1) ngucapkeun salam bubuka

2) nepikeun jejer

3) nepikeun kacindekan

4) sanduk-sanduk

5) catur hormat

6) salam panutup

Sawatara hal anu sok ditepikeun dina bubuka biantara nyaeta ...

a)

1-2-3

b)

2-5-6

c)

1-2-5

d)

2-4-5

28.

Sajeroning biantara téh urang kudu nyarita kalawan lancar, henteu gugup, jelas, sarta henteu loba ngarandeg, disebut ogé ...

a)

Ngandung wirahma

b)

Alus basana

c)

Munel eusina

d)

Tatag nyaritana

29.

1) sanduk-sanduk

2) ngucapkeun salam bubuka

3) nepikeun kacindekan

4) catur hormat

5) nepikeun jejer

6) salam panutup

Sawatara hal anu sok ditepikeun dina panutup biantara nyaeta ...

a)

1-3-5

b)

3-5-6

c)

1-3-6

d)

3-4-6

30.

Nu teu kaasup tujuan biantara nyaeta ...

a)

Informatif

b)

Persuasif

c)

Instruktif

d)

Intensif

31.

Teknik biantara anu carana nyiapkeun gurat badag picaritaeun disebut teknik ...

a)

Manuskrip

b)

Memoriter

c)

Ekstemporan

d)

Impromtu

32.

1) nangtukeun tujuan

2) nyieun rangkay karangan

3) latihan

4) nepikeun jejer

5) sayaga mental

Leuwih hade tatahar biantara teh sistematis saperti ...

a)

5-1-2-4-3

b)

5-2-1-4-3

c)

5-1-4-2-3

d)

5-4-1-2-3