Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Penilaian Harian Basa Sunda

Total questions: 20

Worksheet time: 3hrs 36mins

Name
Class
Date
1.

Karangan dina wangun lancaran (prosa) anu ukuranana pondok disebutna ....

a)

dongeng

b)

sketsa

c)

carpon

d)

carita wayang

2.

Ieu di handap anu henteu kaasup kana unsur-unsur carpon, nyaéta . . . .

a)

wirahma

b)

palaku

c)

latar

d)

galur

3.

Kecap nu teu ngandung rarangken tengah, nyaéta . . . .

a)

kumaki

b)

barudak

c)

laleueur

d)

gumading

4.

Kecap nu teu ngandung rarangkén tengah -ar-, nyaéta . . . .

a)

baralik

b)

jaragjag

c)

karadak

d)

arindit

5.

Di handap ieu nu teu ngandung kecap pananya, nyaéta . . . .

a)

Saha nu ngarang carpon kanyaah kolot ?

b)

Bu Lilis nuju ngawulang matematika.

c)

Ari Wandi sakola henteu ?

d)

Di mana Wandi téh bumina ?

6.

Dawegan téh keur meujeuhna (lého)

a)

léhoan

b)

léléhoan

c)

ngalhéo

d)

lumého

7.

"Rudi  téh sakolana geus kelas VI."

kalimah pananya anu cocog keur eta jawaban, nyaéta . . . .

a)

Saha nu geus sakola kelas VI téh ?

b)

Di mana Rudi téh sakolana?

c)

Sok kana naon Rudi  téh indit sakolana?

d)

Kelas sabaraha Rudi téh  sakolana?

8.

Kalimah di handap ieu anu salah nuliskeun tanda bacana, nyaéta . . . .

a)

Hayu ah urang ucing sumput

b)

Iraha Kang Ajat sumpingna?

c)

Barudak kelas VI keur diajar basa Sunda.

d)

Doni, pangnyandakkeun buku di perpustakaan!

9.

Dihandap ieu anu salah nulis huruf kapital, nyaeta . . . .

a)

Dudi sakelas jeung Rudi.

b)

Di mana bumina Pa Dani teh ?

c)

Bapa nembe mulih ti jakarta

d)

Bu Lilis nuju ngawulang basa Sunda.

10.

Di handap ieu kalimah pananya anu eusina nanyakeun kaayaan, nyaéta . . . .

a)

Ku naon Pa Guru teu sumping ?

b)

Naha Budi teu sakola, nya?

c)

Kumaha damang, Pa?

d)

Sabaraha pangaosna, Pa?

11.

Kalimah pananya "Iraha Bapa sumping ti Surabaya?" dipaké pikeun nanyakeun . . . .

a)

tempat

b)

waktu

c)

jumlah

d)

jalma

12.

Di handap ieu kaasup kana kalimah paréntah, nyaéta . . . .

a)

Punteun, pangnyandakkeun buku!

b)

Aduh, patlot abdi kakantun di rorompok.

c)

Aduh, dinteun kamari abdi geubis tina sapedah.

d)

Nuhun pisan tos dipasihan nambut, nya.

13.

Jieun kalimah maké kecap aramis!

4 lines
14.

Jieun kalimah maké kecap parinter!

4 lines
15.

Jieun kalimah maké kecap arateul!

4 lines
16.

Jieun kalimah pananya maké kecap pananya naon sababna!

4 lines
17.

Jieun kalimah pananya maké kecap sabaraha!

4 lines
18.

Jieun kalimah pananya maké kecap di mana!

4 lines
19.

Benerkeun huruf kapital jeung tanda bacana!

Pasisiang wati wangsul ti sakola

4 lines
20.

Benerkeun huruf kapital jeung tanda bacana!

saha waé nu ngiring ka bumi bu yayah téh

4 lines