NEW
Font size
WorksheetsPTS 1 Sunda (Biantara+PC)
Total questions: 35
Worksheet time: 18mins
Nyarita di hareupeun balaréa kalawan eusina luyu jeung kapentingan acara, nu ngahadiran, jeung kalungguhanana, disebut ....
warta
béwara
biantara
berita
wacana
Biantara dina raraga riungan lembur kaasup kana biantara wangun...
Langsung
Resmi
Teu resmi
Ekstemporan
Hiburan
Biantara dina raraga upacara Miéling poé kamerdékaan kaasup kana biantara wangun ....
Langsung
Resmi
Teu resmi
Ekstemporan
Dadakan
Nepikeun biantara kalawan mawa catetan hal-hal nu penting nu rék ditepikeun. biasana sok dijieun catetan mangrupa gurat badag, disebut metodeu...
Nalar
Maca Naskah
Ekstémporan
Langsung (impromtu)
dadakan
Biantara tanpa nyiapkeun téks, biasana dilakukeun ku jalma nu geus parigel atawa ahli dina nepikeun biantara nyaéta metodeu...
Nalar
Maca naskah
Ekstémporan
Langsung (impromtu)
manuskrip
"Langkung tipayun, puji sinareng sukur kasanggakeun ka Gusti nu Maha Suci. Ku rahmat sareng hidayah-Na, urang sadaya tiasa ngaluuhan ieu acara."
Sempalan téks di luhur kaasup kana bagian...
Salam Pamuka
Mukadimah
Salam panghormat
Eusi
sasadu
"Sim kuring ngadeg di ieu papanggungan kanggo ngadugikeun biantara dina raraga miéling poé kamerdékaan RI ka-73..."
Sempalan biantara di luhur kaasup kana bagian ....
Mukadimah
Ngahaturkeun nuhun
Ngadadarkeun tujuan
Sanduk-sanduk
salam panutup
"Bapa Camat anu ku sim kuring dipihormat..."
kalimah di luhur kaasup kana biantara bagian ....
salam panghormat
salam pamuka
salam panutup
mukadimah
eusi inti
"Sampurasun, hurip Sunda!"
kalimah di luhur kaasup kana biantara bagian ....
dunga
nyindekkeun
sanduk-sanduk
salam pamuka
mukadimah
Métodeu nalar disebut ogé métodeu ....
ngapalkeun
maca naskah
langsung
poin inti
manuskrip
1) ngucapkeun salam
2) nepikeun kacindekan tina masalah nu dipedar
3) ngucapkeun sukur ka allah
4) medar tema nu rek ditepikeun
5) ngahaturkeun nuhun ka nu sarumping
sawatara hal nu sok ditepikeun dina bubuka biantara nyaeta…...
1-2-3
2-3-4
1-3-5
3-4-5
1-2-5
1) ngadadak (Impromtu)
2) maca naskah ( manuskrip )
3) ngapalkeun teks ( memory teks )
4) nyatet nu penting - pentingna wungkul (extemporan )
nu kaasup kana Teknik biantara, nyaeta…...
1
2
3
4
kabehanna bener
Jalma nu ahli biantara disebut …..
orator
hotib
operator
proklamator
koruptor
Bedana biantara jeung khutbah nyaeta....
tehnikna
padikana
strukturna
temana
jenisna
dina biantara aya nu disebut biantara resmi jeung biantara teu resmi, ieu dihandap mana nu kaasup kana biantara teu resmi...
biantara ngaresmikeun sakola anyar
biantara dina rapat DPR
biantara sukuran boga imah anyar
biantara kapala sakola jeung kolot siswa
biantara dina upacara
dina nyusun teks biantara eusina kudu mundel,naon hartina kecap mundel teh...
loba mangfaat jeung loba pulungeunana
luyu jeung aturan nyieun teks biantara
strukturna kudu bener
merhatikeun kaedah-kaedah biantara
dumasar kana struktur biantara
Perhatikeun 7 unsur biantara di handap ieu!
1) Pangabagéa Randegan
2) Salam bubuka
3) Bubuka Biantara
4) Panutup Biantara
5) Pangabagéa
6) Eusi Biantara
7) Salam Panutup
Urutan anu merenah tatkala rék migawé biantara nya éta…
3-2-5-1-6-4-7
2-5-3-1-6-4-7
2-3-5-1-6-4-7
3-5-2-1-6-4-7
2-5-3-1-6-7-4
Sawala nyaeta ....
kagiatan ngebrehkeun pamadegan ngeunaan perkara sangkan bisa diteang jalan kaluarna
kagiatan menta pamadegan ngeunaan perkara sangkan bisa diteang jalan kaluarna
kagiatan ngebrehkeun perkara sangkan bisa diteang jalan kaluarna
kagiatan ngomong dina perkara sangkan bisa diteang jalan kaluarna
Kagiatan ngariung pikeun ngaleungitkeun kasono
Ieu di handap galur nu bener dina sawala ....
kacindekan, tanya jawab, pedaran ti pangjejer, bubuka
kacindekan, tanya jawab, pedaran ti pamilon, bubuka
bubuka, pedaran, kacindekan, panutup
bubuka, pedaran ti pangjejer, tanya jawab, kacindekan
bubuka, tanya jawab, kacindekan, pedaran
Capetang ngagunakeun basa Sunda dina sawala, capetang hartina ....
Aktif
Make basa Sunda
Cerewet
Pinter
Geulis
Pilih anu lain pancen utama panumbu catur .....
Boga kaweruh ngeunaan perkara nu dipedar
Ngatur waktu
Nyarita diborong ku sorangan
Mibanda sikep sopan
Sikep netral teu mihak
Panumbu catur dina debat teh jalma nu boga wewenang pikeun ....
Ngatur lumangsungna debat ti miniti nepi beres
Milih kelompok nu alus
Menteun kelompok dina debat
Nulis kacindekan tina hiji kelompok
Make pakean anu hade
Saupamana aya jalma nu jadi influencer tampil dina diskusi, eta diskusi teh disebut ....
Sawala
Lokakarya
Workshop
Presentasi
sarasehan
Anu dimaksud panumbu catur nyaéta?
Jalma nu nyatet sakur kajadian salila kagiatan.
Jalma nu nyiapkeun alat panuduh waktu.
Jalma nu mandu acara sangkan acara téh lancar jeung suksés.
Jalma nu nyepeng kadali (ngatur jeung ngokolakeun) dina hiji jirangan (sési) kagiatan.
Jalma nu ngaping tahapan-tahapan dina hiji acara.
Naon anu dimaksud debat?
Kagiatan sawala pikeun ngaréngsékeun pasualan.
Kagiatan ngadu pamadegan (arguméntasi) antara dua pihak.
Sawala kelompok nu lumangsung pikeun medar topik.
Sawala pikeun silih tukeur sawangan ngeunaan hiji pasualan.
Sawala paraahli (pakar) pikeun medar pasualan.
Gambar di luhur minangka sawala pikeun silih tukeur sawangan ngeunaan hiji pasualan anu keur disanghareupan ku saréréa, disebutna?
Lokakarya
Simposium
Video Konférénsi
Workhsop
Sanggar Gawé
Saméméh urang ngalaksanakeun pancén jadi panumbu catur, sangkan acarana lancar sarta teu méngpar atawa kaluar tina topik bahasan, urang kudu . . . .
Nyiapkeun slide dina power point.
Nolak sakumna pananya ti audiéns.
Maca heula saméméhna.
Nyiapkeun catetan.
Ngawasa pasualan anu luyu jeung jejer/téma acara.
Ieu di handap jalma anu pernah mingpin diskusi publik anu disiarkeun dina televisi (talkshow), iwal ti . . . .
Ieu di handap minangka léngkah-léngkah nu perlu dipilampah ku panumbu catur, iwal ti . . . .
Mikanyaho runtuyan acara kaasup lilana waktu (durasi) anu disadiakeun pikeun unggal narasumber.
Mikanyaho kalungguhan pangjejer atawa narasumber.
Mikanyaho kaayaan jeung kasang tukang pamiarsa (audiéns).
Ngébréhkeun pamadegan ngeunaan perkara atawa masalah.
Ngawasa pasualan luyu jeung jejer/téma acara.
Ieu di handap minangka tatakrama dina sawala, iwal ti . . . .
Nyarita ulah diborong ku sorangan.
Omongan kudu matak jaheut ka batur.
Ulah ngomong nyorongot bari popolotot.
Ulah megat atawa motong omongan batur.
Kudu sopan dina nepikeun perkara saupama teu satuju atawa teu sugema.
Dina lumangsungna acara diskusi, panumbu catur kudu miboga sikep?
Objéktif jeung mihak
Nétral jeung objéktif
Formal jeung nétral
Formal jeung objéktif
Normal jeung objéktif
"Sesuai rarancang awal, poé ieu urang diskusikeun ngeunaan materi naon waé nu bakal dipasanggirikeun dina kagiatan PORSAK semester ayeuna."
Basa Sunda anu merenah pikeun kecap sesuai jeung diskusikeun nyaéta...
luyu, sawalakeun
sesuai, sawalakeun
sesuai, haturkeun
luyu, diskusikeun
luyu, haturkeun
"Cik kumaha Tang, Man, Mir, sapuk henteu mun matéri seni mah pasanggiri ngadongéng?"
"Sapuk, lah!"
Maksud tina kecap sapuk diluhur nyaéta...
kelompok sapanuju kana hal nu disawalakeun
kelompok teu sapanuju kana hal nu disawalakeun
kelompok pro jeung kontra silih nyawad
kelompok kontra keur nyawad kelompok pro
kelompok pro keur mairan ka kelompok kontra
"Abdi sapuk, tapi bade nambihan pamadegan kelompok tilu."
Basa Sunda anu merenah pikeun kecap nambihan nyaéta...
kamandang
mairan
sapuk
nyawad
némpas
"Nyuhunkeun perhatosanana kanggo kelompok kontra supados henteu nembal heula pamadegan kelompok pro."
Basa Sunda anu merenah pikeun kecap nembal nyaéta...
kamandang
mairan
sapuk
nyawad
némpas
