wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Panumbu Catur

Total questions: 30

Worksheet time: 21mins

Name
Class
Date
1.

Istilah sejen tina panumbu catur teh nyaeta ....

a)

Panata acara

b)

Narasumber

c)

Moderator

d)

Pamilon

2.

Tugas utama panumbu catur dina diskusi teh minangka ....

a)

Panglengkep

b)

Panengah

c)

Pamilon

d)

Pananya

3.

Dina kagiatan naon panumbu catur ngalaksanakeun tugasna?

a)

Kasenian

b)

Diskusi

c)

Pemilu

d)

Olahraga

4.

Salasahiji tugas panumbu catur samemeh lumangsungna diskusi nyaeta ....

a)

ngawasa masalah anu luyu jeung tema diskusi

b)

teu kudu ngawasa masalah anu luyu jeung tema diskusi

c)

henteu jadi panengah upama aya konflik

d)

teu kudu ngatur lumangsungna diskusi

5.

Panumbu catur téh kudu nyaho kana waktu nu disadiakeun pikeun diskusi, sangkan...

a)

Diskusi lila waktuna

b)

Diskusi rea konflikna

c)

Diskusi rea nu nanya

d)

Diskusi beres dina waktuna

6.

Alhamdulillah, ieu kagiatan diskusi téh tos réngsé. Muga-muga mangpaat sareng

jadi panyumanget kanggo urang dina ngajaga lingkungan. Hapunten tina sagala

kalepatan. Wassalamualaikum wr.wb.

Kalimah di luhur kaasup kana struktur omongan panumbu catur dina bagian ....

a)

Ngawanohkeun narasumber

b)

Mereka kasempetan nanya

c)

Pedaran singget diskusi

d)

Panutup

7.

Assalam’ualaikum wr. wb. Sampurasun! Ti payun urang sanggakeun puji sareng

sukur ka Gusti Nu Maha Suci anu tos masihan kaséhatan ka urang sadaya. Hatur

nuhun ka sadérék panata acara anu tos masihan kasempetan ka sim kuring

kanggo janten panumbu catur dina ieu kagiatan.

Kalimah di luhur kaasup kana struktur omongn panumbu catur dina bagian ....

a)

Bubuka

b)

Mereka kasempetan nanya ka pamilon

c)

Pedaran singget diskusi

d)

Panutup

8.

Tugas panata acara mah béda jeung panumbu catur, sabab panata acara mah ....

a)

Ngatur lumangsungna diskusi

b)

Jadi panengah dina diskusi

c)

Mereka pedaran singget kagiatan diskusi

d)

Mingpin sakabeh runtuyan acara

9.

Dina ieu kasempetan narasumber, Bapa Udin Supidin, ahli dina widang

kaséhatan lingkungan, badé ngabahas matéri ngeunaan ‘Ngajaga Kaberesihan

jeung Kaséhatan Lingkungan’.

Kalimah di luhur kaasup kana struktur omongan panumbu catur dina bagian ....

a)

Ngawanohkeun narasumber

b)

Mereka kasempetan nanya

c)

Pedaran singget kagiatan diskusi

d)

Panutup

10.

Tah, ayeuna ka pamilon ieu diskusi bisi aya anu can paham atawa panasaran

kumaha ngajaga kaberesihan lingkungaan, mangga dipasihan waktu kanggo

ngadugikeun pertanyaan ka narasumber.

Kalimah di luhur kaasup kana struktur omongan panumbu catur dina bagian ....

a)

Ngawanohkeun narasumber

b)

Pedaran singget kagiatan diskusi

c)

Mere kasempetan nanya

d)

Bubuka

11.

Naon ari hartina"Pamilon"...?

a)

Jalma

b)

Penonton

c)

Peserta

d)

Pembawa acara

12.

Naon ari hartina "kalungguhan"

a)

Biodata

b)

Latar belakang

c)

Pagawean

d)

Keahlian

13.

Pilih jawaban bener leuwih tihiji!

Mana anu kaasup tugas panumbu catur samemeh lumangsungna diskusi?

a)

Datang leuwih tiheula tibatan pamilon

b)

Mikanyaho kaayaan pamilon

c)

Mikanyaho runtuyan acara

d)

Ngawanohkeun diri ka narasumber

14.

Pilih jawaban bener leuwih tihiji!

Mana anu kaasup tugas panumbu catur dina lumangsungna diskusi?

a)

Mariksa sagalarupa hal nu ngadukung lumangsungna kagiatan diskusi

b)

Ngatur diskusi, ngatur nu nanya, jeung jadi panengah

c)

Nyiapkeun buku catetan jeung alat panuduh waktu

d)

Nyiapkeun papakean anu sopan

15.

Panumbu catur kudu miboga sifat?

a)

Arogan

b)

Mihak narasumber

c)

Netral

d)

Jujur

16.

Pilih jawaban bener leuwih tihiji!

Panumbu catur biasana aya dina kagiatan naon?...

a)

Rajaban

b)

Diskusi

c)

Hajatan

d)

Sawala atawa rapat

17.

Dihandap ieu tugas panumbu catur nyaeta ngatur lumangsungna diskusi,iwal..

a)

Ngatur diskusi sangkan diskusi tartib

b)

Ngatur diskusi sangkan diskusi aktif

c)

Ngatur diskusi sangkan bisa beres dina waktuna

d)

Ngatur diskusi sangkan jadi konflik

18.

Upama aya konflik dina diskusi kumaha sikep panumbu catur nu kudu dilakonan?

a)

Mihak anu bener

b)

Ngatur diskusi sangkan beuki rame

c)

Jadi panengah

d)

Nutup kagiatan diskusi

19.

Panumbu catur nyaeta moderator anu mingpin sakabeh runtuyan acara.

a)

Bener

b)

Salah

20.

Panata acara atawa master of ceremony nyaeta anu ngatur hihi kagian diskusi atawa sawala.

a)

Bener

b)

Salah

21.

Pilih jawaban bener leuwih tihiji!

Naon anu disebut panumbu catur téh?

a)

Moderator

b)

Nu ngatur lumangsung kagiatan diskusi atawa rapat.

c)

Operator

d)

Nu ngatur sakabeh runtuyan acara

22.

Sebutkeun tugas utama panumbu catur!

a)

Minangka panengah atawa wasit dina kagiatan diskusi.

b)

Nu ngatur sakabeh runtuyan acara

c)

Ngatur anu nanya

d)

Ngatur pamilon

23.

Pilih jawaban bener leuwih tihiji!

Naon waé tugas panumbu catur saméméh lumangsungna diskusi?

a)

mikanyaho kaayaan pamilon;

b)

Datang leuwih tiheula tibatan pamilon

c)

mikanyaho biodata jeung pagawéan narasumber;

d)

nyiapkeun buku catetan pikeun nyatet poko-poko penting dina diskusi;

e)

nyiapkeun pakéan anu sopan

24.

Pilih jawaban bener leuwih tihiji!

Naon waé tugas panumbu catur dina lumangsungna diskusi?

a)
datang leuwih awal ti batan pamilon;
b)
ngawanohkeun diri ka narasumber saméméh dimimitian
c)
maca heula biodata unggal narasumber kalawan bener
d)

Ngawasa masalah

e)
ngatur jalanna diskusi, ngatur nu nanya, jeung bis
25.

Pilih jawaban bener leuwih tihiji! Aya dua jawaban anu salah!

Tuliskeun struktur omongan panumbu catur dina lumangsungna diskusi!

a)

Bubuka

b)

ngawilujengkeun ka pamilon jeung pedaran singget kagiatan diskusi

c)

Ngatur anu nanya

d)

Ngatur narasumber

e)

méré kasempetan nanya ka pamilon, jeung panutup.

26.

Pilih jawaban bener leuwih tihiji! Aya hiji jawaban anu salah!

Kumaha struktur omongan panumbu catur bagian bubuka dina nalika muka kagiatan diskusi?

a)

Assalamualaikum.

b)

Waktos sinareng tempat mangga disanggakeun

c)

Wilujeng enjing sadayana

d)

hatur nuhun ka para pamilon anu parantos sumping diieu kagiatan

27.

Pilih jawaban bener leuwih tihiji! Aya dua jawaban anu salah!

Kumaha struktur omongan panumbu catur dina nalika ngawanohkeun narasumber jeung medar topik diskusi?

a)

Parantos calik sareng urang sarerea kersana Bapa Udin

b)

Anu ku simkuring dipika hormat Ibu kapala sakola, Ibu Bapa dewan guru...

c)

Dina danget ieu baris mingpin sawala anu jejerna Pentingnya Kasehatan

d)

Hatur nuhun kana perhatosanna

28.

Pilih jawaban bener leuwih tihiji!

Kumaha struktur omongan panumbu catur dina nalika mere waktu ka narasumber pikeun medar materi?

a)
Waktos sinareng tempat mangga disanggakeun ka Bapa kanggo medar materi
b)

Materi tiasa dipedar kalayan waktos 30 menit

c)

Salajengna mangga bilih aya patarosan

d)

Ka para pamilon tiasa ngajengkeun patarosan kalayan tilu patarosan

29.

Pilih jawaban bener leuwih tihiji! Aya hiji jawaban anu salah!

Kumaha struktur omongan panumbu catur dina nalika mere kasempetan nanya ka pamilon?

a)
Mangga ka para pamilon bilih aya anu bade ditaroskeun?
b)

Pamilon tiasa ngajengkeun patarosan kalayan diwates ku tilu patarosan. Mangga

c)

Unggal anggota kelompok mangga tiasa ngajengkeun patarosan

d)

Hapunten pamilon supados tiasa tartib tur hidmat dina ieu kagiatan!

30.

Pilih jawaban bener leuwih tihiji! Aya hiji jawaban anu salah!

Sebutkeun naon wae struktur omongan panumbu catur dina bagean panutup!

a)

Sanduk-sanduk menta hampura,

b)

Mukhodimah

c)

Doa

d)

nyindekkeun hasil diskusi, doa, salam panutup

e)

Salam panutup