wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PAS Bahasa Sunda Kelas 9

Total questions: 25

Worksheet time: 22mins

Name
Class
Date
1.

Naon anu disebut biantara téh?

a)

nyarita di hareupeun balaréa pikeun nepikeun hiji hal dina hiji acara

b)

nyarita di hareupeun balaréa pikeun nepikeun ajaran agama

c)

nyarita di hareupeun balaréa salaku bagian tina acara

d)

nyarita di hareupeun balaréa dina hajatan

2.

Tema biantara nu luyu pikeun ditepikeun dina acara paturay tineung nya eta :

a)

miara kabersihan lingkungan

b)

ngalaksanakeun bakti sosial

c)

milih pergaulan nu sehat

d)

papisah lain hartina megatkeun silaturahmi

3.

...

Hadirin anu ku sim kuring dipihormat, langkung tipayun sumangga urang sami-sami nyanggakeun puji sinareng sukur ka Allah nu maha gofur, rehna dina dinten ieu urang tiasa ruing mungpulung dina ieu acara kalawan aya dina kasehatan….

Ungkara kalimah di luhur mangrupa conto :

a)

bubuka biantara

b)

panutup biantara

c)

eusi bianta

d)

mamanis biantara

4.

……...

Pamungkas sakitu anu kapihatur, sewu nuhun kana perhatosanna oge mugi-mugi wae naon rupi anu didugikeun ku sim kuring aya mangfaaatna kanggo urang sadayana, Bobo sapanon carang sapakan hapunteun nu kasuhun….


ungkaran kalimah di luhur nya eta mangrupa conto….

a)

bubuka biantara

b)

panutup biantara

c)

eusi biantara

d)

mamanis biantara

5.

1) ngadadak (Impromtu)

2) maca naskah ( manuskrip )

3) ngapalkeun teks ( memory teks )

4) nyatet nu penting - pentingna wungkul (extemporan )


nu kaasup kana Teknik biantara, nyaeta…...

a)

1

b)

2

c)

3

d)

kabehanna bener

6.

Eta gambar disebut suhunan imah ... .

a)

capit gunting

b)

parahu kumureb

c)

badak heuay

d)

tagog anjing

7.

Bentuk wangunan parahu kumureb teh nyaeta ....

a)
b)
c)
d)
8.

Kampung Pulo

Kampung Pulo nyaeta ngaran hiji kampung atawa tempat nu aya di desa Cangkuang, kecamatan Leles kabupaten Garut. Disebut kampung Pulo ku sabab eta kampung teh deukeut ka situ, nepi ka ayeuna nelah Situ Cangkuang. Malah di tempat eta oge aya candi, nyaeta Candi Cangkuang.

Masarakat kampung Pulo teh ngagem agama Islam. Tokoh nu mimiti nyebarkeun agama Islam nyaeta Arif Muhammad. Asalna mah utusan ti Mataram anu meunang pancen ti Subhan Ageung pikeun nyerang VOC di Batavia dina abad ke-17. Ku sabab gagal, waktu mulangna deui kalah betah di eta kampung.


soal!

Kampung Pulo ayana di daerah ….

a)

Bandung

b)

Tasikmalaya

c)

Garut

d)

Subang

9.

Kampung Gedé Kasepuhan Ciptagelar

Perenahna di Kabupatén Sukabumi. Persisna mah di Kampung Sukamuya Désa Simaresmi Kecamatan Cisolok di sisi laut Palabuan Ratu. Ti saprak kantor Pemda Kabupaten Sukabumi pindah ka Palabuan Ratu, rada leuheung ka kota téh teu jauh teuing jiga baheula basa kantor Pemda di Cisaat kénéh.

Najan deukeut ka kota sarta geus réa kagiridig ku jalma nu ngadon ulin, masarakat Kampung Gedé Ciptagelar mah pageuh kénéh nyekel tali paranti adat warisan para karuhun. Boh wangunan imah boh hirup kumbuh sapopoéna, masih mageuhan urang Sunda pituin anu can kacampuran ku pangaruh modérn, salah sahijina dina potongan imah.


Tatacara kahirupan nu masih kénéh pageuh dicekel ku masarakat Kampung Gedé Ciptagelar asalna tina kabiasaan …

a)

modern

b)

para karuhun

c)

kolonial

d)

animisme

10.

Judul novel Sunda nu mimiti nya éta ...

a)

Baruang ka nu Ngarora

b)

Nyi Halimah

c)

Patepung di Bandung

d)

Paturay Tineung

11.

Novel mangrupa bagéan tina jinis karya sastra ...

a)

Prosa

b)

Puisi

c)

Drama

d)

Anyar

12.

Nu kaasup novel barudak nya éta

a)
b)
c)
d)
13.

Ungkara basa anu kejecapanna geus matok miboga harti injeuman disebut...

a)

A. Pakeman basa

b)

B. Bahasan

c)

C. Sisindiran

d)

D. Guguritan

14.

Babandingan anu ngagambarkeun kaayaan, kalakuan, jeing pasipatan jelema disebut...

a)

A. Babasan

b)

B. Rakitan lantip

c)

C. Paribasa

d)

D. Cacandran

15.

Anu ngatur acara dina kagiatan disebut.......

a)

Panata acara

b)

acara

c)

panata

d)

pamilon

16.

Bapak kapala sekolah nu di pihormat, ku sim kuring, ibu miwah bapak guru anu dihormat, langkung tipayun mangga urang sami-sami muji syukur ka Gusti Nu maha Agung.......

Ungkaran diluhur teh ka asup.......

a)

Bubuka

b)

panutup

c)

Eusi

d)

panghaturan

17.

Wangun tempat pamatuhan manusia nyaeta....

a)

Kandang

b)

Imah

c)

Kolong

d)

pasar

18.

Dihandap aya istilah adat orang sunda kabiasaan, iwal ti....

a)

Nyundatan

b)

Nyawer

c)

Nyekar

d)

nyalon

19.

Langit angkeub, mega mani hideung, …… rek hujan gede.

a)

percaya

b)

pertela

c)

pertanda

d)

perbawa

20.

Nuliskeun titimangsa surat anu bener teh….

a)

Bandung, 20 Januari 18

b)

Bandung 11 Januari 18

c)

Bandung, 16 Juli 2018

d)

Bandung: 21 Juni 2018

21.

Tuliskeun 3 (tilu) bagian panutup dina biantara!

4 lines
22.

Tuliskeun 4 (opat) patokan dina tembang atawa pupuh? Jelaskeun!

4 lines
23.

Naon ari anu disebut sinopsis novel?

4 lines
24.

Tuliskeun 2 (dua) hal nu ngabédakeun surat resmi jeung surat pribadi !

4 lines
25.

Terjemahkeun kana basa sunda!


"Simping adalah makanan khas dari Kabupaten Purwakarta"

4 lines