wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

9 PTS Ganjil - Basa Sunda

Total questions: 15

Worksheet time: 38mins

Name
Class
Date
1.

Biantara téh nya éta nyarita di hareupeun balaréa dina situasi nu resmi. Biantara pikeun mapag dina hiji acara disebut biantara pamapag, atawa biasana disebut ….

a)

hutbah

b)

ceramah

c)

sambutan

d)

pengumuman

2.

Ilo cutatan biantara di handap!

Sim kuring, kalayan asmana réngréngan pangurus OSIS, seja ngahaturkeun nuhun ka réngréngan panata calagara anu parantos tihothat, ti ngawitan ngararancang kagiatan dugi ka derna ngalaksanakeun acara dina dinten ieu. Kitu deui ka Bapa Kapala Sakola, Bapa Pangaping OSIS, ogé Bapa sareng Ibu Guru sanésna, sim kuring ngahaturkeun nuhun kana sagala rupi panuyun sareng pangaping enggoning ngalaksanakeun ieu kagiatan.


Tina cutatan biantara pamapag di luhur katitén yén nu biantara téh nya éta ….

a)

kapala saklola

b)

siswa salaku pengurus OSIS

c)

guru salaku pangaping OSIS

d)

siswa salaku panata calagara

3.

Nu dimaksud panata calagara téh nya éta ….

a)

pembawa acara / MC

b)

patandang pasanggiri

c)

nu ngahadiran acara

d)

panitia penyelenggara

4.

Upama ditilik tina eusi jeung adeganana, biantara téh diwangun ku bubuka, eusi jeung panutup. Anu ditatan ieu di handap mangrupa hal anu biasa ditepikeun dina bagian bubuka biantara, iwal ….

a)

salam bubuka

b)

ngahaturkeun nuhun ka panata calagara

c)

manjatkeun puji jeung sukur ka Alloh SWT

d)

ngajéntrékeun tujuan jeung kacindekan biantara

5.

ilo cutatan biantara di handap!

Dina ieu waktos urang sadaya ngempel téh nya éta bade miéling dibabarkeunana Ibu Radén Déwi Sartika. Tujuan dilaksanakeun ieu acara teu aya sanés minangka tawis panghormat sareng pangajén ka Ibu Radén Déwi Sartika anu sakitu ageung jasana, utamina dina widang atikan. Ieu acara téh baris direuah-reuah ku paméran sareng rupi-rupi pasanggiri. Tangtosna ogé sadaya siswa tiasa ngiringan ilubiung saluyu sareng karep séwang-séwangan.


Cutatan biantara di luhur téh mangrupa bagian tina ….

a)

bubuka

b)

eusi

c)

panutup

d)

kacindekan

6.

ilo cutatan biantara di handap!

Dina ieu waktos urang sadaya ngempel téh nya éta bade miéling dibabarkeunana Ibu Radén Déwi Sartika. Tujuan dilaksanakeun ieu acara teu aya sanés minangka tawis panghormat sareng pangajén ka Ibu Radén Déwi Sartika anu sakitu ageung jasana, utamina dina widang atikan. Ieu acara téh baris direuah-reuah ku paméran sareng rupi-rupi pasanggiri. Tangtosna ogé sadaya siswa tiasa ngiringan ilubiung saluyu sareng karep séwang-séwangan.


Naon tujuan diayakeun eta acara?

a)

kanggo miéling dibabarkeunana Ibu Radén Déwi Sartika

b)

kanggo ngalaksanakeun kempelan silaturahmi warga sakola

c)

kanggo ningkatkeun préstasi siswa ngaliwatan pasanggiri sareng paméran

d)

kanggo tawis panghormat sareng pangajén kana jasa-jasa Ibu Radén Déwi Sartika

7.

Ilo cutatan biantara di handap!

Sakitu anu kapihatur. Boh bilih langkung saur bahé carék, bobo sapanon carang sapakan, hapunten anu kasuhun.


Ungkara di luhur biasana dipaké dina bagian ….

a)

eusi biantara

b)

bubuka biantara

c)

panutup biantara

d)

salam panutup

8.

Boh bilih langkung saur bahé carék, bobo sapanon carang sapakan.

Ungkara di luhur mangrupa mamanis basa anu maksudna pikeun ….

a)

ménta diperhatikeun kalayan saregep salila biantara

b)

nganuhunkeun ka pamiarsa nu geus ngaregepkeun biantara

c)

ménta dihampura bisi aya ucapan anu teu merenah kadéngéna

d)

nganuhunkeun ka panata calagara nu geus méré waktu pikeun biantara

9.

(1) Nangtukeun jejer/topik biantara.

(2) Nyieun rangkay/kerangka biantara.

(3) Nyusun naskah biantara dumasar kana rangkay nu geus disusun

(4) Ngumpulkeun bahan nu diperlukeun luyu jeung topik.

(5) Ngarapihkeun susunan naskah biantara kalawan bener tur merenah.


Léngkah-léngkah nu bener dina nulis naskah biantaranya éta ….

a)

1, 2, 3, 4, 5

b)

1, 3, 4, 5, 2

c)

1, 4, 2, 3, 5

d)

1, 4, 5, 2, 3

10.

Saméméh nulis biantara alusna mah dijieun heula rangkayna, pangpangna mah bagian eusina. Naon sababna?

a)

sangkan eusi biantara leuwih gampang kaharti

b)

sangkan naskah biantara gampang ngapalkeunana

c)

sangkan biantara nu ditepikeun dipikaresep ku balaréa

d)

sangkan dina ngamekarkeun eusi biantara téh henteu mancawura

11.

Biantara nyaéta (a)  

12.

Biantara di wangun ku tilu bagian struktur naskah biantara, nyaeta (a)  

13.

Jalma anu ahli biantara di sebut...

(a)  

14.

Sebutkeun 3 hal-hal anu kudu di perhatikeun dina Biantara!

(a)  

15.

Sebutkeun 3 Kampung Adat anu aya di wewengkon Kab.Bandung!

(a)