wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Ulhar Materi Tradisi Budaya Sunda

Total questions: 10

Worksheet time: 5mins

Name
Class
Date
1.

Adat kabiasaan atawa tali paranti anu turun tumurun ti karuhun anu masih dilaksanakeun dina hirup kumbuh masarakat, disebut.....

a)

Budaya

b)

Tatakrama

c)

Étika

d)

Tradisi

e)

folklor

2.

Ieu di handap anu henteu kaasup upacara daur hirup, nyaéta.....

a)

Adat Mulasari Bali

b)

Adat Ngariksa Nu Ngajuru

c)

Adat Ngariksa Nu Reuneuh

d)

Adat Nyalin

e)

Adat Nu Nyiram

3.

Ieu di handap anu henteu kaasup kana téhnik nulis karangan pedaran, nyaéta téhnik.....

a)

Ilustrasi

b)

Pérsuasi

c)

Prosés

d)

Définisi

e)

Idéntifikasi

4.

Karangan atawa wacana anu eusina ngajéntrékeun hiji objék, kumaha prosésna, tujuanana, jeung gunana disebut karangan.....

a)

Narasi

b)

Déskripsi

c)

Pérsonifikasi

d)

Pérsuasi

e)

Éksposisi

5.

Tradisi atawa kabiasaan anu biasana dilakukeun saméméh nyanghareupan bulan puasa nu sok dilakukeun ku cara silih méré dahareun disebut.....

a)

Ngariung

b)

Nganteuran

c)

Nyekar

d)

Ngaliwet

e)

Sasalaman

6.

Tradisi/kabiasaan anu sok dilakukeun ku cara ngado'akeun ka para karuhun atawa kulawargana anu tos tilar dunya saméméh nyanghareupan bulan puasa anu biasana ku disebut.....

a)

Nganteuran

b)

Sungkeman

c)

Sasalaman

d)

Nyekar

e)

Nyepi

7.

Tradisi/kabiasaan anu digelar minangka bentuk rasa sukur ka pangeran ku cara ngayakeun salametan alatan hasil panénna alus disebut.....

a)

Hajat bumi

b)

Hajat laut

c)

Hajat leuweung

d)

Hajat nikahan

e)

Hajat sunatan

8.

Tradisi/kabiasaan minangka rasa sukur ka pangeran alatan panénna hadé tur sugema ku cara malidkeun hulu kebo disebut.....

a)

Hajat nikahan

b)

Hajat bumi

c)

Hajat laut

d)

Hajat sunatan

e)

Hajat biasa

9.

Upama dilakukeunna bari junun sagala rupa nu hésé ogé bakal bisa. éta mangrupa harti tina paribasa.....

a)

Kudu bodo aléwoh

b)

Adéan ku kuda beureum

c)

Élmu tungtut dunya siar, sukan-sukan sakadarna

d)

Uyah mah tara téés ka luhur

e)

Cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok

10.

Ari jadi budak sakola téh kudu "bodo aléwoh". Harti tina éta paribasa nyaéta.....

a)

Bodo cicing waé

b)

Bodo tapi pinter

c)

Bodo tapi daék tatanya

d)

Bodo tapi hoki

e)

Bodo tapi bohong