NEW
Font size
WorksheetsBab 3 Novel - ulangan harian 3 SundaI-X_Lilis
Total questions: 20
Worksheet time: 16mins
Basa kuring keur ngaderes “Bumi jeung Manusa” di rohang tamu, teu kanyahoan asupna, nyaho-nyaho Prasasti geus ngajentul diuk hareupeun.
“ẻta tẻh buku ẻnggal?” Tanya manẻhna.
“Muhun!”
“Iraha mẻsẻrna? teu wartos-wartos!”
“Pamasihan.”
latar tina sempalan novẻl Prasasti nu Ngancik dina Ati di luhur nya ẻta….
perpustakaan
toko buku
rohang tamu
hareupeun imah
Unsur intrinsik novẻl ngawengku….
tẻma, rasa, nada, amanat
tẻma, palaku, latar, rasa
tẻma, palaku, latar, galur, amanat
tẻma, palaku, latar, nada
Salah sahiji nu ngabédakeun carpon jeung novél nya éta…
Carpon mah panjang, novél mah pondok
Palaku dina carpon mah digambarkeunna kompléks, dina novél mah basajan
Carpon mah puisi, novél mah prosa
Carpon mah galurna basajan, novél mah galurna loba jeung kompléks
Unsur dina carita nu mangrupa pesen nu hayang ditepikeun ku pangarang ka nu maca sok disebut….
Amanat
Latar tempat
Palaku
Téma
Ieu di handap mangrupa wangenan novel ...
Carita rékaan anu panjang dina wangun basa lancaran
Carita rékaan anu singget dina wangun ugeran
Carita rékaan anu ngandung unsur pamohalan
Carita heubeul panjang anu ngagunakeun patokan pupuh
11. Baca sempalan novel di handap
Basa dititah motokopi téh, ngadadak uing hayang kahampangan. Kasampak deukeut WC aya lalaki ngajanteng duaan, langsung nyampeurkeun ka uing. Nu hiji maké kacamata, nu hiji deui rada pendék. Duanana maké baju kantoran, maké dasi sagala. “Diran, nya! Hayu ngiring heula sakedap!” cék nu saurang.
(Sempalan tina novel Rasiah Kodeu Binér, karangan Dadan Sutisna)
Sudut pandang caritaan diluhur, pangarang maké kecap “uing”. Anu hartina pangarang sorangan jadi palaku utamana dina eta carita, palaku utama nu maké kecap uing téh biasa disebut sudat pandang jalma .....
kahiji
kadua
katilu
kaopat
Baca sempalan novel di handap
Uing diturunkeun tina mobil, dibawa ka lebah warnét. Manéhna ngadagoan di lawang, teu milu asup. Uing bingung kudu kumaha. Da tadi gé nyebut di warnét sotéh téh pan
lantaran geumpeur. Sangeus ngahuleng sakedapan, uing nyampeurkeun
ka awéwé nu keur tunggu warnét.
“Téh, badé ngeprint!” “Mangga. Ngeprint naon, mana file-na?”
“Teu nyandak, badé ngetik heula.” “Di komputer itu atuh badé ngeprint mah.”
“Da moal lami, Téh. Punten wé pangetikkeun wé.” “Seueur?” “Henteu….mung dua angka!”
Uing tuluy nitah ngetik angka 1 jeung 0, susunanana sakainget, nepi ka pinuh sakaca. Henteu lila, da disalin-témpél, jadi ngetik salambar téh henteu samenit-menit acan. Sanggeus diprint, uing ménta amplop. Béh teu kaciri keretas anyar, ku uing keretas téh dirames heula nepi ka risek. geus kitu diamplopan. Duit keur motokopi téa dipaké mayar. bakat ku rusuh, nepi ka poho teu ménta pamulanganana. Uing dibawa deui kana mobil.
“Sok buka heula amplopna!” Amplop dibuka ku nu tadi nganteur ka warnét.
“Ieu lain?” “Enya sigana mah, da ceuk Bu Ening gé suratna téh eusina ukur angka 1 jeung 0”
“Kumaha ieu téh macana? Mani matak jangar nénjona.” “Teuing atuh da urang mah lain ahlina.”
“Hayu atuh bisi kaburu peuting!” “Éta budak turunkeun heula! Geus teu butuh ayeuna mah!”
(Sempalan tina novel Rasiah Kodeu Binér, karangan Dadan Sutisna)
Tujuan penjahat dina éta carita téh nyaéta ….
Nyulik Emod sangkan meunang duit tebusan
Neangan amplop nu eusina kodeu
Rék nulungan jang Wandi
Dititah ku bapana Diran
Matak cape maca novel ieu mah. Alurna henteu bisa gampang katebak. Sugan teh tokoh utamana rek kadi kawin jeung bebenena, nyatana manehna kalah milih karir. Matah hanjelu puguh oge. Tapi, slur carita ieu mangrupakeun kaunggulan ieu novel. Unggal bagian aya wae konflik anu matak tegang jeung pikapanasaraneun nu macana.
Bacaan di luhur ngomentaran unsur...
Alur
Penokohan
Latar
Konflik
Tema
Di juru, aya televisi. Teu jauh ti tempat tidur diperenahkeun sasetel korsi tamu. Telepon di meja sudut, kipas angin, kulkas, lomari pakean, bupet. Di luhureun bupet, aya tape recorder deck. Di tahapan handapna, aya mesin paranti nyetel piringan hitam.
Sempalan carita di luhur bener-bener nyaritakeun unsur...
Tokoh
Latar
Tema
Sudut pandang
Kasang tukang pangarang
Karangan rekaan dina wangun lancaran (prosa fiksi) anu panjang tur alur caritana ngarancabang (kompleks) disebut...
Carpon
Cartibang
Hikayat
Dongeng
Novel
Ieu dihandap anu henteu kaasup kana ciri-ciri novel, nya eta...
Karangan non fiksi
Tokohna loba
Alurna panjang
Latarna laluasa
Eusi caritana nyaritakeun kahirupan sapopoe
Matak pogot maca novel ieu mah. Alurna henteu bisa gampang katebak. Sugan teh tokoh utamana rek ngalanjutkeun sakolana, nyatana manehna kalah milih karir. Matak hanjelu puguh oge. Tapi, alur carita iru mangrupakeun kaunggulan ieu novel. Unggal bagiananna aya wae konflik anu matak tegang jeung pikapanasaraneun nu macana. Bacaan di luhur ngomentaran unsur...
Alur
Penokohan
Latar
Konflik
Tema
Rebutan antara harga diri Prabu Linggabuana jeung ambisi Gajah Mada anu antukna nimbulkeun perang rongkah. Dua kakuatan teu daek serah bongkokan ku cara kitu-kitu wae. Dyah Pitaloka anu masih ngagunakeun pakean panganten milu malakalangan, tandang ka medan perang pikeun mertahankeun negeri jeung harga diri salaku putri Sunda. Sajarah nyatet eta kajadian sabage Perang Bubat (1357). Sempalan resensi novel di luhur, kaasup kana bagian...
Identitas novel
Sinopsis novel
Kaunggulan novel
Kalemahan novel
Mangpaat novel
Tina segi plot, ieu novel dipedar kalawan hade. Katangar yen ieu novel teh digarap kalawan ngagunakeun hasil riset nu cukup lengkep. Hal ieu bisa dibuktikeun tina gambaran Perang Bubat nu jadi klimaks carita. Bagian ieu dekeut pisan jeung teu pikaboseneun.
Sempalan resensi novel di luhur ngomentaran unsur...
Tema
Penokohan
Latar
Amanah
Alur
Keur meujeuhna anteng pisan ari gebeg teh ngadenge nu ngetrokan jandela. Angenna rantug deui, inget ka nu nyalinglar tadi tea. Boa nu tadi nyusul ka masigit, ceuk dina hatena.
Tokoh nu digambarkeun di luhur ngabogaan sipat...
Kapokan
Loba kasieun
Talobeh
Leutik hate
Antepan
Novel mangrupa bagéan tina jinis karya sastra ...
Prosa
Puisi
Drama
Anyar
Nu lain ciri tina novel nya éta
caritana panjang
palaku rada loba
teu aya pangarangna
luyu jeung kahirupan sapopoé
Azab dan Sengsara mangrupa novel munggaran dina sastra Indonesia mangrupa karangan...
Merari Siregar
Yoseph Iskandar
Aam Amilia
Eddy D. Iskandar
Abdullah Mustappa
Novel anu diajangkeun pikeun bacaeun barudak disebut...
Novel Barudak
Novel Rumaja
Novel Dewasa
Novel Cinta
Novel Psikologi
Novel anu eusina nyaritakeun masalah-masalah rumaja disebut...
Novel Barudak
Novel Rumaja
Novel Dewasa
Novel Cinta
Novel Psikologi
