WorksheetsPAS BASA SUNDA GANJIL
Total questions: 30
Worksheet time: 30mins
Informatif, persuasif, arguméntatif jeung rékréatif, mangrupa tujuan tina ....
Dongéng
Paguneman
Artikel
Biantara
Sisindiran
Ieu di handap mangrupa sarat-sarat jadi panumbu catur (MC), iwal ....
Waruga/fisik anu sayaga
Batin/psikis teger tur kuat
Wawanohan jeung nu boga acara atawa panitia
Paham kana étika jeung tatakrama
Adeg-pangadeg nu ngayakinkeun tur bisa dipercaya
Sing getol nginum jajamu
Nu guna nguatkeun urat
Sing getol néangan élmu
Nu guna dunya ahérat
Ungkara di luhur kaasup wangun ....
Sisindiran
Rarakitan
Paparikan
Wawangsalan
Kabéh jawaban bener
Aya meri dina rakit
Boboko wadah bakatul
Lain nyeri ku panyakit
Kabogoh direbut batur.
Wangun paparikan di luhur, ngandung sipat ....
Piwuruk
Sésébréd
Silih asih
Papatah
Sisindiran
Nyarita di hareupeun jalma réa, kalawan miboga tujuan atawa maksud anu tangtu disebut ...
Ngadongéng
Maca sajak
Biantara
Béwara
Diskusi
Tengetan sempalan carpon di handap!
Kajurung ku tos tilu dinten teu kararaban sangu, Aki Uki ngulampreng ka bumi Dén Haji Darmawan, teu tebih ti bumina. Pribumi kasampak nuju aya di tengah bumi, ngabaheuhay mayunan méja alit.
Sempalan carpon di luhur ngagambarkeun tokoh Aki Uki anu….
Sangsara
Sagala nyampak
Beunghar
Pedit
Tara akur jeung batur
Babasan anu merenah pikeun ngagambarkeun jalma korét nyaéta ...
Amis budi
Héjo tihang
Beurat birit
Buntut kasiran
Hampang leungeun
Sim kuring teu hilap ngahaturkeun wilujeng sumping ka para tamu uleman, utamina Bapa Pupuhu Sakola, Ibu miwah Bapa guru, ogé teu hilap ka sakumna siswa-siswi.
Ungkara basa di luhur biasana kapanggih dina...
Bubuka acara
Nepikeun maksud acara
Ngahaturkeun nuhun ka hadirin
Ngahaturkeun nuhun ka nu nyarios
Ngahaturkeun nuhun ka panitia
Salah sahiji sarat jadi panumbu catur téh kudu...
Parigel maké baju anu alus sangkan dipikaresep
Capétang nyarita ngagunakeun basa Sunda
Kudu bisa nyatetkeun hal-hal anu penting dina sawala
Bisa nyarékan pamilon séjén anu teu sapaham
Pinter ngahaleuang sangkan sawala karasa hégar
Mandu acara poé Senén dina kagiatan upacara bendera, kasasup kana jenis mandu acara….
Formal
Teu Formal
Semi Formal
Sagawayah
Impromtu
Kudu adil méré kasempetan ka sakabéh pamilon keur nepikeun sawangan mangrupa salah sahiji kaparigelan nu kudu dipiboga ku...
Pangjejer
Notulén
Panumbu catur
Panata acara
Panata calagara
Dina sawala/gempungan kudu nepikeun rupa-rupa sawangan, jejer jeung kamandang mangrupa salah sahiji pancén ti…
Pangjejer
Notulén
Panumbu catur
Panata acara
Panata calagara
Meuli paré sawah garing,
moal teuing kacumponan.
Ulin médsos nepi ka gering,
moal aya nu ngubaran.
Eusi sisindiran di luhur nyaéta ....
Silihasih
Sésébréd
Papatah
Piwuruk
Heureuy
Sakarung béas maréncos,
ditapi terus dikumbah.
Sing rancagé maké médsos,
jadikeun lahan ibadah.
Sisindiran di luhur kaasup kana wanda ....
wawangsalan
tatarucingan
teteguhan
paparikan
rarakitan
Hayang néwak manuk puter,
Ditéwak geuning tikukur,
Mun matematika pinter,
Bisa jago kana ngukur.
Eusi sisindiran di luhur nyaéta ....
Silihasih
Sésébréd
Paréntah
piwuruk
heureuy
Wangun sisindiran aya sisindiran jeung rarakitan, di handap mangrupa ciri rarakitan, iwal…
Diwangun ku opat padalisan
Padalisan kahiji jeung kadua mangrupa cangkang, padalisan katilu jeung kaopat mangrupa eusi.
Jumlah engangna sarua dina unggal padalisan.
Ngagunakeun kecap anu sarua; kecap anu aya dina puhu jajaran kahiji dibalikan deui dina puhu jajaran katilu, kecap anu digunakeun dina puhu jajaran kadua dibalikan deui dina puhu jajaran kaopat, atawa kecap anu aya dina puhu jajaran nana sarua.
Ngagunakeun kecap anu teu sarua; kecap anu aya dina puhu jajaran kahiji dibalikan deui dina puhu jajaran katilu, kecap anu digunakeun dina puhu jajaran kadua dibalikan deui dina puhu jajaran kaopat, atawa kecap anu aya dina puhu jajaran nana sarua.
Susunan léngkah-léngkah nyieun sisindiran wangun paparikan, rarakitan, jeung wawangsalan anu merenah dina dina lengkah-lengkah di handap.
1. Nangtukeun wangun sisindiran boh paparikan, rarakitan atawa wawangsalan,
2. Nangtukeun eusi sisindiran boh paparikan, rarakitan atawa wawangsalan,
3. Nyusun kecap pikeun jadi eusi padalisan katilu jeung kaopat dina (paparikan jeung sisindiran) tur padalisan kadua (dina wawangsalan) dumasar kana katangtuan ciri jeung struktur sisindiran,
4. Nyusun kecap pikeun jadi eusi padalisan kahiji jeung kadua dina (paparikan jeung sisindiran) tur padalisan kahiji (dina wawangsalan) dumasar kana katangtuan ciri jeung struktur sisindiran.
1-2-3-4
1-3-2-4
1-4-3-2
4-3-2-1
4-2-3-1
Carpon-carpon petingan dikumpulkeun dina buku antologi, buku carpon munggaran judulna Dogdog Pangréwong (1963). Judul buku kumpulna carpon Sunda, iwal…
Sapeuting di Cipawening
Lalakon kadalon-dalon
Carios Si Urat Emas
Sabalakana
Carita Lain Caritakeuneun
Carpon atawa carita pondok téh karangan tinulis fiksi anu galurna rélatif….
Ngahibur
Muter
Bolak-balik
Basajan
Maju
Carpon kaasup karangan fiksi lantaran….
rékaan
Asli
Titiron
Plagiat
Pondok
Jukut jangkung pipir gunung,
Haté abdi panas peurih.
Wangsalna..
Seureuh
Peureuh
Eurih
Jampang
Jepang
Kumaha karakter tokoh Rani nu digambarkeun dina éta carpon…
Montok, buuk gomplok, kulitna bodas. Leungeunna kompér sabeulah, nekuk waé, teu bisa lempeng.
Pikiranana jejeg.
Begung, buuk gomplok, kulitna hideung. Leungeunna kompér sabeulah, nekuk waé, teu bisa lempeng.
Awakna alus.
Geringan.
Cisusu kentel dipasak,
mana téga-téga teuing.
Wangsalna...
Mantéga
Gula
Yoghurt
Soda susu
Minyak
"Sedeng urang salaku warga Indonesia jaman kiwari anu teu kudu ngarasakeun perang raga jeung penjajah kawas harita, sakuduna pisan mertahankeun ajen inajen bangsa. Utamana para nonoman anu jadi sihungna bangsa. Sangkan mieling teh laingan saukur mieling. Tapi eling, bari jeung prak gawena. Teu ngan saur tanpa bukur. Kudu jadi panggeuing keur urang sarerea, sangkan tuluy sumanget dina nanjeurkeun tur ngadalingdingkeun wangi nagri. Ngamangpaatkeun waktu ngora ku hal-hal anu positif bari tetep aya dina galur agama.
Eusi biantara di luhur nyaeta…
Nonoman kudu pinter dina ngagunakeun IPTEK
Nonoman kudu bisa perang cara pahlawan baheula.
Nonoman kudu ludeungan.
Nonoman kudu bisa maen gadget
Nonoman kudu bisa ngamangpaatkeun waktu ngora ku hal-hal anu positif bari tetep aya dina galur agama.
Ceuk si Udin mah manéhna téh geulis, tapi ceuk kuring manéhna ukur geulis gunung.
Harti babasan geulis gunung nyaéta...
Geulis sagedé gunung
Geulis tina luhur gunung
Geulis jeung tegep ti kaanggangan tapi mun deukeut mah biasa waé.
Geulis nu resep ka gunung
Geulis jeung réa nu resepeun.
Padika nepikeun biantara aya sababaraha rupa, diantarana nyaéta dina nepikeunna sahinasna atawa langsung teu persiapan saméméhna disebut…
Maca Teks / naskah
Impromptu
Ngapalkeun
Orasi
Talaran
Hapunten anu kasuhun, bilih dina cumarios tadi téh pondok nyogok panjang nyugak, neda jembar pangampura.
Harti tina paribasa pondok nyogok panjang nyugak nyaéta…
Omongan nu matak pikaseurieun.
Omongan nu matak nyentug kana haté, garihal teu matak resep ngadéngékeunana.
Omongan nu euweuh matakna.
Omongan anu gancang teuing tur teu kaharti.
Omongan dina biantara anu panjang atawa lila teuing.
Jadi sabiwir hiji, hartina...
Jadi omongan jelema réa.
Jadi geus kabahas atawa kaomongkeun.
Jadi teu diomongkeun.
Jadi diomongkeun ku saurang.
Dibahas dina rapat.
Ari jadi budak lalaki téh ulah sok leutik burih!
Leutik burih nya éta …
euweuh kawani
loba kawani
gedé kawanina
kawanina beak
euweuhan
Pilih sisindiran anu eusina piwuruk jeung pépéling!
Hayang teuing buah muris,
teu bisa ngasakanana.
Hayang teuing ka nu geulis,
teu bisa ngakalanana.
Cau naon cau naon,
cau kulutuk di juru.
Bau naon bau naon,
bau nu hitut di juru.
Sing getol nginum jajamu
nu guna nguatkeun awak
Sing getol néangan élmu
nu guna dunya ahérat
Sapanjang jalan Soréang
moal weléh diaspalan
Sapanjang tacan kasorang
moal weléh diakalan
Mencit meri luhur rakit
boboko wadah bakatul
Lain nyeri ku panyakit
Kabogoh direbut batur
