Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PTS BAHSA SUNDA

Total questions: 10

Worksheet time: 30mins

Name
Class
Date
1.

Pagawean sapopoena ngukur awak langganan, tuluy motong kaen anu rek dijieun baju.

Pakasaban anu diterangkeun diluhur nyaeta tukang ....

a)

Cukur

b)

Ngaput

c)

Dagang

d)

Kayu

2.

Rebun-rebun Mang ahdi geus indit ka sawah.

Kecap rebun-rebun nuduhkeun wanci samemeh panon poe ....

a)

Surup

b)

Lingsir

c)

Manceran

d)

Bijil

3.

Bari nyuhun pare pibiniheun, manehna ... bedog dina cangkeng.

a)

Nyoren

b)

Manggul

c)

Mesat

d)

Ngabar

4.

Sawah anu digarapna lain anu sorangan, tapi ... ti barayana nu cicing di kota

a)

Ngontrak

b)

Nyewa

c)

Nengah

d)

Nginjeum

5.

Runtah pating tambru di sisi jalan.

Sangkan leuwih merenah kecap tambru kudu make rarangken ....

a)

Ar

b)

Al

c)

An

d)

Na

6.

Rengse maen bal di lapang barudak teh tuluy ... di walungan.

a)

Mandina

b)

Mandian

c)

Marandi

d)

Mararandi

7.

Lamun urang ngalakukeun kasalahan, awal akhirna pasti bakal ....

a)

Kawiwirangan

b)

Kakoncara

c)

Katalingakeun

d)

Kasadaran

8.

Sangkan aya dina katengtreman ... kudu silihajenan.

a)

Salawasna

b)

Satuluyna

c)

Salobana

d)

Sabisana

9.

Jadi copet teh mimitina mah pedah ... bakating kajurung ku pangabutuh.

a)

Kapohoan

b)

Kapoekan

c)

Kapeureuman

d)

Kamalinaan

10.

Buku-buku nu tadina ... rapih dina erak teh diacak-acak ku adina Dadi.

a)

Ngajajar

b)

Ngabaris

c)

Ngagoler

d)

Ngagunduk