wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PAS Sunda kelas 6

Total questions: 35

Worksheet time: 18mins

Name
Class
Date
1.

Gagasan anu di tepikeun ku pangarang dina karyana disebut?

a)

palaku

b)

tema

c)

latar

d)

galur

2.

Ari nu disebut Palaku dina cerpen nyaeta...

a)

Tokoh nu ngalakonan

b)

Waktu jeung tempat lumangsungna kajadian

c)

Gagasan anu ditepikeun ku pangarang

d)

Hal anu bisa dilenyepan tona eusi carita

3.

Karangan dina wangun lancaran /prosa anu ukuranna pondok yaeta ...

a)

dongeng

b)

sketsa

c)

carpon

d)

wayang

4.

“Kayra teh sakolana geus kelas VI.”


Kalimat pananya anu cocok keur eta jawaban, nyaeta...

a)

Saha nu geus sakola kelas VI teh?

b)

Dimana Kayra teh sakolana?

c)

Sok kana naon Kayra teh angkat sakola na?

d)

Kelas sabaraha Kayra teh sakolana?

5.

Di handap ieu kecap anu teu ngandung kecap pananya, nyaeta...

a)

Saha nu ngarang kumpulan carpon Kanyaah Kolot?

b)

Kaayaan di sakolana teh kumaha ayeuna?

c)

Ari Dawud teh sakol henteu ?

d)

Di mana Dawud teh bumi na?

6.

Pangeran Nyiptakeun kaayaan nu beda beda ka tiap jalma teh sangkan urang ...

a)

silih asah

b)

silih ajenan

c)

silih poyok

d)

silih tipu

7.

teu saeutik bangsa deungeun anu ngahaja daratang ka Indonesia pikeun ningali kaendahan alam Indonesia.


ari hartina deungeun nyaeta ...

a)

asing

b)

baheula

c)

warga

d)

budaya

8.

motto "Bhineka Tunggal Ika" teh hartina ...

a)

bangsa Indonesia ngabogaab loba budaya

b)

bangsa Indonesia boga rebuan pulo

c)

Ngaran Indonesia kudu ganti ka Nusantara

d)

najan rineka tur bineka, tapi tetep ngahiji

9.

Pa Ustadz nuju ngawurukan santri di madrasah.


kalimat pasip na nyaeta ....

a)

Pa Ustadz nuju diwurukan santri di madrasah

b)

Pa Ustadz henteu ngawurukan santri di madrasah

c)

Santri nuju diwurukan Pa Ustad di madrasah

d)

Santri nuju ngawurukan pa Ustadz di madrasah

10.

Bapa nuju maos koran di teras.


kalimat pasipna nyaeta ...

a)

Bapa henteu maos koran di teras

b)

bapa nuju diaos koran di teras

c)

koran diaos ku bapa di teras

d)

koran nuju maos bapa di teras

11.

pager awi keur dipakuan ku mang ujang.


kalimat aktip na nyaeta ...

a)

mang Ujang keur makuan pager awi

b)

mang Ujang henteu keur makuan pager awi

c)

pager awi tos dipakuan ku mang Ujang kamari

d)

pager awi henteu dipakuan ku Mang Ujang

12.

bolu teh nuju diseupan ku Cinta.


kalimah aktipna nyaeta ..

a)

Cinta nuju nyeupan bolu

b)

cinta henteu nyeupan bolu

c)

bolu nuju nyeupan di dapur

d)

ibu sareng cinta nuju nyeupan bolu di dapur

13.

Peunteun rapot Dawud alus ..... Dawud getol ngapalkeun.


kecap rarangken anu luyu nyaeta ..

a)

kusabab

b)

iwal

c)

matak

d)

kajaba

14.

Kecap pananya anu gunana nanyakeun cara atawa kaayaan nyaeta..

a)

mana

b)

kumaha

c)

naon

d)

sabaraha

15.

wcana anu eusina nyaritakeun ngeunaan kahirupan hiji jalma, ilaharna mah tokoh inohong anu sukses dina kahirupanana disebut ...

a)

biografi

b)

monografi

c)

fotografi

d)

kaligrafi

16.

lanceukna indung/bapa urang disebutna ...

a)

bibi

b)

ua

c)

mamang

d)

bao

17.

indung/bapana bao disebutna ...

a)

janggawareng

b)

kait siwur

c)

buyut

d)

udeg udeg

18.

Nafisa mah mani marahmay.


babasan tina marahmay nyaeta ...

a)

gede hulu

b)

amis budi

c)

hampang birit

d)

haseum budi

19.

babasan bodo alewoh hartina ...

a)

bodo pisan

b)

bodo tapi daek tatanya

c)

bodo katotoloyoh

d)

bodo lantaran kedul

20.

Dewi putrana Bu Nani. Bu Nani kagungan ibu, namina Bu Mimin. ari ramana namina Pa Ahmad.


jadi, Dewi .... na Bu Mimin.

a)

incu

b)

anak

c)

nini

d)

buyut

21.

Dewi putrana Bu Nani. Bu Nani kagungan ibu, namina Bu Mimin. ari ramana namina Pa Ahmad.


Bu Nani kagungan raka istri, namina Bu Wati. ari rakana nu pameget namina pa Darma.


jadi Dewi .... Bu Wati.

a)

alo

b)

ua

c)

bibi

d)

bao

22.

Dewi putrana Bu Nani. Bu Nani kagungan ibu, namina Bu Mimin. ari ramana namina Pa Ahmad.


Bu Nani kagungan raka istri, namina Bu Wati. ari rakana nu pameget namina pa Darma.


jadi, Bu Wati. ... pa Ahmad.

a)

anakna

b)

incuna

c)

adina

d)

lanceukna

23.

kalimat parentah anu luyu upami urang kasemahan nyaeta ...

a)

mangga ka lebet, Pa!

b)

punten ka lebet, Pa!

c)

geura ka lebet, Pa!

d)

cik atuh ka lebet, Pa!

24.

naon hartina babasan akal koja?

a)

akal jahat

b)

akal bageur

c)

akal bodo

d)

akal pinter

25.

Ustad henteu ngawulang di kelas 6.

ustad nuju teu damang.


kecap panyambung nu luyu nyaeta ...

a)

kusabab

b)

bakating

c)

kumaha

d)

balukarna

26.

Enjang mah pinter ngan sakapeung sok males.


kecap sakapeung hartina ...

a)

kadang kadang

b)

bangga

c)

aman tentram

d)

sadar

27.

Di handap ieu anu lain kalimah pasip nyaeta...

a)

Oray diteunggeul ku tangkal sampeu

b)

Buah teh diala ku Mang Nana

c)

Ustadzah keur ngajar ngaji

d)

Si dede keur diacukan ku mamah

28.

Kecap nu dirarangken tengah lalindeuk, asal kecapna nyaeta...

a)

lalin

b)

lindeuk

c)

indeuk

d)

landeuk

29.

Di handap ieu anu lain kalimah aktif, nyaeta...

a)

Jang Dana kacugak paku.

b)

Bapa ngala lauk di balong

c)

Kang Adang keur meuncit hayam

d)

Mang Nana keur ngala buah

30.

naon hartina kecap babasan atah adol?

a)

kurang ajar

b)

tara diajar

c)

kudu diajar

d)

keur diajar

31.

cik naon ari hartina babasan gede hulu?

a)

sombong

b)

pinter

c)

males

d)

panyakitan

32.

bahasa lemes tina kecap boga, nyaeta ..

a)

gaduh

b)

bantun

c)

dongkap

d)

dahar

33.

bahasa lemes tina kecap kadenge, nyaeta ...

a)

kadangu

b)

kabantun

c)

kacandak

d)

katingal

34.

naon ari hartina kecap kiwari?

a)

ayeuna

b)

baheula

c)

bareto

d)

isukan

35.

naon ari harina kecap mimiti?

a)

ahiran

b)

awalan

c)

panengah

d)

panungtung