wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PAS B.DAERAH KELAS VIII

Total questions: 50

Worksheet time: 48mins

Name
Class
Date
1.

Kampung adat Pulo perenahna di tengah – tengah hiji situ nu katelahna ....

a)

Situ Bagendit

b)

Situ Cangkuang

c)

Situ Ciburuy

d)

Situ Patenggang

2.

Ketua adat Kampung Kanekes Baduy disebutna ....

a)

abah

b)

punduh

c)

puun

d)

eyang

3.

Di Kampung adat Pulo aya wangunan nu kudu dijaga jeung dilestarikeun ku sakabeh warga oge jeung nu daratang ka dinya nyaeta ....

a)

parahu getek

b)

imah panggung

c)

taman batu

d)

candi Cangkuang

4.

Upacara ritual nyerahkeun hasil pare /tatanen ti masarakat ka ketua adat disebutna ...

a)

seren taaun

b)

hajat sasih

c)

rayagung

d)

satu sur

5.

Warga kampung adat boga sikep lamun ngaruksak leuweung teh mangrupa ...

a)

larangan diri

b)

aturan adat

c)

kapercayaan kalaruhun

d)

panrangan hirup

6.

Kampung Naga perenahna di Desa Neglasari, Kacamatan ....

a)

Cisolok

b)

Salawu

c)

Cangkuang

d)

Ciroyom

7.

Upacara pikeun ngungkapkeun rasa syukur ka Sang Maha Pencipta nu geus maparin kasusah jeung kasenang dina hirup disebut ....

a)

rayagung

b)

seren taun

c)

satu sura

d)

hajat sasih

8.

Sakabeh warga kampung adat boga sikep nu sarua nyaeta ...

a)

sieun ku aturan

b)

paduli kana aturan

c)

taat kana aturan

d)

Taat kana adat istiadat

9.

Kampung adat Pulo imahna beda ti batur nyaeta jumlahna aya ....

a)

opat

b)

genep

c)

sapuluh

d)

tujuh belas

10.

Warga Kampung Adat Kanekes Baduy , ka mana – mana sok ... malah tara make

sendal atawa tarumpah.

a)

lumpat

b)

tumpak sapedah

c)

leumpang

d)

ditandu

11.

Wangunan di kampung adat nu biasa dipake nyimpen hasil tatanen saperti pare jeung sayuran disebutna ...

a)

saung lisung

b)

bumi ageung

c)

imah gede

d)

leuit

12.

Salah sahiji ciri has imah di kampung adat di jerona ....

a)

sagala aya parabot

b)

nyieun sorangan parabotna

c)

euweuh parabotna

d)

loba parabotna

13.

Di kampung adat imahna mangrupa imah panggung ngarah ...

a)

jumlah teu nambahan

b)

babari lamun dipindahkeun

c)

modelna alus

d)

murah biayana

14.

1. Kenzo mah sok gede ambek mun barangna aya nu make.

Kalimah di luhur kaasup conto kalimah ....

a)

barang

b)

sipat

c)

bilangan

d)

pagawean

15.

Leuweung nu bisa diasupan ku jalma asal aya idin ti kuncen disebutna leuweung ....

a)

baladahan

b)

tutupan

c)

karamat

d)

larangan

16.

1. Wawan ayeuna geus boga mobil dua . Kalimah eta kaasup conto kalimah ....

a)

bilangan

b)

barang

c)

pagawean

d)

sipat

17.

Bu Risma nuju mimpin rapat di kantor.

Kalimah di luhur mangrupa conto kalimah ....

a)

barang

b)

pagawean

c)

sipat

d)

bilangan

18.

Roni ngarasa bungah jeung reueus pedah manehna bisa jadi juara Olimpiade Matematika.

Kalimah di luhur mangrupa conto kalimah

a)

pagawean

b)

barang

c)

sipat

d)

bilangan

19.

Akina Rima baheulana jadi tentara KNIL.

Kalimah di luhur kaasup conto kalimah ...

a)

barang

b)

sipat

c)

pagawean

d)

bilangan

20.

Arlan lamun ngomong teh sok bari sesengor asa nu pangbenerna we.

Kalimah di luhur make kecap rajekan ...

a)

dwipurwa

b)

dwireka

c)

dwimurni

d)

dwilingga

21.

Mang Ahdi keur bunta – bantu masangkeun tenda di imahna Pa Irawan.

Kecap bunta – bantu kaasup kecap rajekan ....

a)

trilingga

b)

dwipurwa

c)

dwimurni

d)

dwireka

22.

Bi Imas rek syukuran anakna lulus sarjana, matakna ti isuk keneh geus ... masak di dapur .

a)

brang - breng -brong

b)

trang - treng - trong

c)

pak -pik - pek

d)

biag - blig - blug

23.

Lebar pisan mun aya angin gede pentil buah teh sok ... maruragan ka handap

a)

plak - plik - pluk

b)

blag - blig - blug

c)

dag - dig - dug

d)

cas - cis - cus

24.

Pa Unang geus mimiti beberes warungna .

Kecap beberes kaasup conto kecap rajekan ....

a)

trilingga

b)

dwilingga

c)

dwipurwa

d)

dwireka

25.

Ibu - ibu sareng bapa – bapa manggga dihaturan linggih di payun.

Kalimah di luhur make kecap rajekan ....

a)

dwireka

b)

dwimurni

c)

dwipurwa

d)

dwipurwa

26.

Ria mah mun dititah ngerjakeun soal ka hareup teh sok ...

a)

hah - heh - hoh

b)

dar - der -dor

c)

brang - breng -brong

d)

dag - dig - dug

27.

Pupuh nu jumlah padalisanna dalapan nyaeta ...

a)

Kinanti

b)

Pangkur

c)

Gurisa

d)

lambang

28.

Pupuh Dangdanggula jumlah padalisanna aya ... padalisan


a)

tujuh

b)

dalapan

c)

salapan

d)

sapuluh

29.

Pupuh nu boga watek ngadagoan nya eta.pupuh ....

a)

Kinanti

b)

Gurisa

c)

Asmarandana

d)

Sinom

30.

Pupuh nu jumlah padalisanna genep di antarana ....

a)

Ladrang

b)

Durma

c)

mijil

d)

Balakbak

31.

Sora tungtung dina unggal padalisan disebutna ....

a)

gurualok

b)

guruwilang

c)

gurulagu

d)

gurukawih

32.

Pupuh nu boga watekna heureuy /banyol diantarana ....

a)

Lambang

b)

Sinom

c)

Dangdanggla

d)

Kinanti

33.

Pupuh nu boga watekna piwuruk/ papatah nyaeta ....

a)

Lambang

b)

Pucung

c)

Wirangrong

d)

Lambang

34.

Pupuh nu boga watekna sedih nyaeta ....

a)

Mijil

b)

Balakbak

c)

Sinom

d)

Gambuh

35.

Pupuh teh puisi nu nu dikawihkeun jeung boga aturan nu geus matok.

Jumlah pupuh sakabehna aya ....

a)

sapuluh

b)

tilubelas

c)

tujuh belas

d)

dua puluh

36.

Pupuh nu jumlah padalisanna tilu nyaeta ....

a)

Ladrang

b)

Gambuh

c)

Jurudemung

d)

Balakbak

37.

Pupuh nu boga watek gumbira nyaeta pupuh .....

a)

mijil

b)

Sinom

c)

Durma

d)

Dangdanggula

38.

Pupuh nu boga watekna silih asih nyaeta pupuh ...

a)

Pangkur

b)

Durma

c)

Asmarandaba

d)

Dangdanggula

39.

Sisindiran diwangun ku ...padalisan dina sapadana .

a)

genep

b)

lima

c)

opat

d)

dua

40.

Rarasaan rek ka Lembang

teu nyaho ka Cibaduyut

rarasaan awak lenjang

teu nyaho awakna gendut

Sisindiran di luhur mangrupa conto ...

a)

sesebred

b)

wawangsalan

c)

piwuruk

d)

silihasih

41.

Sisindiran diwangun ku cangkang jeung eusi ,anu kaasup eusi ayana dina padalisan …

a)

hiji jeung dua

b)

tilu jeung opat

c)

hiji jeung tilu

d)

dua jeung opat

42.

Dina sisindiran unggal padalisanna diwangun ku … engang

a)

lima

b)

genep

c)

tujuh

d)

dalapan

43.

Sisindiran dibagi jadi … bagean anu sarua aya sesebred,piwuruk jeung silihasih

a)

lima

b)

opat

c)

tilu

d)

dua

44.

Pupuh Jurudemung jeung magatru jumlah padalisansanna aya ...

a)

lima

b)

genep

c)

tujuh

d)

dalapan

45.

Tini resep cuwat - ciwit ka batur matakna euweuh batur ulin.Kecap cuwat - ciwit kaasup kecap rajekan ...

a)

dwimurni

b)

trilingga

c)

dwireka

d)

dwipurwa

46.

Lobana padalisan dina pupuh Maskumambang nyaeta ...

a)

opat

b)

lima

c)

genep

d)

tujuh

47.

Bu Amira unggal dinten dagang kue cucur .

Kalimah di luhur kaasup conto kalimah ....

a)

bilangan

b)

barang

c)

pagawean

d)

sipat

48.

Barudak lumpatna karek dua kali balikan tapi meni capeeun napasna ge meni ....

a)

pak - pik -pek

b)

blag - blig - blug

c)

hah -heh - hoh

d)

dag - dig - dug

49.

Sakabeh warga kampung adat mah hirupna basajan.

Basajan ngandung harti ....

a)

sederhana

b)

sangsara

c)

sagala teu boga

d)

sagala aya

50.

Pintonan band can dimimitian masih keneh aya nu latihan kadenge sorana meni ....

a)

dag - dig - dug

b)

brang - breng -brong

c)

pak - pik - pek

d)

plak - plik - pluk