wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

UH Carita Babad

Total questions: 20

Worksheet time: 41mins

Name
Class
Date
1.

Karya sastra teh dibagi jadi 3 jenis diantarana puisi, prosa, drama. Babad bisa oge kaasup kana eta 3 jenis, hartina carita babad bisa diwangun puisi, prosa, drama. Ieu di handap nu dimaksud kecap babad anu mernah nya eta ...

a)

muka lahan anyar

b)

muka kebon anyar

c)

muka sawah anyar

d)

muka gedong anyar

e)

muka sakolaan anyar

2.

Salah sahiji conto carita babad nya eta Perang Bubat nu eusina nyaritakeun karajaan Galuh Pakuan dihianatan ku karajaan Majapahit. Dijerona ngadongengkeun carita romantika Putri raja Diah Pitaloka jeung raja Hayam Wuruk.

Ieu di handap sasaruaan antara babad jeung dongeng anu mernah nya eta ...

a)

dongeng aya bagian nyata

b)

dongeng aya di jaman baheula

c)

dongeng aya dina kahirupan

d)

dongeng aya bagian pamohalan

e)

dongeng aya dijaman kiwari

3.

Aya dua unsur, Intrinsik jeung Ekstrinsik. Intrinsik nya eta alat pikeun ngabedah jero carita sedengkeun ekstrinsik alat pikeun diluar eusi carita.

Dina struktur carita babad aya anu di sebut Tema, nya eta ...

a)

waktos kajadian

b)

latar kajadian

c)

Puseur implengan

d)

Ahir carita

e)

Palaku

4.

Sajarah carita babad oge aya dina naskah siksa kandang karesian geus kapanggih ti jaman tradisi nulis naskah kènèh, sarta ditulis dina wangun ….

a)

Puisi

b)

Prosa

c)

Pantun

d)

Wawansalan

e)

Puisi jeung Prosa

5.

kolotna indung jeung bapa urang disebut aki jeung nini

Dina istilah pancakaki, di luhureun Nini/Aki anu mernah nyaeta..

a)

buyut

b)

bao

c)

anak

d)

incu

e)

alo

6.

Dina pancakaki, hubungan ka luhur disebut karuhun, hubungan ka handap disebut ...

a)

rundayan

b)

runtuyan

c)

rumusan

d)

ruwetan

e)

rujukan

7.

Ahmad kagungan ibu, namina bu Rani. Bu Rani kagungan ibu, namina bu Nani. Hubungan pancakaki Ahmad ka bu Nani nyaeta..

a)

incu

b)

anak

c)

buyut

d)

indung

e)

ua

8.

indung bapa urang boga adi boh lalaki boh awewe disebutna oge emang jeung bibi. ieu di handap nu disebut lanceukna indung/bapa urang anu mernah nya eta ...

a)

bibi

b)

mang

c)

ua

d)

suan

e)

aa

9.

Carita babad nu judulna perang bubat teh mibanda unsur sajarah anu leubeut pisan. palaku dina eta carita babad teh diantarana nya eta ayana raja ti karajaan Sunda. ieu di handap wasta raja Sunda dina carita babad perang bubat anu merenah nya eta ....

a)

Niskala Wastu Kancana

b)

Hayam Wuruk

c)

Lingga Buana

d)

Citra Resmi

e)

Gajah Mada

10.

Kakawasaan karajaan Majapahit teh harita lega pisan ti mimiti pulo Jawa, Sulawesi, Sumatra, Kalimantan oge nepi ka Malaysia nepi ka Filipina ngan aya hiji karajaan anu can bisa dipimilik ku Gajah Mada nya eta Karajaan Galuh Pakuan. Ieu di handap alesan pangna Galuh Pakuan teu bisa dikawasaan ku Majapahit anu merenah nya eta lantaran....

a)

Pasukan Armada perang Majapahit leuwih leutik batan armada perang Pajajaran

b)

Patih gajah Mada can bisa nyumponan sumpah Amukti Palapa lamun can bisa ngawasaan Pajajaran

c)

Baheula raja karajaan Majapahit teh turunan karajaan Pajajaran nya eta Raden Wijaya

d)

Pasukan armada perang Pajajaran leuwih leutik batan pasukan perang Majapahit

e)

Raja Hayam Wuruk hayang nikah jeung Diah Pitaloka

11.

Legana jajahan Majapahit nya eta nepi ka Asia Tenggara sanggeus diangkatna Hayam Wuruk jadi raja Majapahit jeung Maha Patih Gajah Mada ngan ukur dua karajaan anu teu bisa dikawasaan ku Majapahit. Ieu di handap karajaan anu teu bisa dikawasaan Majapahit anu mernah nya eta...

a)

Karajaan Pajajaran jeung Karajaan Singosari.

b)

Karajaan Pajajaran jeung karajaan Sriwijaya.

c)

Karajaan Madura jeung Karajaan Bali

d)

Karajaan Madura jeung Karajaan Pajajaran.

e)

Karajaan Sriwijaya jeung karajaan Kutai.

12.

Sanggeus rombongan karajaan Pajajaran nepi ka Majapahit, eta rombongan dihaturanan ngaso (istirahat) tur dijamu ku Majapahit di pasanggrahan Bubat teu kungsi lila datang pasukan Gajah Mada ka pasanggrahan Bubat nepungan raja Lingga Buana pikeun masrahkeun putrina Diah pitaloka pikeun jadi bukti nyerahna kakawasaan karajaan pajajaran ka Majapahit antukna timbul perang rongkah anu teu imbang. Ieu dihandap raja anu marentah sanggeus rombongan raja Lingga Buana gugur dimedan bubat anu mernah nya eta...

a)

Prabu Siliwangi

b)

Prabu Purba Wisesa

c)

Prabu Kean Santang

d)

Prabu Geusan Ulun

e)

Prabu Niskala Wastu Kancana

13.

Pasukan Majapahit anu kakoncara teh disebutna pasukan Bhayangkari. Cik sebutkeun pasukan karajaan Galuh anu mernah nya eta...

a)

Pasukan Bela Pati

b)

Pasukan Anumerta

c)

Pasukan Pajajaran

d)

Pasukan Bhayangkara

e)

Pasukan Singo Edan

14.

Pek sebutkeun pernahna (daerah) karajaan anu dipingpin ku Prabu Lingga Buana teh! ...

a)

Bogor

b)

Sumedang

c)

Banten

d)

Ciamis

e)

Cirebon

15.

Ieu di handap ngaran karajaan anu dipimpin ku raja Niskala Wastu Kancana anu mernah nya eta karajaan

a)

Sunda Galuh.

b)

Sunda Bogor Pakuan

c)

Sumedang Larang

d)

Kasultanan Cirebon

e)

Tarumanagara

16.

runtuyan kajadian anu ngawangun hiji carita. Galur umumna diwangun ku sababaraha unsur, bubuka (manggalasastra), muncul masalah (konfliks), masalah muncer (klimaks), ngarengsekeun masalah (antiklimaks) jeung pungkasan carita (denouement) disebutna unsur ...

a)

amanat

b)

jejer

c)

galur

d)

latar

e)

kasang tukang pangarang

17.

Struktur carita babad aya 3 nya eta manggalasastra, eusi, panutup. Ieu di handap nu dimaksud kana alofon anu merenah nya eta ...

a)

sanduk-sanduk atawa menta widi ka Nu Maha Kawasa jeung ka karuhun, sarta menta pangampura kana kahengkeran nu nulis atawa nu nyusun eta wawacan

b)

poko carita tina babad

c)

bagean anu nyaritakeun lalakon babad ti mimiti kajadian, lalampahan tokoh jeung konflik

d)

perenahna di ahir carita minangka panutup atawa pamungkas carita

e)

titimangsa ditulis atawa disalinna eta babad dina wangun pupuh tur menta pangampura kana sagala rupa kakuranganana, lantaran nu nulis ngarumasakeun kahengkeran dirina

18.

“Kéan santang téh putra prabu siliwangi anu katelah gagah tur sakti. Di Pajajaran, malah di Pulo Jawa teu aya hiji ogé jalma anu bisa nandingan kasakténna.”


Sempalan carita babad di luhur ditulis dina wangun....

a)

Prosa

b)

Puisi

c)

Lancaran

d)

Drama

e)

Laporan

19.

Dina carita babad atawa sajarah lokal biasana nyaritakeun ....

a)

Pancakaki sèwang-sèwangan

b)

Kahirupan raja sèwang-sèwangan

c)

Wewengkon sèwang-sèwangan

d)

Kaayaan kulawarga sèwang-sèwangan

e)

Legenda sèwang-sèwangan

20.

“Ti dinya Maulana Hasyanudin leumpang ka Banten mawa pandakaan dua jin ti Cirebon, tuluy ka Sumedang, ka Sumur Bandung, ka Cianjur, ka Bogor, jeung ka Gunung Manarah.”


Bacaan di luhur mangrupa sempalan tina carita babad anu judulna....

a)

Pucuk Umum Sunda

b)

Babad Cikundul

c)

Sajarah Bopati-Bopati Cianjur

d)

Babad Bogor

e)

Babad Sumedang