wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Penilaian Tengah Semester 2 Bahasa Sunda kelas 7

Total questions: 40

Worksheet time: 20mins

Name
Class
Date
1.

Ari dongéng Jonggrang Kalapitung téh kaasup kana . . . . .

a)

Legénda

b)

Fabél

c)

Parabél

d)

Sagé

2.

Dongéng téh nya éta carita rékaan anu ngandung . . . .

a)

Kanyataan

b)

Pamohalan

c)

Kajadian

d)

Lalakon

3.

Dongéng téh kaasup karya balaréa, lantaran . . . .

a)

Kanyahoan anu ngarangna

b)

Sumebar sacara lisan

c)

Teu kanyahoan anu ngarangna

d)

Sumebar sacara tinulis

4.

Ngaran patempatan anu dumasar kana tatangkalan anu aya atawa kungsi aya di éta tempat, nyaéta . . . . .

a)

Cihideung

b)

Cibatu

c)

Cihérang

d)

Ciawi

5.

Naon sababna ngaran tempat di Tatar Sunda mah sok dimimitian ku "ci-"?

a)

Tatar Sunda mah subur jeung henteu hésé ku cai

b)

Tatar Sunda mah sok banjir waé mun usum hujan

c)

Tatar Sunda mah hawana tiis

d)

Tatar Sunda mah hésé ku cai

6.

Ngaran patempatan anu dumasar kana cai anu aya di éta tempat, boh rupana, boh rasana atawa kaayaanana nyaéta . . . . .

a)

Cibingbin

b)

Cihérang

c)

Cibatu

d)

Ciawi

7.

Ngaran tempat anu aya patalina jeung pagawéan atawa patukangan, conto na nyaéta . . . . .

a)

Cihérang

b)

Pasawahan

c)

Lio

d)

Parakan

8.

Ngaran patempatan anu dumasar kana gabungan kaayaan tempat jeung hal-hal sején na nyaéta . . . . .

a)

Pasawahan

b)

Ciawi

c)

Parakan

d)

Tanjakan Émén

9.

Kalolobaanana ngaran tempat di Tatar Sunda sok dimimitian ku kecap "ci-" anu ngandung harti . . . . .

a)

Cai

b)

Kai

c)

Kayu

d)

Batu

10.

Tempat / wilayah sumebarna adat sarta budaya sunda anu dicicingan ku urang Sunda anu ngagunakeun budaya Sunda sarta tunduk patuh ka Pamarentahan Galuh Pakuan Pajajaran téh nyaéta . . . .

a)

Tatar Jawa

b)

Tatar Sunda

c)

Tatar Parahiyangan

d)

Tatar Manisé

11.

Lamun asal-usul ngaran patempatan dina élmu basa sok disebutna . . . . .

a)

Tipinomo

b)

Tiponimo

c)

Toponimi

d)

Topinomi

12.

Ari Pasawahan téh mangrupa conto tina ngaran patempatan anu dumasar kana . . . . .

a)

Ngaran jelema

b)

Barang

c)

Sasatoan

d)

Kaayaan tempat

13.

Desa Kranggan nu aya di Banyumas Jawa Tengah téh ngaran tempatna dumasar kana . . .

a)

Ngaran jelema

b)

Sasatoan

c)

Tatangkalan

d)

Kaayaan tempat

14.

Purwakanti anu ngajajar dina saungkara atawa sapadalisan disebut . . . . .

a)

purwakanti runtuyan

b)

purwakanti rantayan

c)

purwakanti gabungan

d)

wirahma

15.

Dumasar kana harti kecapna, purwakanti asalna tina . . . . .

a)

diksi jeung kanti

b)

purwa jeung rupa

c)

purwa jeung kanti

d)

wirahma jeung purwa

16.

Naon unsur pangwangun sajak anu sok ngajiwaan eusi sajak téh?

a)

Jejer

b)

Nada

c)

Sora

d)

Rasa

17.

Di handap ieu anu lain ugeran dina sajak Sunda, nyaéta . . .

a)

Jejer

b)

Purwakanti

c)

Wirahma

d)

Diksi

18.

Sajak sok biasa ditulis dina wangun . . . . .

a)

Denotatif

b)

Konotatif

c)

Purwakanti

d)

Paroman

19.

Padeukeutna sora-sora kecap dina ungkara kalimah, bagian-bagian kalimah, atawa réndonan kalimah-kalimah, utamana dina sajak (puisi) nyaéta . . .

a)

Wirahma

b)

Pasang peta

c)

Purwakanti

d)

Paroman

20.

Purwakanti anu ngaruntuy antar padalisan disebut . . . . .

a)

Wirahma

b)

Purwakanti rantayan

c)

Purwakanti gabungan

d)

Purwakanti runtuyan

21.

Dina prakna ngadongéng, sora anu digunakeunna kudu . . .

a)

Bedas

b)

Bentes

c)

Gancang

d)

Anca

22.

Salah sahiji hal anu kudu diperhatikeun dina prakna ngadongéng nyaéta ngedalkeun kekecapan sacara . . . . .

a)

Bedas

b)

Bentes

c)

Gancang

d)

Anca

23.

Ari lentong jeung wirahma dina pasanggiri ngadongéng téh kaasup kana . . . . .

a)

Vokal

b)

Nada

c)

Intonasi

d)

Artikulasi

24.

Lamun béntés henteuna ngunikeun kecap dina pasanggiri ngadongéng téh kaasup kana . . . . .

a)

Vokal

b)

Nada

c)

Intonasi

d)

Artikulasi

25.

Ari pasang peta dina prakna ngadongéng mah kudu luyu jeung . . . . .

a)

Eusi dongéng

b)

Judul dongéng

c)

Pamuka dongéng

d)

Panutup dongéng

26.

Unsur pangwangun sajak anu raket patalina jeung lentong, halon-tarikna sora, katut anca-gancangna maca nyaéta . . . .

a)

Jejer

b)

Wirahma

c)

Nada

d)

Rasa

27.

Unsur pangwangun sajak anu mangrupa pesen panyajak keur nu maca sajak disebut . . . . .

a)

Nada

b)

Jejer

c)

Amanat

d)

Rasa

28.

Wanda basa karangan anu rakitanana pinuh ku wirahma, kauger ku wangunna jeung ku diksina, lain dina ungkara kalimah cara dina basa sapopoé atawa cara wangun prosa nyaéta . . . . .

a)

Pupujian

b)

Wawangsalan

c)

Sisindiran

d)

Sajak

29.

Dina sastra Indonesia mah sajak téh sarua hartina jeung . . .

a)

Puisi

b)

Lagu

c)

Syair

d)

Pantun

30.

Amanat anu hayang ditepikeun ku panyajak dina sajak "Aki jeung Balon" téh nyaéta . . . . .

a)

Barudak kiwari mah geus teu resepeun kana kaulinan baheula

b)

Sanajan geus kolot urang kudu tetep daék usaha

c)

Aki-aki mah geus teu bisa niup balon

d)

Di sabudeureun urang aya jalma anu nasibna goréng

31.

Daék kuring mah babantu téh, asal aya amplopan.

Kalimah di luhur téh kaasup kana conto kalimah anu maké harti . . .

a)

Dénotatif

b)

Paribasa

c)

Konotatif

d)

Babasan

32.

Béntang katingalina caang pisan di langit.

Kecap béntang dina kalimah di luhur téh kaasup kana kecap anu maké harti . . .

a)

Paribasa

b)

Babasan

c)

Konotatif

d)

Dénotatif

33.

Di handap ieu kalimah anu maké harti konotatif nu bener nyaéta . . .

a)

Geura maju hirup téh, tong angger waé.

b)

Béntang katingalina caang pisan di langit.

c)

Abdi dipiwarang maju kapayun macakeun sajak.

d)

Korsi di rompok téh tos seueur nu rusak.

34.

Di handap ieu kalimah anu maké harti dénotatif nu bener nyaéta . . .

a)

Geura maju hirup téh, tong angger waé.

b)

Abdi dipiwarang maju kapayun macakeun sajak.

c)

Ardi mah jadi bentang kelas.

d)

Caleg teh ayeunamah parebut korsi da saeutik korsi na.

35.

Di handap ieu kecap "ngeupeul" mun dilarapkeun kana kalimah anu maké harti konotatif nyaéta . . .

a)

Naha budak teh ngadak ngadak poporongos bari leungeunna ngeupeul siga nu rek nonjok.

b)

Panangan Pa Haji mah teu tiasa ngeupeul kamari mah.

c)

Nyi Onah mah jalma na sok ngeupeul pisan, hésé ari ngaluarkeun duitna.

d)

Panangan na tong ngeupeul janten sesah nepak reungitna.

36.

Ardi mah jadi béntang kelas.

Kalimah di luhur kaasupna kana kalimah anu maké harti . . .

a)

Dénotatif

b)

Paribasa

c)

Babasan

d)

Konotatif

37.

Nyi Onah mah jalma na sok ngeupeul pisan, hésé ari ngaluarkeun duitna.

Dina kalimah di luhur, kecap anu maké harti konotatif nyaéta . . .

a)

Ngeupeul

b)

Hésé

c)

Ngaluarkeun

d)

Duit

38.

Korsi di rompok téh tos seueur nu rusak.

Kalimah di luhur téh maké harti . . .

a)

Konotatif

b)

Dénotatif

c)

Paribasa

d)

Babasan

39.

Pék hidep regepkeun sajak di handap ieu!


Sangkuriang ngaran kuring,

ti beurang tukang carincing,

ti peuting tukang ngalinjing,

néangan indung nu nundung,

ah! kuring hirup nyingkahan kabingung.


Sajak di luhur ka asup conto sajak anu maké purwakanti . . .

a)

Rantayan

b)

Runtuyan

c)

Rantayan jeung runtuyan

d)

Wirahma

40.

Jejer sajak "Aki jeung Balon" téh nyaéta . . . . .

a)

Kaéndahan alam

b)

Kapahlawanan

c)

Lingkungan hirup

d)

Sosial