Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PENILAIAN TENGAH SEMESTER BASA SUNDA KELAS 6A

Total questions: 30

Worksheet time: 30mins

Name
Class
Date
1.

Entragan ngora salaku entragan penerus bangsa jeung nagara, kecap "entragan" hartina nyaeta....

a)

persaudaraan

b)

generasi

c)

permainan

d)

terlupakan

2.

Ku ayana HP, dunya anu sakitu legana teh karasa jadi leuwih heureut, dunya teh jadi taya watesna, anu disebut mangsa.....

a)

tehnologi

b)

dunya maya

c)

globalisasi

d)

informasi jeung komunukasi

3.

Sakur kecap dina basa Sunda anu asalna tina basa asing atawa basa kosta jeung basa dulur, nyaeta.....

a)

kecap tehnologi

b)

kecap serapan

c)

kecap kaayaan

d)

kecap injeuman

4.

Kecap "abdi" nyaeta kecap serapan tina basa.....

a)

Inggris

b)

Arab

c)

Walanda

d)

Sansekerta

5.

Kecap "cap" nyaeta kecap serapan tina basa.....

a)

Cina

b)

Inggris

c)

Perancis

d)

Portugis

6.

Kecap "komputer" nyaeta kecap serapan tina basa....

a)

Walanda

b)

Inggris

c)

Arab

d)

Cina

7.

Di handap ieu anu teu kaasup kana istilah tehnologi, nyaeta......

a)

robot

b)

parabola

c)

dinamo

d)

payung

8.

Alat komunikasi di jero nagara nu gunana pikeun ngalancarkeun siaran televisi, nyaeta.....

a)

dinamo

b)

kipas angin

c)

tanaga surya

d)

satelit domestik

9.

Kecap Agresi nyaeta serapan tina basa Walanda, anu hartina.....

a)

wakil salahsahiji pausahaan

b)

panarajang, pangrurug

c)

piagam, ijajah

d)

buku anu eusina potret

10.

Kalimah anu caritaanana mangrupa kecap atawa runtuyan kecap barang disebutna....

a)

kalimah kaayaan

b)

kalimah pananya

c)

kalimah barang

d)

kalimah pasip

11.

Di handap ieu anu teu kaasup kana kalimah barang, nyaeta....

a)

imahna gedong

b)

sapatuna kulit domba

c)

dulurna boga dua

d)

meja tulisna teh tina kai jati

12.

Kuring boga buku salosin, kecap barang dina kalimah barang bieu, nyaeta.....

a)

kuring

b)

boga buku

c)

salosin

d)

kuring boga

13.

Kamajuan jaman kudu dibarengan ku.....

a)

waragad

b)

katakwaan

c)

diajar

d)

listrik

14.

Anu henteu kaasup kana istilah tehnologi dina komputer, nyaeta...

a)

leptop

b)

plesdis

c)

unduh

d)

SMS

15.

Anu teu kaasup kecap serapan tina basa Inggris, nyaeta......

a)

agen

b)

komputer

c)

bodigar

d)

diploma

16.

Kagiatan paguneman tanya jawab pikeun ngumpulkeun informasi, nyaeta......

a)

dialog

b)

biantara

c)

wawancara

d)

sawala

17.

Anu teu kaasup kana rupa-rupa wawancara, nyaeta......

a)

wawancara wartawan

b)

wawancara panalungtikan

c)

wawancara lamaran gawe

d)

wawancara biantara

18.

Lamun ngawawancara, aya sawatara hal anu perlu diesotkeun, iwal.....

a)

narasumber

b)

waktu jeung tempat

c)

daptar pananya

d)

cendramata

19.

Dina nyusun pananya aya rumus anu disingget....

a)

4W + 1H

b)

5W + 1H

c)

6W + 1H

d)

5H + 1W

20.

Dagangan henteu laku (payu), nyaeta....

a)

dadasar

b)

emper

c)

elos

d)

ngembreuk

21.

Di handap ieu mangrupa istilah perdagangan, iwal.....

a)

pasar

b)

rugi

c)

dadasar

d)

salosin

22.

Bilangan 25 dina basa sunda disebut.....

a)

salikur

b)

lima likur

c)

sawidak

d)

salawe

23.

Di handap ieu anu kaasup kalimah bilangan, nyaeta....

a)

mandina sapoe tilu kali

b)

anakna kembar

c)

budakna aya loba

d)

imahna lega

24.

Anu teu kaasup kana kalimah bilangan, nyaeta.....

a)

sapatuna dua rampasan

b)

jumlah siswa sakelasna 35 urang

c)

kuring boga gelas salosin

d)

kuring boga buku

25.

Gundukan kecap anu runtuyanana angger atawa matok tur ngandung harti injeuman atawa babandingan lambang kahirupan, disebutna.....

a)

sisindiran

b)

sajak

c)

pupuh

d)

paribasa

26.

Malaweung nepi ka teu apal ka nu keur disanghareupan, nyaeta.....

a)

dagang peda ka Cirebon

b)

dagang oncom rancatan emas

c)

mata dijual ka peda

d)

elmu tungtut, dunya siar

27.

Legok tapak, genteng kadek, hartina nyaeta....

a)

jalma anu rea pangalaman

b)

jalma anu alus rengkah paripolahna jeung basana

c)

hade goreng bebeja heula

d)

nyaritakeun rusiah sorangan nu matak aib

28.

Omong harus......, tuluykeun pasribasa bieu....

a)

genteng kadek

b)

hade basa

c)

batan goong

d)

rancatan emas

29.

Kecap bilangan 60 sok disebut oge....

a)

genep likur

b)

genep puluh

c)

salosin

d)

sawidak

30.

Jalma anu diwawancara, disebut oge....

a)

narasumber

b)

wartawan

c)

pangusaha

d)

panalungtikan