Font size
WorksheetsPenilaian Harian Bahasa Sunda Kelas 5 Pangajaran 6 KD 3.6
Total questions: 20
Worksheet time: 10mins
Salah sahiji karya sastra Sunda anu diréka dina wangun basa ugeran (puisi), teu pati kauger ku patokan-patokan jumlah engang saban padalisan jeung jumlah padalisan dina saban pada disebutna...
Pupuh
Sajak
Guguritan
Sisindiran
Ieu dihandap anu teu kaasup kana adegan batin sajak, nya éta...
Téma
Rasa
Nada
Amanat
Kecap-kecap nu dipake dina sajak umumna kecap-kecap nu ngandung harti ...
Konotatif
Denotatif
Majas
gaya basa
Dina sajak nu judulna Bandung, aya ungkara ; ieu Bandung heurin ku tangtung nu ngandung harti ...
Kota nu kawilang endahna
Kota anu padet pendudukna, jadi puseur pangjugjugan balarea
Kota anu jadi tujuan wisata
kota anu jadi kacapangan
Tema dina sajak maksudna ....
Dasar atawa poko pasualan nu ditepikeun dina sajak
Gambaran kaayaan
Gambaran nu karasa, kadenge atawa katenjo, najan ukur dina wangwangan
Kecap nu dipake pikeun ngantebkeun maksud
Suasana dina sajak maksudna ....
Dasar atawa poko pasualan nu ditepikeun dina sajak
Gambaran kaayaan
Irama, galindengna sora kecap
Amanat pangarang kanu macana
Unsur-unsur dina sajak teh kudu silih rojong. Upamana wae sajak nu temana pati atawa maot tangtu suasana teh kudu ...
Pikasediheun
Pikagumbiraeun
Pikaeraeun
Pikahariwangeun
Sajak nu judulna "Lembur Kuring" ditulis ku ...
Rahmawati
Usep Romli
Ajip Rosidi
Rahmat M.Sas.Karana
Pek baca sempalan sajak ieu di handap!
Kahirupan Mak Anah
Eddo Sy
Ma Anah tukang surabi
sore subuh satia nganti nu meuli
satuhu usaha ngadago rijki
ceuk paribasa najan ngan payu sasiki
Ma Anah dagang surabi
teuing geus ngaliwatan pirang rewu janari
aya rame aya sepi
kauntungan heunteu pasti
....
Purwakanti dina sajak di luhur nyaeta....
a-a-a-a
a-b-c-d
a-o-a-e
s-m-r-s
Alam Padesaan
Endah alam padesaan
Estu lain pupulasan
Diriung ku gunung-gunung
Dikuriling pasir-pasir
Kidul, kulon, kaler, wetan
Plung-plong matak waas tetenjoan
saha pangarang sajak di luhur?
Astri Martiani Irawan
Mahdar
Aam Amilia
Dian Hendrayana
Patali sareng paroman jeung rengkak polah maca sajak, disebut…
tema
ékspresi
nada
amanat
Maksud anu rek ditepikeun ku pangarang sajak disebut….
wirahma
ekspresi
amanat
rasa
Sajak "Kota Bandung" karya ti.......
Karna Yudibrata
Azahra Annisa Putri
Godi Suwarna
Soni Fari
Sajak mangrupakeun...
karya seni
karya lukis
karya sastra
karya idola
Aya sabaraha padalisan Sajak " Candi Cagkuang" ...
Dua
Tilu
Opat
Lima
Istilah pada dina sajak Sunda téh nyaéta...
Bait
Baris
Suku kata
Kecap
Istilah padalisan dina sajak Sunda téh nyaéta...
Baris
Bait
Suku kata
Kecap
Padeukeutna sora kecap boh di awal, di tengahm, atawa si ahir ngarana ....
purwakanti
gaya basa
citraan
pilihan kecap
Puisi anyar disebut oge.................
Sastra
Prosa
Sajak
Karangan
Alam Padesaan
Endah alam padesaan
Estu lain pupulasan
Diriung ku gunung-gunung
Dikuriling pasir-pasir
Kidul, kulon, kaler, wetan
Plung-plong matak waas tetenjoan
Sajak di luhur diwangun ku ... padalisan
3
4
5
6
