Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

SOAL PTS 2 BAHASA SUNDA 20-21

Total questions: 30

Worksheet time: 2hrs 30mins

Name
Class
Date
1.

Nyarita dihareupeun jalma rea pikeun nepikeun hiji hal sacara jelas disebut . . . .

a)

Bewara

b)

Biantara

c)

Diantara

d)

Nusantara

2.

1. Biantara dina basa Indonesia sarua hartina jeung . . . .

a)

Diskusi

b)

Rapat

c)

Upacara

d)

Pidato

3.

Dihandap ieu anu kaasup biantara resmi nyaéta . . . .

a)

Upacara

b)

Ulang taun

c)

Riungan dulur

d)

Acara hiburan

4.

Métode atawa tehnik biantara langsung tanpa nyiapkeun téks disebut . . . .

a)

Métode nalar

b)

Métode maca naskah

c)

Métode impromtu

d)

Métode catetan inti biantara

5.

Sakitu biantar ti abdi ngawakilan rerencangan sadaya, kirang sareng langkungna neda dihapunteun ku sadaya. Hatur nuhun.


Kalimah di luhur kaasup kana bagean bintara . . . .

a)

Kalimah bubuka

b)

Eusi biantara

c)

Kalimah panutup

d)

Salam panutup

6.

Ayeuna saleresna urang sadaya bakal papisah, ti sakola anu dipicinta ku urang sadaya. Mugia naon anu diajarkeun ku Bapak sareng Ibu Guru, tiasa diamalkeun ku urang sadaya kanggé hal anu positif, sareng aya manfaatna. Mugia amal ibadah Bapak sareng Ibu Guru anu tos ikhlas ngajar urang sadaya dugi kapinter, kénging balesan ti Allah SWT.


Kalimah di luhur kaasup kana bagéan biantara . . . .

a)

Kalimah bubuka

b)

Eusi biantara

c)

Salam panutup

d)

Kalimah panutup

7.

Neda dihapunteun.

Kecap di luhur bahasa Indonesiana . . . .

a)

Mohon sabar

b)

Mohon pamit

c)

Mohon doa restu

d)

Mohon dimaafkan

8.

Sakitu biantar ti abdi ngawakilan rerencangan sadaya, kirang sareng langkungna neda dihapunteun ku sadaya. Hatur nuhun.

Éta kekecapan teh mangrupa.....tina biantara

a)

bubuka

b)

eusi

c)

panutup

d)

kacindekan

9.

Nu kaasup bagian-bagian biantara, nyaéta ....

a)

Bagian bubuka

b)

Bagian tetengahan

c)

Bagian tungtung

d)

Bagian sisi

10.

Bagian bubuka biantara nyaéta nepikeun .....

a)

Ucapan hatur nuhun

b)

Ucapan du'a

c)

Muji sukur ka Gusti Allah SWT

d)

Menta hampura

11.

Dongeng anu ngaran tokohna Prabu Sempur nyaritakeun . . . .

a)

Sasakala Prabu Sempur

b)

Sasakala lauk badag

c)

Sasakala lauk emas

d)

Sasakala ujing jeung anjing

12.

Tujuan Prabu sempur ngalalana, nyaeta . . . .

a)

Neangan jimat

b)

Neangan élmu

c)

Neangan lauk emas

d)

Neangan ingon-ingon

13.

Prabu sempur nitah ucing jeung anjing mawa jimat ka . . . .

a)

Pasar

b)

Walungan

c)

Leuweung

d)

Tukang kamasan

14.

Saha anu cilaka katinggang tangkal kai . . . .

a)

Oray

b)

Ucing

c)

Anjing

d)

Lauk

15.

Sanggeus oray ditulungan jleg éta oray téh jadi . . . .

a)

Nini-nini

b)

Budak leutik

c)

Aki-aki

d)

Bapa-bapa

16.

Prabu Sempur teu langsung nulungan oray nu katinggang kai sabab . . . .

a)

Sieun dibéré jimat

b)

Sieun ngaganggu

c)

Sieun dituturkeun

d)

Sieun dipiceun

17.

Kai anu ninggang oray téh tuluy diangkat ku Prabu Sempur dibantuan ku . . . .

a)

Aki-aki

b)

Warga

c)

Lauk emas

d)

Ingon-ingonna

18.

Naon sababna éta aki-aki méré jimat ka Prabu Sempur . . . .

a)

Sabab geus nganteurkeun ka tukang kamasan

b)

Sabab geus mangalakeun lauk emas

c)

Sabab geus nulungan ngangkat kai

d)

Sabab geus ngurus ingon-ingon

19.

Kumaha bentukna éta jimat nu dibéré ku aki-aki téh . . . .

a)

Pasagi sagédé indung leungeun

b)

Pasagi sagédé curuk leungeun

c)

Pasagi sagédé cingir leungeun

d)

Pasagi sagédé dampal leungeun

20.

Naon anu matak ucing jeung anjing pasea silih herengan . . . .

a)

Parebut jimat

b)

Parebut ngojay

c)

Parebut lauk

d)

Parebut nginum

21.

Hadirin hormateun simkuring, dina danget ieu simkuring bade ngadugikeun sababaraha perkawis.


Kalimah di luhur kaasup bagian bubuka dina biantara.

a)

BENER

b)

SALAH

22.

Orator nyaéta jalma nu ahli dina biantara.

a)

BENER

b)

SALAH

23.

Basa nu digunakeun dina biantara ilaharna ngagunakeun basa sunda lemes.

a)

BENER

b)

SALAH

24.

Tehnik nalar nyaéta téhnik biantara anu ngagunakeun téks (naskah) nu geus disadiakeun

a)

BENER

b)

SALAH

25.

Bagian-bagian dina biantara aya dua nyaéta bubuka jeung panutup.

a)

BENER

b)

SALAH

26.

Jimat ngacleng tuluy disanggap ku lauk gede, awakna tuluy ngempur hurung kawas emas.

a)

BENER

b)

SALAH

27.

Dongéng “Sasakala Lauk Emas” nyaritakeun asal muasalna Prabu Sempur.

a)

BENER

b)

SALAH

28.

Prabu Sempur boga ingon-ingon nyaéta ucing jeung lauk.

a)

BENER

b)

SALAH

29.

Basa ucing jeung anjing paséa éta jimat ngacleng tuluy di dahar ku hiji lauk anu kawilang gedé.

a)

BENER

b)

SALAH

30.

Jimat nu dibéré keur Prabu Sempur téh warnana konéng hurung.

a)

BENER

b)

SALAH