NEW
Font size
WorksheetsASESMEN SUMATIF AKHIR SEMESTER BAHASA SUNDA KELAS 6
Total questions: 25
Worksheet time: 4mins
Béré tanda cakra (x) dina aksara a, b, c, atawa d dihareupeun jawaban anu bener!
Pangaruh globalisasi ngalantarakeun mekarna kabeungharan kecap basa daérah keung basa Indonésia. Kecap-kecap serepan tina basa deungeun asup kana basa Sunda jeung basa Indonésia ku ayana globalisasi. Kecap-kecap anu teu aya sasaruaanana nambahan kana basa Sunda jadi kecap serepan anu beuki nyiptakeun kabeungharan basa daérah kaasup basa Sunda.
Nanging ti kitu, globalisasi ogé méré pangaruh séjén anu dampak na lalaunan kakara karasa ayeuna diantarana para pamuda nu leuwih milih diajar ngagunakeun basa dengeun tuluy ninggalkeun basa daérah lantaran dianggap géngsi ogé ngagambarkeun ciri jeung gaya hirup modern. Peran média nu beuki ngalegaan teu diimbangan ku usaha sosialisasi basa daérah anu hadé jeung bener ngajadikeun masarakat kiwari leuwih resep ngawasaan basa deungeun. Kukituna lamun masarakat urang tepika paéheun dina ngagunakeun basa Sunda, laun-laun basa Sunda bisa tilem lantaran jarang dipaké. Kitu deui lamun hésé néang jelema nu ngawasaan basa Sunda.
Pangaruh goréng globalisasi nurutkeun wacana di luhur, nyaeta ….
A. Basa Sunda nu laun-laun nambahan kabeungharan kecap lantaran pangaruhna
B. Gaya hirup modern anu laun-laun bisa nilemkeun basa Sunda
C. Peran média nu beuki ngalegaan teu diimbangan ku usaha sosialisasi basa daérah
D. Laun-laun nambahan kecap-kecap serepan tina basa deungeun kana basa Sunda
Laun-laun basa Sunda bisa tilem lantaran jarang dipaké.
Harti kecap anu digaris handap dina kalimah di luhur nyaéta….
A. titeuleum
B. tikelebuh
C. ngalengit
D. paéh
Kalimah anu ngagunakeun rarangkén hareup pang- nyaéta ....
A. Modél baju ieu pang alusna lantaran kaluaran anyar
B. Buah sadingkul nu di panggul kamari ku bapa
C. Kaparengan Mira jeung Asép panggih di pasar
D. Éta pangajul ampihan sing apik ulah ditunda dimana waé
Kalimah anu merenah pikeun harti paribasa ulah nepi ka jati kasilih ku junti nyaéta ...
A. Ngawitan ayeuna mah biasakeun cicing di imah bisi engké na tepika jati kasilih ku junti
B. Dina jaman globalisasi urang kudu mageuhan jati diri, ulah nepi ka jati kasilih ku junti
C. Ari diajar téh kudu fokus, ulah sok bari ngomé HP bisi kawas jati kasilih ku junti
D. Barudak paraséa kawas jati kasilih ku junti
Baca paguneman di handap pikeun ngajawab soal nomer 5-6!
1. Dava : “Dul, énjing badé luring?”
Abdul : “Nya badé atuh Dav. Na kumaha kitu?”
Dava : “ Abdi mah moal tiasa eung, badé ngiring ka Cimahi.”
Abdul : “Oh, kitu!”
Dava : “Muhun, pangawartoskeun ka ibu nya!”
Abdul : “Nya aya naon, bet ka Cimahi?”
Dava : “Tos lami wé hoyong ka Aki.”
Abdul :”Siap ké diwartoskeun.”
Dava : “ Nuhun nya, Dul.”
Numutkeun tina paguneman di luhur, kecap luring saharti jeung ....
A. diajar tina internét
B. diajar tina HP
C. diajar online
D. diajar langsung jeung guru
Kasimpulan tina paguneman di luhur nyaéta ....
A. Abdul nitip béja rék diajar luring jeung bu guru
B. Dava moal bisa luring lantaran indit ka Cimahi
C. Dava nitip béja rék diajar luring jeung bu guru
D. Abdul moal bisa luring lantaran indit ka Cimahi
Barudak keur nyarépak bal di lapang sakola.
Kecap nyarépak asal kecapna tina ....
A. nyépak
B. sépak
C. sésépak
D. nyépakan
Abdi mios tipayun ka sakola margi bilih kasiangan.
Antonim tina kecap mios nyaéta ....
A. indit
B. miang
C. wangsul
D. Angkat
kecap di handap ieu anu kaasup kana musibah nyaeta ....
A. batuk
B. sariawan
C. caah
D. ulin ka gunung
Kabersihan teh pangkal ....
A. kasenangan
B. kasehatan
C. kasugihan
D. kasangsaraan
Tokoh nu ngalalakon atawa nu dilalakonkeun dina carita disebutna ....
A. galur
B. téma
C. unsur
D. palaku
Sagala pitunjuk atawa katerangan nu aya kaitanana jeung tempat dina hiji carita disebutna ... .
A. latar tempat
B. latar waktu
C. amanat
D. palaku
..., ieu sirah mani nyeri tidagor kana tihang!
Kecap panyeluk anu merenah keur ngalengkepan kalimah di luhur, nyaéta ....
A. Aduh
B. Wah
C. Éh
D. Ambuing
Di handap ieu kecap - kecap nu ngandung rarangken tukang -ing/-ning iwal . . .
A. mungguhing
B. kersaning
C. ceceting
D. bakating
Di handap ieu anu lain kalimah aktif nyaeta . . .
A. Mang Nana keur ngala buah
B. Kang Dudung meuncit hayam
C. Bapa ngala lauk di balong
D. Jang Adang kacugak paku
Di handap ieu anu lain kalimah pasif nyaeta . . . .
A. Si Dede keur diacukan ku Ibu
B. Oray diteunggeul ku tangkal sampeu
C. Barudak keur diajar ngawih
D. Buah diala ku Mang Nana
. . . Ku puyeng, Ma Icah ngagubrag.
Kecap anu merenah keur ngeusian titik - titik eta kalimah, nyaeta . . .
A. aya
B. bakating
C. lamun
D. najan
Lanceukna indung/bapa urang disebut . . .
A. bibi
B. paman
C. ua
D. suan
Di handap ieu anu kaasup kana kalimah panyarek nyaeta . . .
A. Mangga kalebet, Pa !
B. Muga - muga urang sadaya lulus !
C. Wan, nambut pamupus !
D. Teu kenging ameng di dinya !
Karangan rékaan (fiksi) anu wangunna pondok, sarta ngan saukur nyaritakeun hiji kajadian téh harti tina..
A. carpon (cerpen)
B. kalimah pananya
C. novel
D. buku
21. Cara nanya ka narasunber kudu ngagunakeun pananya nu alus.
Naon antonimna kecap (lawan kata) alus nyaeta ... .
A. Saé
B. Butut
C. Anyar
D. Mahal
22. Ujian téh nu nangtukeun lulus atawa henteuna diajar disakola.
Naon nu nangtukeun (menentukan) lulus henteuna sakola nyaeta ... .
A. Sakola
B. Lulus
C. Diajar
D. Ujian
23. Buruan sakola katingali éndah. Di sisi jalan kénca katuhu dipelakan rupa-rupa kekembangan nu sareungit.
Naon tarjamahan kecap dipelakan nyaeta ... .
A. Dibuang
B. Dipajang
C. Dihias
D. Ditanam
24. Murid-murid SD Mekar Jaya keur kerja bakti meresihan pakarangan sakola.
Sakabéh murid ti kelas hiji nepi ka kelas genep milu kerja bakti Naon tarjamahan kecap milu nyaeta ... .
A. Mual
B. Diam
C. Sakit
D. Ikut
25. Gambar anu digigir nyaeta kalebet kana pengaruh ... .
A. Budaya
B. Globalisasi
C. Gaya hidup
D. ajang bergengsi
