NEW
Font size
WorksheetsBahasa Sunda Kelas 7
Total questions: 30
Worksheet time: 15mins
Nu ngabédakeun antara dongéng jeung carita pondok carita pondok téh nyaéta dongéng mah...
a. Eusina loba pamohalanana
b. Kapanggih pangarangna
c. Palakuna saeutik
d. Eusina kahirupan sapopoé
Hal nu jadi jejer carita atawa topik utama dina dongéng disebut..
a. Amanat
b. Latar
c. Téma
d. Palaku
Amanat téh nyaéta hal anu hayang ditepikeun nu.. dina jero karyana.
a. Nu maca
b. Pangarang
c. Nu ngadéngékeun
d. Penerbit
Palaku nu mibanda sifat hadé disebut..
a. Anatogis
b. Protagonis
c. Utama
d. Tambahan
Dongéng- dongéng ngeunaan Si Kabayan kaasup kana dongéng...
a. Fabel
b. Legenda
c. Parabel
d. Sasakala
Ieu di handap nu lain dongéng sasakala nyaéta ..
a. Situ Bagendit
b. Si Kabayan
c. Sangkuriang
d. Gunung Geulis
Dongéng anu ceritana mirip jeung carita sajarah disebut...
a. Babad
b. Legenda
c. Sasakala
d. Sajarah
Palaku antagonis téh nyaéta palaku...
a. Anu hadé
b. Anu goréng
c. Utama
d. Tambahan
Rarangkén tengah téh parenahna di... kecap nu dirarangkénan.
a. Tengah-tengah
b. Tungtung
c. Tukang
d. Hareup
Ari diajarna bener mah soal ulangan téh mani arénténg geuning! Kecap arénténg dina kalimah diluhur ngandung harti.....
a. Saeutik anu énténgna
b. Kabéhanana énténgna
c. Euweuh nu énténgna
d. Hiji nu énténgna
Diantara kecap-kecap ieu di handap, anu ngagunakeun rarangkén tengah-in- nyaéta kecap....
a. Bintang
b. Pinter
c. Kulincir
d. Pinilih
Ulah waka diala buah téh Adun, humaseum kénéh! Kecap humaseum dina kalimah di luhur ngandung arti...
a. Can cukup haseumna
b. Asak tapi haseum
c. Keur meujeuhna haseum
d. Kakara rék haseum
Kalimah anu subjékna migawé pagawéan disebut kalimah...
a. Teu sampurna
b. Paréntah
c. Aktif
d. Pasif
Leungeun Cécép bareuh ku lantaran... lélé, waktu ngabedahkeun balong.
a. Dipacok
b. Digégél
c. Dipatil
d. Diseruduk
Lingkung lembur téh istilah pikeun sora.... hayam jago anu hadé.
a. Kongkorongok
b. Sesegrok
c. Babaung
d. Ngagaur
Iklan téh saéstuna mah mangrupa... anu mibanda tujuan pikeun mangaruhan masarakat (konsumén).
a. Biantara
b. Wawaran
c. Obrolan
d. Paguneman
Iklan nu mibanda tujuan pikeun meunangkeun kauntungan tina jasa ngajual produkna disebut iklan...
a. Komérsil
b. Layanan
c. Non Komérsil
d. Sosial
1. Di handap ieu nu lain fungsi tina iklan layanan masarakat nyaéta...
a. Média komunikasi
b. Média éksprési seni
c. Média atikan
d. Média sosial
Iklan anu ditepikeun ngaliwatan televisi atawa internet disebut iklan dina wangun...
a. Audio
b. Visual
c. Audio-visual
d. Audio-audio
Ulah éra nyarita maké basa Sunda! Ieu ungkara téh mangrupa iklan layanan masarakat nu eusina...
a. Atikan
b. Anjuran
c. Pangajak
d. Panyaram
Conto iklan audio biasana ditepikeun ngaliwatan...
a. Radio
b. Internet
c. Televisi
d. Surat kabar
Iklan nu teu miharep kauntungan material disebut...
a. Iklan layanan komérsil
b. Iklan haratis
c. Iklan layanan masarakat
d. Iklan kulawarga
Iklan layanan masarakat mah saratna teu meunang ngandung....
a. Produk
b. Ajakan
c. Paréntah
d. Panyaram
Salah hiji conto iklan visual nyaéta..
a. Iklan dina televisi
b. Iklan dina poster
c. Iklan dina radio
d. Iklan dina internet
“Urang ka perpustakaan yu!” Ieu ungkara kalimah téh eusina mangrupa....
a. Panitah
b. Pangjurung
c. Pangajak
d. Panyaram
Ahmad indit ka sakola isuk-isuk. Kecap pegawéan dina kalimah di luhur nyaéta...
a. Ahmad
b. Indit
c. Ka sakola
d. Isuk-isuk
Kecap gaganti jalma katilu dina kalimah Manéhna keur ulin di buruan, nyaéta....
a. Manéhna
b. Ulin
c. Keur
d. Di buruan
Dongéng kaasup dina wangun.....
a. Puisi heubeul
b. Prosa anyar
c. Puisi anyar
d. Prosa heubeul
Di handap ieu ciri khas tina dongéng, iwal....
a. Anonim
b. Sumebar sacara lisan
c. Pamohalan
d. Pamoyanan
Dongéng anu pelakuna sasatoan nyaéta dongéng....
a. Fabel
b. Parabel
c. Sagé
d. Mitos
