WorksheetsPTS B.SUNDA 6 SMT 2 THN 2020-2021
Total questions: 30
Worksheet time: 3600secs
Kecap serepan anu asalna tina basa Inggris nyaeta ....
kopeah
gubuk
Akhlak
globalisasi
Tuh tingali, .... mani hejo jeung lega upluk-aplak.
Kecap rarangken pa-an anu merenah nyaeta ....
pasawahan
pamandian
padesaan
pagunungan
Bapak nuju ngetik nganggo komputer.
Kecap komputer teh disebutna ....
kecap pagawean
kecap barang
kecap serepan
kecap pananya
Teh Ani ngawartosan bade sumping ngalangkungan ....
radio
televisi
komputer
telepon
Kecap anu kaasup Istilah teknologi nyaeta ....
satelit
komisi
untung
harga
“urang dina poean kiamat miharep sapa’at ti rosul “.
Sapa’at dina eta kecap hartina ....
pituduh
pitulung
piwuruk
pikarunyaeun
Ieu teh lemburna mah aya di wewengkon Cihideung, Desa Kahuripan Kacamatan Lembang.
Harti kecap wewengkon nyaeta ....
ngaran
lingkungan
tempat lahir
tujuan
Tah di restoran Sunda ge sabisa-bisa sok nyarieun balong dipelakkan lauk, di sakurilingeunnana sawah upluk aplak ngemploh .... . Kecap anu merenah keur ngalengkepan eta kalimah nyaeta ....
bodas
hideung
beureum
hejo
“Alhamdulillah, sabab barokah sareng rahmah Alloh SWT urang sadayana tiasa riung ....” .
Keur ngalengkepan eta kalimah ngagunakeun kecap ....
ngariung
mungpulang
mupulung
mungpulung
Abdi bade ngadugikeun perkawis pentingna ngariksa kasehatan lingkungan.
Kecap Abdi kaasup kana kecap ...
pagawean
sulur
pananya
serepan
Baju kabaya Yuni warna beureum.
Kecap beureum kaasup kana kecap ....
pagawean
barang
sifat
pananya
Mang Komar nyieun kiripik sampeu di dapur.
Kecap pagawean dina eta kalimah nyaeta ....
Mang Komar
nyieun
kiripik sampeu
di dapur
... jenengannana tukang kembang anu diwawancara ku Rania teh ?
Kecap pananya anu keur ngalengkepan eta kalimah pananya nyaeta ...
Saha
Di mana
Mana
Ku saha
Balantik ngabogaan harti ....
silih tawar
buruh ngajual
dagang leleutikan
tempat dagang
Silih tawar antara anu meuli jeung nu dagang disebutna ....
harga
bati
komisi
padurega
Ngarah alus gambarna, televisi teh kudu make ....
radio
pulsa
antena
remot
Tulisan atawa karangan anu eusina ngadadarkeun atawa ngebrehkeun kagiatan indra (panempo,panguping,pangrasa, panyabak, pangambeu) minangka hasil pangalamanana, ngagambarkeun objek sajentre-jentrena disebut ....
narasi
argumentai
eksposisi
deskripsi
Kumpulan tina jutaan komputer di sakuliah dunya anu pacantel (terhubung) antara hiji jeung nu sejenna nyaeta ....
satelit
leptop
internet
parabola
Antene televisi gede, nu bisa nangkep siaran ti mancanagara nyaeta ....
antena
parabola
satelit
modem
kecap anu asalna tina basa deungeun ( asing,batur ) disebut kecap ....
rarangken
pagawean
serepan
panganteb
Informasi ngeunaan globalisasi teh loba pisan, urang tiasa ... tina internet.
browsing
upload
streaming
Kade ayuena mah loba berita ..., ulah sok langsung percaya.
hoax
status
viral
japri
Sanajan keur di jalan, Bapak sareng abdi tiasa nongton langsung pertandingan Persib ... dina internet.
download
upload
streaming
youtube
Basa lemes na tina Kuring nyaeta ...
maneh
urang
abdi
aing
Bu punteun, ... pangaosna ieu sapatu maen bal teh ?
naon
naha
saha
sabaraha
Pak, abdi ... atuh bade mios ti payun bilih kasiangan.
bebeja
permisi
permios
wawartos
Hadena urang kudu loba kanyaho, kabisa jeung bisa nyaba ka mancanegara, ulah ....
heureut lengkah
gurat batu
hampang birit
kurung batok
loba beja palsu di medsos teh, nu matak macana kudu ....
gurat batu
make mikir rangkepan
nurus tunjung
kabawa ku sakaba-kaba
Kecap pananya ditungtungan ku tanda ....
titik
panyeluk
kekenteng
pananya
Ujang keur maraban lauk di balong Aki.
Kecap sulur dina eta kalimah anu ngalakukeun pagawean nyaeta ....
Ujang
maraban
lauk
di balong Aki
