wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PTS B.Sunda kelas VIII

Total questions: 15

Worksheet time: 14mins

Name
Class
Date
1.

Guguritan nya éta karangan dina wangun ....

a)

pupuh

b)

drama

c)

sajak

d)

dongéng

2.

Pupuh téh aya ...

a)

15

b)

16

c)

17

d)

18

3.

Di handap ieu nya éta patokan-patokan pupuh, iwal ....

a)

guru lagu

b)

guru wilangan

c)

jumlah padalisan

d)

jumlah kecap

4.

Guru lagu nya éta sora .... dina unggal padalisan

a)

mimiti

b)

panengah

c)

panungtung

d)

vokal

5.

Guru wilangan nya éta ....

a)

jumlah huruf dina unggal padalisan

b)

jumlah engang dina unggal padalisan

c)

jumlah kecap dina unggal padalisan

d)

jumlah kalimah dina unggal padalisan

6.

Pupuh Durma dina sapadana diwangun ku .... padalisan

a)

6

b)

7

c)

8

d)

9

7.

Unggal pupuh miboga patokan katut watek anu ....

a)

béda

b)

sarua

c)

loba

d)

saeutik

8.

Sipat jalma adat masing-masing

nu rajin nu getol

nu balabah soméah daréhdéh

wijaksana tulatén gumati

lantip amis budi

ampuh lungguh timpuh


Guru wilangan jeung guru lagu dina padalisan katilu nya éta ....

a)

10-é

b)

10-u

c)

11-é

d)

11-u

9.

Pancén panata acara téh di antarana ....

a)

mintonkeun hiburan

b)

muka jeung nutup acara

c)

macakaeun ayat suci Al-qur'an

d)

méré pangbagéa kana lumangsungna acara

10.

Anu umumna aya dina paragraf panutup, iwal ....

a)

du'a

b)

ngahaturkeun nuhun

c)

pangwilujeng ka nu haladir

d)

sasadu ménta hampura tina kasalahan

11.

Nyanggakeun puji sukur ka Allah Swt. biasana aya dina ....

a)

bagéan bubuka

b)

bagéan eusi

c)

bagéan panutup

d)

unggal bagéan

12.

Anu ngabédakeun ceramah atawa rapat jeung acara upacara mah, dina runtuyan acarana sok aya ....

a)

salam

b)

du'a

c)

tanya jawab

d)

panutup

13.

Panata acara sok disebut ogé ....

a)

Panumbu catur

b)

Narasumber

c)

Pangjejer

d)

Protokol

14.

Runtuyan acara ditutup ku ....

a)

biantara

b)

balakécrakan

c)

du'a

d)

sasalaman

15.

Panata acara kudu apal saha-sahana anu baris hadir dina acara, sangkan ....

a)

bener nyebutkeun kabéh ngaran anu hadir dina acara

b)

bener nyebutkeun dina ngahaturan nu baris biantara

c)

bener nyebutkeun dina ngucapkeun pangwilujeng

d)

bener nyebutkeun dina ngatuharan pangeusi acara