wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PTS Bahasa Sunda Kelas 6 Semester Genap

Total questions: 20

Worksheet time: 10mins

Name
Class
Date
1.

Kagiatan tanya jawab antara nu ngawawancara jeung nu diwawancara (narasumber) nu tujuanna keur ngumpulkeun informasi disebutna ....

a)

paguneman

b)

wawancara

c)

talkshow

d)

ngawangkong

2.

Ieu di handap rupa-rupa wawancara, iwal ....

a)

wawancara wartawan

b)

wawancara panalungtikan

c)

wawancara lamaran gawe

d)

wawancara tugas sakola

3.

Ieu di handap kaasup istilah perdagangan, iwal ....

a)

impor

b)

ekspor

c)

bati

d)

dadasar

4.

Kecap-kecap ieu di handap anu teu kaasup tempat jualan, nyaeta ....

a)

toko

b)

warung

c)

saung

d)

jongko

5.

Lamun dagangan henteu payu teh disebutna ....

a)

ngeumbreuk

b)

diretur

c)

rugi

d)

bistelan

6.

Anu henteu kaasup kana kalimah bilangan, nyaeta ....

a)

sapatuna dua rampasan

b)

Dadan meuli buku tulis lima siki

c)

rata-rata peunteun rapotna dalapan

d)

Ahmad mah jangkungna sameter sapuluh

7.

Kecap bantu bilangan anu merenah keur peuteuy, nyaeta ....

a)

sahoya

b)

sakangkot

c)

sapapan

d)

sapereket

8.

Modal dagangna gede, ari nu dijual jeung batina saeutik. Eta kalimah teh mangrupa hartina tina paribasa ....

a)

dagang peda ka Cirebon

b)

dagang oncom rancatan emas

c)

mata dijual ka peda

d)

bibilintik ti leuleutik, babanda ti bubudak

9.

Paribasa hade tata, hade basa ngandung harti ....

a)

hade goreng bebeja heula

b)

alus rengkah paripolahna jeung budi basana

c)

berita gancang nerekabna bari sok ditambahan

d)

jalma anu rea pangalamanna

10.

Pikeun nuluykeun paribasa "legok tapak, ..." nyaeta ....

a)

rea luang

b)

jero kadek

c)

rea pangabisa

d)

genteng kadek

11.

Nepikeun hiji jejer kalawan lisan dihareupeun jalma rea disebut ....

a)

ceramah

b)

kuliah

c)

biantara

d)

nyarita

12.

Olahraga teh rupa-rupa. Aya olah raga anu murah, nyaeta ....

a)

badminton

b)

leuleumpangan

c)

volley ball

d)

basket ball

13.

Masalah kasehatan masarakat teh balukar tina lingkungan anu kurang beresih jeung ....

a)

tara olah raga

b)

pola hirup kurang sehat

c)

sok bagadang wae

d)

dahar tambarakan

14.

Di handap ieu hal-hal anu teu ngabalukarkeun kana lingkungan kurang beresih, nyaeta ....

a)

haseup kendaraan

b)

limbah pabrik

c)

haseup roko

d)

cai walungan

15.

Isuk-isuk kira wanci tabuh salapan bisa ... sabab alus keur kasehatan.

a)

moyan

b)

nyeuseuhan

c)

popoe

d)

leuleumpangan

16.

Assalamualaikum wr. wb.,

Sampurasun! Ibu-ibu sinareng bapa-bapa guru anu ku sim kuring dipihormat, Barudak nu ku bapa dipikadeudeuh.


Sempalan wacana di luhur mangrupa bagian tina ....

a)

salam pamuka biantara

b)

bubuka biantara

c)

eusi biantara

d)

pamungkas biantara

17.

Kasakit dina baham lantaran panas beuteung disebutna ....

a)

ewateun

b)

balideg

c)

barusuh

d)

jangar

18.

Mindeng gering, ririwit atawa tiktikbrek disebutna ....

a)

ngararey

b)

gudawang

c)

hareeng

d)

geringan

19.

Di handap ieu mangrupa kecap kaayaan nuduhkeun rasa, iwal ....

a)

amis

b)

pait

c)

hangru

d)

peuheur

20.

Di handap ieu anu teu kaasup kana kalimah kaayaan, nyaeta ....

a)

acuk Wati mah koneng

b)

calana kuring teh landung teuing

c)

baju anyar mah kudu diseuseuh heula

d)

Neng Susi mah wanter