wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

UJIAN MADRASAH BASA SUNDA KELAS 6 2020/2021

Total questions: 35

Worksheet time: 3hrs 20mins

Name
Class
Date
1.

Hasiat Buah Alpuket

Loba nu resep kana jus alpuket téh. Jaba ti ngeunah, hargana ogé murah. Buah alpuket matak séhat kana kulit jeung padaharan. malah sok dipaké

kuramas atawa krimbat. malah bisa nyageurkeun rambut garing anu loba teuing dicét. Alpuket ngandung vitamin A, B, C jeung È. Alus keur ngalancarkeun jalan getih dina awak urang. Malah bisa nurunkeun résiko struk (stroké) jeung serangan jantung.


Dumasar kana ungkara di luhur, anu kaasup hasiat buah alpuket nyaéta bisa dipaké keur . . . .

a)

ngalemeskeun kulit, ngubaran rambut garing, ngalancarkeun jalan getih, struk, jeung serangan jantung

b)

ngubaran nyeuri beuteung, darah tinggi, jeung muriang

c)

ngubaran panyakit kulit, muriang,jeung méncrét

d)

ngubaran panyakit ateul, ngecét rambut jeung bronhitis

2.

Hasiat Buah Alpuket

Loba nu resep kana jus alpuket téh. Jaba ti ngeunah, hargana ogé murah. Buah alpuket matak séhat kana kulit jeung padaharan. malah sok dipaké

kuramas atawa krimbat. malah bisa ngaeurkeun rambut garing anu loba teuing dicét. Alpuket ngandung vitamin A, B, C jeung È. Alus keur ngalancarkeun jalan getih dina awak urang. Malah bisa nurunkeun résiko struk (stroké) jeung serangan jantung.


Naon nu jadi jejer bacaan tadi téh ….

a)

Alpukeut disabudeureun urang

b)

harga Alpuket jadi mahal

c)

hasiat buah Alpuket

d)

Alpuket keur langka

3.

Sabalikna tina kecap lemes “angkat”, nyaéta . . . .

a)

indit

b)

balik

c)

mulang

d)

mulih

4.

Langlayangan diapungkeun ku Wawan

Kalimah diluhur dirangkey ku rarangken . . . .

a)

di-

b)

di-eun

c)

di-keun

d)

-keun

5.

Eusi stikér di luhur ngeunaan . . . .

a)

kudu eling kana kaberesihan

b)

urang kudu ngirit cai

c)

ati-ati dina miceun runtah

d)

ulah jajan dimana waé

6.

Kalimah ieu dihandap anu kaasup kalimah paménta nyaéta . . . .

a)

Hayu urang ulin ka musieum geologi!

b)

Pa, hoyong ngaraosan atuh kolek cau téh!

c)

Kunaon Wawan teu ka Sakola?

d)

Cik atuh ari ka kolot mah kudu sopan atuh!

7.

Kumaha kaayaan pasawahan di lembur kuring ….

a)

heurin

b)

upluk-aplak

c)

heureut

d)

biru paul

8.

Sabaraha pada sajak “Lembur Kuring”. . . .

a)

1

b)

2

c)

3

d)

4

9.

Ngaran kaulinan barudak jaman baheula nyaéta . . . .

a)

boy-boyan

b)

jajampanaan

c)

sondah

d)

beklen

10.

Kaulinan anu has diulinkeun ku barudak lalaki, nyaeta …..

a)

oray-orayan

b)

congklak

c)

beklen

d)

ngadu kaleci

11.

Baca pupuh!

Urang kudu boga sobat dalit,

keur silih tulungan,

silih titipkeun nya diri,

ngarah hirup henteu susah


pupuh diluhur téh kaasup kana pupuh . . . .

a)

pucung

b)

kinanti

c)

magatru

d)

maskumambang

12.

Jumlah guru wilangan padalisan kahiji "Urang kudu boga sobat dalit", nyaéta . . . .

a)

7 engang

b)

8 engang

c)

9 engang

d)

10 engang

13.

Anu disebut guru lagu dina pupuh téh nyaéta . . . .

a)

sora awal dina unggal padalisan

b)

sora tungtung dina unggal pada

c)

sora tungtung dina unggal padalisan

d)

sora nu sarua dina padalisan

14.

Watek pupuh magatru téh, nyaéta. . . .

a)

heureuy jeung banyol

b)

rasa katentraman jeung kawasaan

c)

sedih atawa prihatin

d)

rasa kadeudeuh jeung kanyaah

15.

Kalimah anu saluyu jeung paguneman di luhur nyaéta . . . .

a)

Pa Jaja papendak sareng Wa Atang di jalan.

b)

Néndén putrana Wa Atang

c)

Wa Atang nganjang ka bumi Pa Jaja

d)

Pa Atang sering patepang sareng Wa Jaja

16.

Kalimah pananya nu saluyu pikeun jawaban ka Lina, nyaéta . . . .

a)

Lina, kumaha geus cageur?

b)

Lina, bade kamana?

c)

Lina, aya dimana

d)

Lina, aya naon kadieu?

17.

“ Jeung dulur téh kuring ayeuna mah pareumeun obor, sabab indung bapana geus teu aya.”

Babasan pareumeun obor, ngandung harti . . . .

a)

teu nyaho ka baraya

b)

geus euweuh nu ngurus

c)

hirup nu geus taya batur

d)

hirup euweuh pamuntangan

18.

Atep pamaen Persib Bandung anu kasohor di Jawa Barat.

Kecap kasohor sarua hartina jeung . . . .

a)

kakara

b)

kakoncara

c)

kakaratak

d)

keketir

19.

Karangan dina wangun lancaran (prosa) anu ukuranna pondok disebutna ….

a)

dongéng

b)

skétsa

c)

carpon

d)

carita wayang

20.

“Wanda téh sakolana geus kelas VI.”

Kalimah pananya anu cocok keur éta jawaban, nyaéta . . . .

a)

Naon ngaran sakola Wanda téh?

b)

Dimana Wanda téh sakolana?

c)

Sok kana naon Wanda téh ka sakolana?

d)

Kelas sabaraha Wanda téh sakolana ?

21.

Kalimah dihandap ieu anu salah nulis huruf kapital, nyaéta . . . .

a)

Dudi sakelas jeung Wandi.

b)

Dimana bumina Pak Doni téh

c)

Bapa nembé mulih ti subang

d)

Bu Lilis nembé mulih ti Jakarta

22.

wacana anu eusina nyaritakeun ngeunaan kahirupan hiji jalma, ilaharna mah tokoh atawa inohong anu sukses dina kahirupan disebut …..

a)

otobiografi

b)

monografi

c)

biografi

d)

bibliografi

23.

Paribasa " hade tata, hade basa " ngandung harti . . . .

a)

dagang barang ka tempat asalna

b)

hade goreng bebeja heula

c)

alus rengkah paripolahna jeung budi basana

d)

jalma anu rea pangalamana

24.

Titénan unsur –unsur carita!

(1) téma

(2) Guru wilangan

(3) palaku

(4) galur carita

(5) padalisan

(6) amanat

Anu teu kaasup unsur carita pondok nyaéta nomer . . . .

a)

(4) jeung (6)

b)

(2) jeung (5)

c)

(3) jeung (5)

d)

(1) jeung (3)

25.

Kecap kedul ngabogaan harti sabalikna tina kecap. . . .

a)

melid

b)

males

c)

bangor

d)

getol

26.

Susunan unsur pidato anu benér dihandap ieu diantarana . . . .

a)

salam bubuka, pamuka, eusi, panutup

b)

salam pamuka, bubuka, eusi, panutup, salam panutup

c)

salam pamuka, eusi, bubuka, salam panutup, panutup

d)

salam bubuka, eusi, pamuka salam panutup

27.

"Sakitu waé biantara ti bapa. mugi-mugi waé aya mangpaatna. Wassalamualaikum wr. wb"

Punggelan biantara di luhur kaasup kana unsur bagian . . . .

a)

salam pamuka

b)

bubuka biantara

c)

panutup biantara

d)

salam panutup

28.

Kecap kaayaan atawa kecap sipat anu nuduhkeun rasa, nyaéta . .

a)

koneng, alus, amis

b)

amis, pait, pangset

c)

panjang, pondok, jangkung

d)

caang, poek, ceudeum

29.

Kecap katerangan tina kecap amis, nyaeta . . . .

a)

kedeplik

b)

ngabetrak

c)

ngagebay

d)

kareueut

30.

Jalak bali atawa Curik bali téh nyaeta manuk nu panjangna 25 cm, manuk nu resep disada, warna buluna bodas, mangrupa sato nu hirupna matuh di hiji tempat (éndemik) nu aya di pulo Bali Beulah kulon. Ieu manuk téh minangka sato éndemik pulo Bali nu masih aya, sanggeus maung (harimau) Bali geus teu aya di kieuna. Ti mimiti taun 1991, sato nu kagolong kana katégori langka téh digolongkeun jadi “fauna Identitas” (maskot) di Provinsi Bali.

Jalak Bali kagolong kana katégori langka. Kécap langka maksudna . . . .

a)

ampir punah

b)

gering parna

c)

teréh paéh

d)

punah

31.

Jieun kalimahna ngeunaan poster hemat energi!

4 lines
32.

Titénan sing gemet kalimah acak di handap ieu!

(1) Sampeu di pesék cangkangna, tuluy dikumbah, sarta di parud.

(2) Geus asak mah dijait, tuluy dipoé nepi ka garing.

(3) Geus kitu diseupan ngarah asak.

(4) Parudan sampeu dicampuran ku uyah, bawang daun beunang nyiksikan saperluna

(5) Geus kitu mah, galokeun nepi ka rata.

(6) Adonan sampeu diémple-emplé sina ipis dibuleudkeun atawa dilonjongkeun

Susun ku hidep cara nyieun kicimpring!

4 lines
33.

Jieun sajak sapada (1 bait) temana ngeunaan kaendahan alam!

4 lines
34.

Jieun 3 kalimah make kecap parentah !

4 lines
35.

Jieun paragraf deskripsi ngeunaan kerja bakti antara 3-5 kalimat !

4 lines