WorksheetsUJIAN SEKOLAH BAHASA SUNDA KELAS IX
Total questions: 40
Worksheet time: 20mins
Baca pupujian dihandap!
karasa keur sakarat
nyerina kaliwat-liwat
kana ibadah diliwat
tara ngalakukeun ibadat.
jalma nu kumaha nu bakal ngarasakeun nyerina sakarat teh!
tara ulin
tara pupujian
tara ibadat
tara barang dahar
salah sahiji hasil karya sastra sunda dina wangun puisi atawa ugeran sok disebut
pupujian
syair
prosa
karangan
pupujian teh asalna tina syair nyaeta puisi anu asalna tina .
inggris
india
Arab
Jawa
ngagalindeungkeun atawa ngalagukeun pupujian teh disebutna
nadoman
deklamasi
manggung
monolog
Kajadian anu istimewa teh disebutna...
informasi
fakta
warta
peristiwa
ringkesan ngeunaan hiji kagiatan, kaayaan, atawa hal naon wae anu geus kaalaman atawa kalaksanakeun, disebutna...
informasi
warta
fakta
laporan
Nu Kaasup kecap pagawean nya eta . . . .
masak
papan
kai
meja
nu kaasup kana sipat nya eta . . .
ucing
tiung
ngewa
bageur
Bedana ngadongéng jeung ngalaporkeun kajadian nyaéta dina …
Eusina
Bubuka
Panutup
Salam bubuka
Kecap nu dianggo jang nanya ka batur disebatna ....
kecap panghubung
kecap pananya
kecap bilangan
paribasa
Naon nu dimaksud wawancara teh?
kagiatan jeung babaturan
kagiatan paguneman tanya jawab
kagiatan di sakola
kagiatan pateuteup raray
Kecap anu make rarangken tengah -um nyaeta . . .
Bareurang
Sumujud
Rarepot
Baroga
Kecap anu make rarangken tengah -in nyaeta . . .
Sinareng
Karampa
Sumerah
Simbutan
Ieu di handap, ungkara iklan layanan masarakat ieu eusina pangajak, iwal ....
Sing Irit Maké Listrik
Sing Taat Mayar Pajeg
Singkahan Narkoba
Sing Getén Miara Leuweung
Hirup babarengan silih asih jeung sasama luyu jeung kabiasaan hirup . . . .
sauyunan
pasalia
parasea
aing-aingan
Hirup sauyunan bisa katingali ku cara . . .
Silih asih
silih poyok
silih penta
silih ledek
lagam basa anu digunakeun nalika biantara nyaeta
loma
hormat
kasar
lemes
kagiatan nyarita hareupeun balarea, kalawan eusina luyu jeung tujuan nu rek ditepikeun
biantara
wawaran
pedaran
tarjamahan
sisindiran
mana struktur biantara anu bener
bubuka, eusi, panutup
bubuka mukadimah, panutup
bubuka, kacindekan, panutup
bubuka, salam bubuka, panutup
maksud jeung tujuan biantara ilaharna aya dina
eusi
salam bubuka
bubuka
panutup
Tehnik Biantara anu pangalusna nya eta..........
Dibaca
Ditalar
Nyatet bagian penting tina biantara
Ngadadak
Tempat sarena santri di lingkungan pasantren disebutna
Kobong
Leuit
Lio
Masigit
Anu ngatur acara dina kagiatan disebut.......
Panata acara
acara
panata
pamilon
Bapak kapala sekolah nu di pihormat, ku sim kuring, ibu miwah bapak guru anu dihormat, langkung tipayun mangga urang sami-sami muji syukur ka Gusti Nu maha Agung.......
Ungkaran diluhur teh ka asup.......
Bubuka
panutup
Eusi
panghaturan
Nuliskeun titimangsa surat anu bener teh….
Bandung, 20 Januari 18
Bandung 11 Januari 18
Bandung, 16 Juli 2018
Bandung: 21 Juni 2018
Bagean surat anu netelakeun ka saha jeung ka mana ditujulkeunana surat disebut….
alamat surat
bubuka surat
titimangsa surat
panutup surat
surat anu dikirimkeun tihiji jawatan atawa instansi ka hiji jalma atawa ka jawatan/instansi deui di sebut surat…..
resmi
pribadi
uleman
dines
surat anu ditulisna ku salasaurang jalma tur dikirimna ka jalma lianna disebut surat….
resmi
pribadi
uleman
dines
Urang teh kudu hade kanu jadi indung, sabab induh teh sumber kamulyaan nu jadi anak. Ceuk paribasa oge…..
Mipit kudu amit ngala kudu bebeja
Mihape hayam ka heulang
Indung tunggul rahayu bapa tangkal darajat
Buruk-buruk papan jati
kacai jadi saleuwi.......
lengkepan paribasa di luhur...
kadarat jadi cai
kadarat saat
kadarat jadi salebak
kadarat sauyunan
Wacana
Pa Tani
Karangan : Mang Koko
Leumpang gagancangan
Muru pagawéan
Ngagidig leumpang pa tani
Paculna dipanggul, bari udud ngebul
Mapay jalan nu sasari
Datang-datang gecruk macul
Ngolah sawah ambéh cukul
Bapa tani jongjon
Ngolah sawah kebon
Ngadekul ngagarap hanca
Kuat kahujanan, kuat kapanasan
Tulatén ngurus pakaya
............................................................
Dicutat tina Rinéka Basa
Kelas IX-A Semester 1 Padalisan anu merenah pikeun ngalengkepan rumpaka kawih di luhur nyaéta....
Bapa Tani gecruk macul, babakti ka lemah cai.
Datang-datang ahli bakti, babakti ka lemah cai.
Bapa Tani ahli bakti, ngolah sawah ambéh cukul.
Bapa Tani ahli bakti, babakti ka lemah cai
Wacana
Ulangan Ngadadak
Karangan : Wawan Agus Purnama
Peuting tadi di lembur kuring aya anu nanggap wayang. Kuring lalajo nepi ka jam tilu subuh. Ramé tuda, lalakonna pikaresepeun. Katambah dalangna geus kasohor.
Teu inget saeutik gé lamun isuk téh kudu sakola. Da sasarina mah ari aya lalajoaneun téh sok malem minggu. Éta ogé hudang sotéh bané wé digeuingkeun ku Ema.
“Ujang, naha moal sakola?”
Kuring ngoréjat. Rét kana jam, geus satengah tujuh. Gesat-gesut ka cai. Teu mandi-mandi acan, da sieun kabeurangan.
Di jalan mani geus coréngcan. Anu indit sakola téh ngan kari hiji-dua. Biasa wé, barudak anu rada ngedul.
Dicutat tina Rinéka Basa
Kelas IX-B Semester 2
Dina sempalan carita pondok “Ulangan Ngadadak” di luhur, saha anu disebut palaku utama?
Dalang
Ujang
Pa Guru
Ema
Kuring … manéhna nu diuk gigireun.
Kecap anu miboga harti husus dina kalimah di luhur, nya éta....
kuring
manéhna
ngarérét
diuk
“Barudak keur ..... pangalaman di kelas.”
Kecap nu merenah pikeun ngalengkepan kalimah resiprokatif di luhur nya éta....
tukeur
patukeur
silih tukeur
tukeurkeun
“Ulah hampang leungeun atuh ka babaturan téh!”
Babasan Hampang leungeun dina kalimah diluhur miboga harti….
jarang nyarita
resep kadaharan nu lada
beda umurna teu jauh
babari tunggal teunggeul
Kecap kurunyung sanggeus ditambahan rarangkén hareup ting- / pating- merenah dina kalimah….
Embé dina kandang patingkurunyung sabab can dibéré dahar.
Ari geus dibéré duit mah barudak téh langsung patingkurunyung.
Ari geus dibéré duit mah barudak téh langsung patingkurunyung.
Nu sareuri meuni tingkurunyung.
Pidato
Gotong Royong
.............................................................
Nanging sateuacan neraskeun medar eusi pidato, abdi seja nepangkeun, wasta Dinda Nurmala, kelas IX-B. salajengna abdi neda dihapunten bilih aya eusi pedaran anu kirang merenah
Ari gotong royong ngandung harti gawé babarengan. Mangpaat gotong royong dina kahiupan sapopoé diantarana, saupama urang nyanghareupan pagawéan anu beurat bakal karasa hampang, kitu ogé saupama pasualan anu diangap hésé bakal karasa babari jeung alus hasilna.
Dicutat tina Rinéka Basa
Kelas IX-B semester dua
Kalimah bubuka anu paling merenah pikeun ngalengkepan teks biantara di luhur, nya éta…
Gotong royong téh salah sahiji ciri kahirupan masyarakat di Indonesia, kitu deui masyarakat Jawa Barat.
Hadirin anu dipihormat, abdi bade neda widi bade ngadugikeun perkawis gotong royong.
Tah, rupina pedaran ti abdi dicekapkeun sakitu.
Hadirin anu dipihormat, tadi tos disebatkeun yén hirup gotong royong téh loba pisan kauntunganana.
