Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Uji coba US Bahasa Sunda

Total questions: 40

Worksheet time: 20mins

Name
Class
Date
1.

Najan urang geus hirup dina alam modern, ari pasipatan sabilulungan mah ulah tepi ka leungit.

Kecap sabilulungan dina kalimah di luhur, saharti jeung kecap ...

a)

babarengan

b)

rempug jukung

c)

sauyunan

d)

gotong-royong

2.

Bangsa Indonesia teh diwangun ku rupa-rupa ... bangsa.

a)

seler

b)

selir

c)

salur

d)

solar

3.

Tanda panjeluk teh digunakeun keur mungkas kalimah ...

a)

pananya

b)

tunggal

c)

parentah

d)

wasta

4.

Ceu Mamah .. tara aya di imah ?

a)

dimana

b)

kunaon

c)

naha

d)

saha

5.

Ngetik dina komputer mah lewih gancang, tibatan dina mesin tik biasa.

Kecap komputer dina kalimah di luhur ka asup kecap serepan tina basa ...

a)

Arab

b)

daerah

c)

Indonesia

d)

Inggris

6.

Feri katingal ... pisan da anjeunna tiasa ... juara kelas.

a)

bingah, jadi

b)

bingah, janteun

c)

bagja, jadi

d)

atoh, janten

7.

Alhamdulillah urang tiasa patepang dina ieu acara mieling “Poe Kasehatan Lingkungan Sadunya”

Makena basa dina kalimah diluhur teh, kaasup?

a)

salam bubuka

b)

bagian bubuka

c)

bagian eusi

d)

bagian panutup

8.

Bandung teh bali geusan ngajadi abdi.

Nu dimaksud bali geusan ngajadi teh nyaeta ...

a)

tempat digawe

b)

tempat lahir

c)

tempat maot

d)

tempat ulin

9.

Kade mukaan internet teh lantaran loba oge anu gorengna, ulah ...

a)

jati kasilih ku ku junti

b)

buruk-buruk papan jati

c)

kabawa ku sakaba-kaba

d)

katempuhan buntut maung

10.

Bu, abdi atuh bade mios tipayun bilih kasiangan ...

a)

permisi

b)

permios

c)

bebeja

d)

wawartos

11.

Rarangken tengah -ar- sok robah jadi -al-, lamun dikantetkeun jeung kecap ...

a)

asup

b)

bageur

c)

budak

d)

era

12.

Ari maneh moal milu kerja bakti meresihan solokan?

Makena kecap sulur, kecap gaganti jalma, dina kalimah diluhur nyaeta ...

a)

maneh

b)

moal

c)

kerja bakti

d)

solokan

13.

Hadena urang loba kanyaho jeung bisa nyaba ka mancanagara, ulah ...

a)

heureut pakeun

b)

kejot borosot

c)

gurat batu

d)

kurung batok

14.

1. Sari puspa wangi arum

Seungit manis ngadalinding

Sari sekar nyurup nitis

Kana sukma istri sunda

Saestuna kawih diluhur teh ngadadarkeun jasa-jasana tokoh sunda nyaeta ...

a)

Rd. Dewi Sartika

b)

M. Mahyar

c)

Cut Nyak Dien

d)

Rd. A. Kartini

15.

Barang nempo nu gelo, ... barudak teh lumpat sieuneun.

a)

beretek

b)

leos

c)

hing

d)

gek

16.

Kecap jembar tina harti mawa nyaeta ...

a)

ngelek

b)

ngajual

c)

ngumbah

d)

ngunder

17.

Ieu tokoh bodor pisan . Dina pagelaran wayang mah sok ditutungguan datangna teh. Anak semar. Ari adina Dawala jeung Gareng. Ieu tokoh teh ngaranna ...

a)

Gatotkaca

b)

Si Cepot

c)

Yudistira

d)

Aswatama

18.

Mungguh nu hirup didunya

Ku kersaning anu agung

Geus pinasti panggih

Jeung dua perkara

Senang paselang jeung bingung

Palanggeran pupuh diluhur nyaeta ...

a)

8a, 6u, 6i, 8a, 8u

b)

8u, 8u, 6i, 8a, 8u

c)

9a, 8u, 6i, 6a, 8u

d)

8a, 8u, 6i, 8a, 8u

19.

1. Jadi jalma kudu wani sarta lampar

poma tong loba cicing

ulah heuret lengkah

da alam dunya lega

pek indit sarta nguriling

urang dongdonan

tempat di saban nagri

Eusi guguritan dina pupuh durma di luhur nyaeta nyaritakeun soal kudu ...

a)

daek usaha

b)

cicing

c)

sabar

d)

sumanget

20.

Dina gambar beulah katuhu Pak Wahyu nuju aya di ...

a)

tukang kembang

b)

tukang jait

c)

tukang sayur

d)

tukang pakean

21.

LALAKI JEUNG RUNTAH

Lalaki kolot ngoprot kesang

Mawa sapu jeung gorobog

Nyokotan runtah nu pasolengkrah

Saban poe taya kacape

Bau runtah teu dipalire

Kalayan ihlas dipigawe

Nyaritakeun naon sajak diluhur teh ?

a)

Jalma anu geus dianggap runtah dimasarakat

b)

kang rongsokan atawa tukang anu neangan rejeki tina runtah

c)

anu ngabecir saenggeus ningali kuman

d)

jalma anu kedul gawe

22.

Dina gambar beulah katuhu hidep ngebrehkeun kalakuan anu kurang berseka dina saentasna barang dahar, anu balukarna jadi geuring.

Dumasar kana gambar beulah katuhu nyaeta budak ...

a)

ogo keur dihuapan

b)

keur dipariksa huntuna

c)

keur disarekeun ku indung bapana

d)

keur diajar dina korsi

23.

Mun dititenan di gambar beulah katuhu teh barudak keur ulin ...

a)

congkakkan

b)

mengbal

c)

ucing sumput

d)

oray-orayan

24.

Gambar dibeulah katuhu kaulinan budak awewe jeung lalaki, ngaran kaulinanna ...

a)

egrang

b)

catur

c)

balap kapal paparahuan

d)

gangsing

25.

Neng Rani mah mani pikareuseupeun, keur geulis teh getol jeung bageur.

Antonim tina kecap getol nyaeta ...

a)

daerkan

b)

alus

c)

kedul

d)

butut

26.

Mun meunang kasusah, batur moal daekeun nulungan, mun urang ...

a)

benghar

b)

bageur

c)

pikasebelen

d)

miskin

27.

Oray welang mah ngandung ..., mun macok teh pibahayaeun pisan.

a)

cai

b)

getih

c)

nanah

d)

peurah

28.

Asep Sunandar Sunarya teh ... kawentar ti Bandung.

a)

dalang

b)

panyanyi

c)

patani

d)

padagang

29.

Urang salawasna kudu muji syukur ka Alloh SWT kalayan ningkatkeun ...

a)

NKRI

b)

IPTEK

c)

IMTAK

d)

SDM

30.

Pantes mun loba nu resep ka manehna teh, sabab yuni kembang.

Kecap yuni kembang ngandung harti...

a)

jalma anu pikaresepeun batur sabab hade kalakuanna

b)

daekan, ari dititah tara harese

c)

mun nyarita matak teu genah kadengena

d)

jalma anu hese ngarobah sikep sanajan aya dina salah

31.

Legana lahan Taman Mini Indonesia Indah (TMII) teh aya ...

a)

100 hektar

b)

150 hektar

c)

200 hektar

d)

250 hektar

32.

Kalimah anu saluyu ngeunaan gambar beulah katuhu hidep teh, nyaeta ...

a)

duit batur kudu dipulangkeun

b)

mere sumbangan ka masarakat

c)

melak binih tatangkalan / reboisasi

d)

loba anu keur nyieun imah

33.

Kadaharan teh sumber energi, terus urang jadi boga ...

a)

batre

b)

bensin

c)

tanaga

d)

turbin

34.

Domba jalu dipoyankeun diburuan di cangcang dina ..

a)

kurung

b)

patok

c)

paranje

d)

taraje

35.

Karapyak kandang munding, ari kandang kuda

a)

akuarium

b)

balong

c)

gedogan

d)

paranje

36.

Gambar dibeulah katuhu hidep teh mangrupa Pahlawan Nasional anu hasil karya ciptaanna dugi ka ayeuna dimumule ku bangsa urang, jenenganna ...

a)

supomo

b)

supriyadi

c)

sayuti melik

d)

WR Soepratman

37.

Dumasar kana gambar dibeulah katuhu hidep, kaasup kana pagawean ....

a)

pagawe pabrik

b)

bapa tani

c)

padagang

d)

pamayang

38.

Moral manusa ka manusa sejena, diwujudkeun ku raketna silaturahmi ka papada manusa, habluminanas, ka asup Pancasila anu ka ...

a)

1

b)

2

c)

3

d)

4

39.

Eling-eling dulur kabeh

Ibadah ulah campoleh

Beurang peuting ulah weleh

Bisina kaburu paeh

Kasimpulan eusi pupujian di luhur teh nitah

a)

inget kana paeh

b)

hudang ari peuting

c)

leukeun ibadah

d)

eling mengpeung hirup

40.

Nuliskeun ngaran tempat jeung tanggal surat anu bener ejaanna nyaeta

a)

Cirebon : 12 maret 2018

b)

Cirebon ; 12 Maret 2018

c)

cirebon, 12 Maret 2018

d)

Cirebon, 12 Maret 2018