wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Penilaian Harian B.Sunda Bab Sajak kelas 7

Total questions: 15

Worksheet time: 42mins

Name
Class
Date
1.

Wanda basa karangan anu rakitanana biasana mah pinuh ku wirahma, kauger ku wangunna jeung ku diksina; lain dina ungkara kalimah cara dina basa sapopoe disebut ....

a)

prosa

b)

drama

c)

puisi

d)

teater

2.

Salahsahiji karya sastra ieu dihandap anu kaasup kana wanda puisi nyaeta....

a)

carpon

b)

novel

c)

essey

d)

sajak

3.

Biasana sajak mah ditulis dina wangun ungkara atawa basa....

a)

denotatif

b)

konotatif

c)

pasif

d)

aktif

4.

Unsur pangwangun sajak anu mibanda harti pesen panyajak anu karasa kunu maca sajak disebut....

a)

jejer

b)

rasa

c)

suasana

d)

amanat

5.

Gagasan poko anu rek ditepikeun ku panyajak kanu maca disebut....

a)

jejer jeung tema

b)

nada jeung suasana

c)

rasa

d)

amanat

6.

Hejo pagununganana paul lautan

Taya kamarasan ngan katugeunahan

Hejo pagununganana paul lautan

Taya katengtreman ngan ancaman


Dumasar kana sempalan sajak di luhur, katangen sikep panyajak teh hayang ngabejaan ka nu maca ngeunaan....

a)

Kaayaan tanah Sunda nu endah, tapi heunteu tengtrem tur loba ancaman

b)

Kaayaan pagunungan anu hejo lembok

c)

Kaayaan tanah Sunda nu endah tur tengtrem pikabetaheun.

d)

Kaayaan alam Sunda anu geus ruksak ku polusi

7.

Ungkara anu biasa dipake dina sajak teh biasana mibanda harti konotatif (kiasan). Harti konotatif nyaeta....

a)

Harti nu teu langsung nuduhkeun barang anu dimaksudna, tapi ngandung rasa atawa tafsiran kana barang sejen

b)

Harti anu langsung nuduhkeun barang anu dimaksudna, tapi teu ngandung rasa atawa tafsiran kana barang sejen

c)

Harti anu sajalantrahna ditepikeun ku pangarang ka pamaca sajak

d)

Harti anu mibanda harti lega tur hese ditafsirkeunana

8.

Nu disebut Pada nyaeta….

a)

baris atawa jejer

b)

tungtung sora

c)

bait

d)

engang

9.

Nu disebut Padalisan nyaeta….

a)

baris atawa jajar

b)

tungtung sora

c)

bait

d)

engang

10.

Nu disebut Purwakanti nyaeta….

a)

baris atawa jajar

b)

tungtung sora

c)

bait

d)

engang

11.

Neuteup daratan sabengbatan

Bet manjang dina ingetan

Lemah pangancikan kalimpudan suhunan

Ti gedong petingan nepi ka tempat nyiruruk saliwatan

Nu saha nu ngagelar tanah angar?

Na saha nu teu butuh rampidakana tatangkalan?

Pulas hejo pasawahan

Tingkuridat di antara pulas-pulas campuran

Lir papas na lukisan nu teu mirosea aturan


Ka saha kudu talatah

Nepikeun rasa ngeunaan tempat bumetah

Ka saha kudu jumerit

Nepikeun karisi ngeunaan bumi


Naon jejerna sajak “Luhureun Teluk Jakarta” di luhur teh?

a)

Kaayaan dayeuh Jakarta anu robah alatan kamajuan jaman tur jadi teu pikabetaheun lantaran teu beresih deui.

b)

Kaayaan dayeuh anu robah alatan kamajuan jaman tur jadi teu pikabetaheun lantaran teu beresih deui.

c)

Kaayaan dayeuh Bandung anu robah alatan kamajuan jaman tur jadi teu pikabetaheun lantaran teu beresih deui.

d)

Kaayaan anu robah alatan kamajuan jaman tur jadi teu pikabetaheun lantaran teu beresih deui

12.

Kabalikanana tina konotatif teh nyaeta denotatif, Harti denotatif nyaeta.....

a)

Harti anu langsung nuduhkeun barang anu dimaksudna, tapi ngandung rasa atawa tafsiran kana barang sejen.

b)

Harti anu teu langsung nuduhkeun barang anu dimaksudna, tapi ngandung rasa atawa tafsiran kana barang sejen

c)

Harti anu teu langsung nuduhkeun barang anu dimaksudna

d)

Harti anu langsung nuduhkeun barang anu dimaksudna

13.

Sajak nu dimuat dina majalah jeung Koran basa Sunda nyaeta, iwal….

a)

Mangle

b)

Galura

c)

Cupumanik

d)

Pikiran rakyat

14.

Diantara unsur pangwangun puisi dihandap ieu nu bener nyaeta, iwal….

a)

Jejer atawa tema

b)

Nada jeung suasana

c)

Rasa jeung amanat

d)

Karangan carita

15.

Pangarang Sunda nu naratas gelarna sajak nyaeta....

a)

Sayudi

b)

Kis WS

c)

Etty R

d)

Godi Suwarna