wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PAT BAHASA SUNDA

Total questions: 30

Worksheet time: 3600secs

Name
Class
Date
1.

panyakit anu karasana lain dina sirah, nyaeta ...

a)

sesek

b)

jangar

c)

balideg

d)

rieut

2.

Ieu dihandap kaasup kana panyakit kulit nyaeta ...

a)

borok

b)

cacar

c)

mengi

d)

cēnang

3.

Dihandap ieu, nu kaasup istilah téhnologi nyaéta …

a)

nganyam

b)

internet

c)

ongkos

d)

Muara

4.

Antonim kecap hirupan nyaéta ….

a)

haneutan

b)

paéhan

c)

pareuman

d)

Hirupkeun

5.

Nia mah jangkung, lamun adina ….

a)

panjang

b)

pendék

c)

alit

d)

Pondok

6.

nu dimaksud sinonim téh nyaéta …

a)

Kecap béda harti

b)

kecap wancahan

c)

kecap saharti

d)

paréntah

7.

puisi anu diajangkeun pikeun dikawihkeun disebutna ....

a)

rumpaka lagu

b)

rumpaka tembang

c)

rumpaka kawih

d)

rumpaka sisindiran

8.

sora anu sarua dina jajaran atawa antarjajaran kawih disebutna ...

a)

gaya basa

b)

purwakanti

c)

wirahma

d)

pilihan kecap

9.

babasan hejo lembok hartina ...

a)

loba tatangkalan

b)

subur tur loba rejeki

c)

tatangkalan keur bubuah

d)

lega kebon jeung sawah

10.

bagian walungan anu léah tur déét disebutna ...

a)

lamping

b)

leuwi

c)

babantar

d)

muara

11.

ieu dihandap anu henteu kaasup kana kalimah kaayaan, nyaeta ...

a)

Tatangkalan héjo ngémploh

b)

Paré di sawah Sumedang beukah

c)

Gédang keur Gumading

d)

Kang Jaka keur ngala buah

12.

kalimah dihandap anu ngandung harti dénotatif nyaeta ...

a)

Risma jadi kembangna di Desana

b)

Gunung Gede di harudum ku halimun

c)

Si Ibro mah kédul, manéhna mah ngendog di kelas 4

d)

Zani keur mipit kembang diburuan

13.

kalimah dihandap anu ngandung harti konotatif nyaeta ...

a)

Neng Wati keur ngahariring kawih sunda

b)

Neni keur mipit kembang di buruan

c)

Isuk-isuk Si Abah masih di harudum ku halimun

d)

Manuk-manuk ngahariring

14.

saméméh mondok, Wati sok ... heula

a)

maca

b)

bucu-baca

c)

babacaan

d)

macaan

15.

kadaharan anu dikulub nyaeta ...

a)

opak

b)

burayot

c)

colenak

d)

kulub suuk

16.

opak téh .... dina hawu

a)

dituuskeun

b)

dibeuleum

c)

dipoé

d)

dipeuyeum

17.

kalua jeruk téhdijieunna tina ...

a)

buah jeruk

b)

cangkang jeruk bali

c)

cai jeruk

d)

kulit jeruk

18.

ieu dihandap anu henteu kaasup kana rupa-rupa kadaharan has sunda nyaéta ,...

a)

bibika

b)

burayot

c)

kalua

d)

bugis

19.

kadaharana anu bahanna tina sampeu, nyaéta ...

a)

comro

b)

bugis

c)

ali agrem

d)

burayot

20.

Daerah mana nu sok nyieun kalua jeruk téh...

a)

Banjaran

b)

Ciwidey

c)

Majalaya

d)

Cililin

21.

lamun usum ngijih cai walungan biasana ...

a)

caah

b)

saat

c)

kotor

d)

hérang

22.

Para pamayang mun rék ngalaut sok ngadagoan heula ...

a)

angin

b)

angin-anginan

c)

puhu angin

d)

angin darat

23.

Lamun bitu gunung, biasana sok aya ...

a)

samagaha

b)

angin

c)

urug

d)

lini

24.

usum ngijih sarua hartina jeung ...

a)

usum halodo

b)

usum mamaréng

c)

usum hujan

d)

usum katiga

25.

lamun hujan ngiripis tur katojo ku pananpoé, sok muncul ..

a)

kilat

b)

katumbiri

c)

gelap

d)

guludug

26.

lamun panonpoé kahalangan ku bulan, di bumi bakal muncul ...

a)

lini

b)

hujan

c)

poék

d)

samagaha

27.

Kulawarga

Kulawarga teh kumpulan masarakat anu pangleutikna. Hiji keluarga saeutikna kudu ka weungku ku bapa, indung jeung anak. Tapi mun ditilik leuwih jauh, hiji kulawarga teh pakuatkait jeung nu sejenna. Tah nu kitu teh di sebutna pancakaki. Lamun hiji kulawarga di pancakaki kadituna bakal aya aki, nini, emang, bibi, uwa, lanceuk, adi jeung saterusna.


Judul wacana di luhur nya eta....

a)

pancakaki

b)

kulawarga

c)

masarakat

d)

kumpulan

28.

Jang, anteurkeun cau ka warung

Kalimah di luhur ditungtungan ku tanda...

a)

panyeluk (!)

b)

pananya (?)

c)

titik (.)

d)

koma (,)

29.

Di Dayeuhkolot loba imah nu kabanjiran. Kabanjiran sarua jeung....

a)

kahujanan

b)

kahuruan

c)

kacaahan

d)

kabangsatan

30.

Budak anu babari dititah, disebut....

a)

ogoan

b)

eraan

c)

daekan

d)

pohoan