wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PAT Bahasa Sunda kelas 7

Total questions: 40

Worksheet time: 20mins

Name
Class
Date
1.

Baca sempalan dongéng ieu di handap!

Anéhna, teu lila tit as nginum cai dina batok anu taya lian cai kahampangan raja, Wayungyang langsung kakandungan. Malah teu lila ti harita Wayungyang téh ngalahirkeun. Anakna awéwé. Ku saliwatan katénjo, pigeuliseun éta budak téh. Bubuhan anak raja. Éta orok téh tuluy dirorok ku wayungyang tur dibéré ngaran dayang Sumbi.

Saha nu ngarorok Dayang Sumbi téh?

a)

Jin

b)

Siluman

c)

Wayungyang

d)

Si Tumang

2.

Baca sempalan dongéng ieu di handap!

Anéhna, teu lila tit as nginum cai dina batok anu taya lian cai kahampangan raja, Wayungyang langsung kakandungan. Malah teu lila ti harita Wayungyang téh ngalahirkeun. Anakna awéwé. Ku saliwatan katénjo, pigeuliseun éta budak téh. Bubuhan anak raja. Éta orok téh tuluy dirorok ku wayungyang tur dibéré ngaran dayang Sumbi.

Wayungyang teh ngalahirkeun anakna?

a)

Awewe

b)

Lalaki

c)

Sib tumang

d)

Jin

3.

Naon anu dipelak ku sakadang Monyét?

a)

Jantung cau

b)

Tangkal cau anakna

c)

Cauna

d)

Siki cau

4.

Di mana kuya jeung monyét melak cauna?

a)

Sawah

b)

Walungan

c)

Wahangan

d)

Kebon

5.

Cau saha anu pangheulana buahan téh?

a)

Monyet

b)

Kuya

c)

Dua-duana

d)

Teu aya nu buahan

6.

Lalakon sakadang Kuya jeung sakadang Monyét dina dongéng di luhur kaasup kana unsur intrinsik, nyaéta….

a)

Jejer

b)

Latar

c)

Palaku

d)

Galur

7.

Runtuyan kajadian dina carita anu ngawangun hiji lalakon nepi ka ngaleunjeur disebut unsur…..

a)

Jejer

b)

Latar

c)

Palaku

d)

Galur

8.

Idé, gagasan, atawa poko pikiran anu ngajiwaan carita disebut ….

a)

Jejer

b)

Latar

c)

Palaku

d)

Galur

9.

Carita rékaan anu dikarang dina wangun basa lancaran kalawan sumebarna sacara lisan téh disebutna…

a)

Carpon

b)

Novél

c)

Sajak

d)

Dongéng

10.

Salah sahiji ciri karangan dongéng téh nyaéta ….

a)

Palakuna jin jeung siluman

b)

Témana ngeunaan kahirupan raja

c)

Loba ditulis dina buku atawa majalah

d)

Dina eusi caritana loba nu pamohalan

11.

Dongéng anu eusina nyaritakeun sasatoan kalawan paripolahna saperti manusa disebut….

a)

Sage

b)

Fabél

c)

Parabél

d)

Legénda

12.

Dumasar kana eusina, dongéng anu disebut legénda téh nyaéta….

a)

Dongéng anu eusina nyaritakeun paripolah jalma biasa, anu sakapeung mah sok mahiwal, pikaseurieun, tapi lenyepaneun.

b)

Dongéng anu eusina nyaritakeun kajadian atawa asal-muasal hiji hal, tempat, barang, sasatoan, atawa tutuwuhan.

c)

Dongéng anu raket patalina jeung kapercayaan masyarakat kana bangsa lelembut atawa perkara-perkara anu goib.

d)

Dongéng anu eusina nyaritakeun hiji kajadian atawa hiji jalma, anu aya patalina jeung sajarah.

13.

Dumasar eusina, “Nyi Roro Kidul” kaasupna kana wanda dongéng …..

a)

Sage

b)

Parabél

c)

Legénda

d)

Mite

14.

Saha nabi anu mulya tur asalna ti bangsa Arab Qurés téh?

a)

Nabi Muhammad SAW

b)

Nabi Adam AS

c)

Nabi Isa AS

d)

Nabi Sulaéman AS

15.

Kecap dibabarkeunna dina pada kadua rumpaka pupujian diluhur mibandaharti….

a)

Dilahirkeun

b)

Ditulis

c)

Dijenengkeun

d)

Dilantik

16.

Jalma nu kumaha nu bakal ngarasakeun nyerina sakarat téh?

a)

Tara ulin

b)

Teu bisa pupujian

c)

Teu bisa ngaji

d)

Tara solat

17.

Pupujian salah sahiji karya sastra sunda dina wangun….

a)

Ugeran

b)

Lancaran

c)

Drama

d)

Prosa

18.

Ngagalindengkeun pupujian téh disebutna….

a)

Nadoman

b)

Déklamasi

c)

Manggung

d)

Monolog

19.

Rumpaka pupujian di luhur téh jumlahna aya…..padalisan

a)

3

b)

4

c)

5

d)

6

20.

Anu disebut purwakanti dina rumpaka pupujian téh nyaéta….

a)

Gagasan poko anu rék ditepikeun ku nu ngarang rumpaka pupujian ka nu maca

b)

Pesen pangarang anu karasa ku nu maca atawa ngaregepkeun pupujian

c)

Padeukeut atawa saruana sora kecap dina ungkara kalimah

d)

Sikep pangarang ka nu maca

21.

Eusi padalisan ka hiji dina pupujian bieu nyaéta…..

a)

ngajak ngalaksanakeun kawajiban

b)

ngajak berjamaah sholat

c)

ngajak bebekelan

d)

ngajak éling ka muslimin

22.

Eusi padalisan ka dua dina pupujian di luhur nyaéta……

a)

mépélingan umat

b)

ngajak berjamaah sholat

c)

ngajak bebekelan

d)

ngajak éling ka mulimin

23.

(1)Nabi urang sadayana. (2)Arab Qurés nya bangsana. (3)Kangjeng Nabi anu mulya. (4)Muhammad jenenganana.

Runtuyan nu merenah tina pupujian di luhur nyéta…..

a)

(1), (2), (3), (4)

b)

(1), (3), (2), (4)

c)

(1), (4), (3), (2)

d)

(1), (3), (4), (2)

24.

Kecap agréng ngandung harti…..

a)

méwah tur éndah

b)

alus tur kasohor

c)

alus jeung éndah

d)

. gedé

25.

Eusi sajak diluhur nyaeta ngagambarkeun….


a)

Kaéndahan alam Kota Bandung nu katelah Kota Kembang.

b)

Kaéndahan alam Jawa Barat anu ramah tur merenah.

c)

Kageulisan wanoja urang Sunda nu katelah mojang Priangan.

d)

Kaéndahan alam tatar Sunda nu katelah Priangan.

26.

Sajak anu judulna “Priangan” diwangunku….pada jeung….padalisan.


a)

2 pada 5 padalisan

b)

2 pada 6 padalisan

c)

2 pada 7 padalisan

d)

2 pada 8 padalisan

27.

Biasana sajak mah ditulis dina wangun ungkara atawa basa no boga harti…..

a)

Dénotatif

b)

Konotatif

c)

Aktif

d)

Pasif

28.

Tina kalimah-kalimah ieu di handap, mana nu ngabogaan harti konotatif?

a)

Kembang malati seungitna nyambung ka mana-mana.

b)

Jalma beunghar mah kudu loba sodakoh.

c)

Geus pada apal Linda téh kembang Désa di lemburna.

d)

Lamun beunghar ku raja kaya ulah korét.

29.

Pangarang sunda anu naratas gelarna sajak dina taun 1946-an téh, nyaéta….

a)

Kis. W.S.

b)

Ajip Rosidi

c)

Dodi Suwarna

d)

Wahyu Wibisana

30.

Salasahiji karya sastra ieu di handap anu kaasup kana wanda puisi, nyaéta….

a)

Carpon

b)

Sajak

c)

Éséy

d)

Novél

31.

Basa jam wéker disada…..manéhna hudang bari rucam-riceum. Geus kitu,……nangtung bari ngusap beungeut.

Kecap anteuran keur ngalengkepan kalimah di luhur ….

a)

Cong; am

b)

Berebet; derekdek

c)

Gurinjal; jurungkunung

d)

Nérékél; jurungkunung

32.

Anu lain kecap husus tina kecap diuk nyaéta ….

a)

sila

b)

émok

c)

nyanghunjar

d)

molotot

33.

Kecap umum tina kecap ngaharéwos, ngagerendeng, ngagorowok, nyaéta….

a)

Ngala

b)

. diuk

c)

Ngomong

d)

nempo

34.

Aksara anu ngabogaan sora vokal dina aksara Sunda disebut…..

a)

Aksara ngalagena

b)

Konsonan

c)

Aksara Swara

d)

Aksara Hirup

35.

Jumlah aksara ngalagena (konsonan) dina aksara Sunda nyaéta…..

a)

23

b)

24

c)

25

d)

27

36.

Jumlah aksara sunda tina sora basa serepan , sadayana aya 5 (lima) aksara nyaeta.....

a)

Fa, Va, Qa, Xa, jeung Za

b)

Xa, Ra, Ta, Qa jeung Za

c)

Ya, Fa, Ta, Va jeung Za

d)

Ra, Sa, Ba, Va jeung Za

37.

Aya sabaraha jumlah panyora/ pananda swara / vokalisasi dina aksara sunda?

a)

12

b)

13.

c)

15

d)

20

38.

Aksara swara/ vokal mandiri dina bahasa sunda aya saberiji?

a)

5

b)

7

c)

8

d)

10

39.

Di handap aya payora dina aksara sunda, iwal ti...

a)

Panghulu

b)

Panglayar

c)

Panyuku

d)

Panyecep

40.

0, 1,2,3,4,5,6,7,8,jeung 9

Jumlahna aya 10 (aksara) disebutna...

a)

Aksara swara

b)

Aksara pangwilang

c)

Panyora

d)

Ngalagana