WorksheetsPAT Basa Sunda Kelas 3C SDN Baros Mandiri 5
Total questions: 20
Worksheet time: 2hrs 28mins
ULIN DI BURUAN
Ha... aaa.... ha... ha... ha ... galumbira
Hi ... iii... hi... hi... hi sukaseuri
Ulin di buruan ulah sok ... (a)
Ulin di buruan ulah sok ... (b)
Ulin di buruan ulah sok kamalinaan
Lamun kaleuwihan urang nu rugi sorangan
Kecap naon anu merenah pikeun ngeusian bagian (a) jeung (b) di luhur?
silipoyokan, siliheureuyan
siliheureuyan, silipoyokan
siliasih, silirojong
silirojong, siliasih
JALAN-JALAN
Saban poé Ahad isuk-isuk, bapana jeung indungna Galih sok ngajak jalan-jalan. Teu kudu rusuh atawa gagancangan. Kitu baé, leumpang antaré mapay-mapay jalan satengahing kebon entéh. Sakapeung sok bras ka pakampungan gigireun lemburna téa
Pék lengkepan ieu kalimah sakumaha nu kacangkem tina bacaan di luhur!
Galih jeung indung bapana poé ... leuleumpangan
sénén
saban
ahad
rébo
Eusian kalimah di handap ku kecap anu merenah!
Di leuweung mah réa ... anu tangkalna jarangkung jeung galedé. Di leuweung ge réa ... anu garalak jeung gariras.
tutuwuhan, sasatoan
pamatuhan, lembur
mayakpak, parentul
salaput sirah, satuur
Pék ku hidep susun sina jadi kalimah!
Galih – indung – mulang – jeung – bapana – pabeubeurang
Galih, indung jeung bapana mulang pabeubeurang
Bapana jeung indungna Galih mulang pabeubeurang
Indung, bapana jeung Galih mulang pabeubeurang
Indung jeung bapana Galih mulang pabeubeurang
Eusian titk-titik ku kalimah pananya!
Tanya : ....
Jawab : Céngék, uyah, gula, asem.
Naon waé coéleun kana bungbu rujak téh?
Naon waé ari bungbu rujak téh?
Bungbuahan naon waé anu sok biasa dirujak téh?
Bungbuahan naon waé anu sok biasa dikulub téh?
Nini ngageberan sangu anyar nyait maké ....
talenan
katél
boboko
hihid
Bibi ngawadahan sangu kana ....
coét
kastrol
boboko
emuk
Eusian ku kecap sabalikna.
Inditnakeun mah jalan téh karasa..., ari balikna karasa mudun.
hareudang
nanjak
beresih
panas
Lengkepan paguneman di handap ieu!
Indungna : Ieuh Agus, geura ..., tos siang.
Agus : Eu, tunduh kénéh atuh Mah.
gugah
hudang
netepan
ka cai
Lengkepan paguneman di handap ieu!
Mamah : Mina, tos emam ... wadahna!
Mina : Muhun mah (ngagolontorkeun cai)
Mamah : Mina, teu kenging digolontorkeun teras ari cai nuju teu dianggo mah!
Mina : Tuda pameng buka tutup waé ... mah!
wasuhan, cai
wasuhan, keran
beresan, keran
candakan, cai
HURMAT KA SEPUH
Sanggian : Yus Wiradireja
Munjung ulah ka ... (a)
Muja tong ka ... (b)
Indung tunggul rahayu
Bapa tangkal darajat
Kecap naon anu merenah pikeun ngeusian bagian (a) jeung (b) di luhur?
sagara, gunung
tunggul, tangkal
gunung, sagara
tangkal, tunggul
Lamun taat ka indung bapa hirup tinangtu ....
seueur artos
salamet
susah
bagja
Eusian titk-titik ku kalimah pananya!
Tanya : ....
Jawab : harga béngsin sapuluh rébu rupiah salétér.
Sabaraha harga béngsin dua létér téh?
Sabaraha harga pértamax salétér téh?
Sabaraha harga béngsin salétér téh?
Sabaraha harga pértamax dua étér téh?
Lengkepan ku kalimah ragam hurmat!
Duka nya abdi mah henteu ..., manawi Bapa mah ngadangu.
neda
mios
mondok
nguping
Lengkepan ku kalimah ragam hurmat!
Abdi badé maca buku di perpustakaan. Upami Bu Guru nuju ... buku di kantor.
maos
nyandak
ningali
kulem
Sakadang Buhaya Katindihan Kai
Geus méh dua poé sakadang buhaya katindihan tangkal kai. Ku sabab kitu gawéna ngan ceurik baé. Keur kitu lar munding ngaliwat. Buhaya melas-melis hayangeun ditulungan. Munding embungeun sabab nyaho adat buhaya, upama buahaya geus lésot tina kai pasti bakal malik nekuk. Buhaya susumpahan moal nepi ka kitu.
Antukna munding daékeun mangjungjungkeun kai anu nindihan buhaya. Kai anu sakitu gedéna ku munding ukur sakali didupak terus ngagulipak. Lésot. Buhaya salamet.
Naon sababna munding embungeun nulungan buhaya?
Sakadang Buhaya Katindihan Kai
Geus méh dua poé sakadang buhaya katindihan tangkal kai. Ku sabab kitu gawéna ngan ceurik baé. Keur kitu lar munding ngaliwat. Buhaya melas-melis hayangeun ditulungan. Munding embungeun sabab nyaho adat buhaya, upama buahaya geus lésot tina kai pasti bakal malik nekuk. Buhaya susumpahan moal nepi ka kitu.
Antukna munding daékeun mangjungjungkeun kai anu nindihan buhaya. Kai anu sakitu gedéna ku munding ukur sakali didupak terus ngagulipak. Lésot. Buhaya salamet.
Tuluy kumaha buhaya téh basa munding embung nulungan?
MAREUMAN LISTRIK
Atuh dina jam genep téh, lampu di tengah imah, di ruang tamu, komo lampu nu di luar mah, kabéhanana geus dipareuman. Iwal ti dapur, tara waka dipareuman, pan wayah kitu mah indungna keur masak kénéh atawa popolah séjénna.
“Enya urang téh kedah hémat listrik. Hémat énérgi,” ceuki bapana. “Naha kedah hémat, Pa?” Ceuk Asih, adina Galih. “Margi upami dianggo teras, engké énérgi na séép. Sapertos batré hapé, pan upami dianggo teras, énérgina séép, janten kedah di cas kanggo nambihan deui énérgi.
Naon sababna urang kudu ngirit énérgi?
Kumaha contona ari ngirit énérgi téh?
Kudu kumaha lamun urang ayeuna keur kayaan COVID-19 ieu nempo jalma teu boga dahareun ?
