wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PAT B.SUNDA KLS 8 21-22

Total questions: 40

Worksheet time: 20mins

Name
Class
Date
1.

Rasa sykur urang guluyurkeun ka Alloh nu Maha Gofur, malah mandar kenging pangaping pangjaring dina acara paturay tineung pupuhu sakola SMP sunda Nanjung .solawat tawis kaasih ka kanjeng Nabi,salam tanda kaheman nu salawasna natrat ka kanjeng Rasululloh Muhammad SAW, ka kulawargina,ka parasohabatna, ka urang sadayana anu ta incah balihan ngagem ajaran mantena. Amin.

Ungkara di luhur kaasup kana bagean ….

a)

Bubukatek panata acara

b)

Eusi teks panata acara

c)

Ngahaturanan nara sumber

d)

Panutup teks panata acara

2.

Ucapan ngebrehkeun pangbagea nu diucapkeun ku panata acara, nyaeta….

a)

Hatur Sewu nuhun ka bapak miwah ibu nu parantos kersa rurumpahheun sumping ngaluuhan ieu acara. Pangugi kasaean dina ieu silaturahim janten barokah

b)

Sateacan mungkur, simkuring ngabantuan asmana panata acara seja neda agung nya paralun muga jembar, panitih matana opat nu hiji matana inten, boh bilih seeur nu lepat mugi kersa ngahapunten.

c)

Kanggo parantas carita kasanggakeun ka pangersa pupuhu panatacalagara, ka kersana bapa Rehan. Mangga dihaturanan!

d)

Bapak kepala sekolah nu ku simkuring dipihormat. Bapa-Ibu guru ku sim kuring dipikahormat. Hadirin nu kusimkuring dipihormat.

3.

1. Aosan Ayat Suci Al-Quran

2. Do a

3. BUbuka

4. Pangbagea ti Pupuhu Sakola

5. Laporan Panata calagara

6. Pangbagea ti komite Sakola

7. Upacara adat Paturay tineung

8. Panutup

Rantuyan acara Paturay Tineung Siswa Kelas 9 nya eta….

a)

3-1-5-4-6-2-8-7

b)

7-1-3-6-4-5-2-8

c)

3-1-7-4-6-5-2-8

d)

7-1-3-6-4-2-8-7

4.

Kadeudeuh ti nu Maneuh, Kamelang ti nu anggang, rengrengang, komite Sakola Seja mitutur misaur,seja nyanggakeun gupay pileuleuyan . ka kersana nu bade ngawakilan ti rengrengan komiteu Sakola mangga dihaturanan!-

Ungkara di luhur disebutkeun ku panata acara dina acara ….

a)

Halal bihalal

b)

Paturay tineung pupuhu sakola

c)

Mieling milangkala RI Ka-66

d)

Milangkala kepala sakola nu ka -56

5.

Dina wangkid ieu sim kuring Rina Risnawati ,salaku pangatur waktu pangjajap acara,teu hilap ngahaturkeun wilujeng enjing ,wilujeng sumping di ieu patempatan. Mugia ku patepangna ieu ,sing janten wasilah atanapi cukang lantaran langkung reketna tali mimitran antawis urang sadaya, hususna anu kabeungkeut ku kulawarga SMP Sunda Nanjung.

Tujuan Panata acara tina ungkara di luhur nya eta….

a)

Ngahaturkeun nuhun kana sumpimgan tamu uleman

b)

Nataan tamu uleman nu tos sumping

c)

Silaturahmi kulawarga SMP sunda Nanjung

d)

Rina Risnawati bagian tina kulawarga SMP sunda Nanjung

6.

Nu dijentrekeun ku panata acara dina acara panutup kaunggel di handap ieu, iwal….

a)

Ngebrehkeun yen acara geus rengse

b)

 Sanduk-sanduk menta hampura bisi aya kasalahan salila jadi panata acara

c)

Mingpin ngucapkeun hamdalah

d)

Mingpin dua

7.

1. Jejer nu diucapkeun panata acara sabada nara sumber biantara,nya eta….

a)

Nganuhunkeun

b)

Menta dua

c)

Ngebrehkeun yen biantarana panjang teuing

d)

Nyebutkeun yen eusi biantarana kurang mangpaat

8.

Hatur nuhun ka bapa kuwu. Tah kitu geuning , eusi bewara dina raraga mapag sasih Ramadhan. Kukituna, hayu urang estokeun tur laksanakeun naon-naon nu diparentahkeun ku pa kuwu.

Ungkara di luhur Kaasup kana….

a)

Ngahaturan ka jalma pikeun biantara

b)

Ngahaturkeun nuhun ka nu tos biantara

c)

Muka acara

d)

Nutup acara

9.

Bilih aya nu naroskeun ngeunaan ieu bewara, sumangga dihaturaranan .

Ungkara di luhur kaasup kana bagian ....

a)

Nganuhunkeun ka pamilon nu geus hadir

b)

Pangbagea

c)

Mere kesempetan pikeun nanya

d)

Ngahaturanan ka jalma pikeun

10.

Billahi taufiq wal hidayah wasalamu alaikum warahmatullahi wabarakatuh

Ungkara di luhur diucapkeun ku panata acara pikeun….

a)

Muka acara

b)

Pangbagea

c)

Nutup acara

d)

Salam panutup

11.

Nu dimaksud artikel eksplamatif nya eta ….

a)

Tulisan nu eusina ngajentrekeun ngeunaan hiji masalah

b)

Eusina nerangkeun kalawan nepi kabubuk leutikna ngeunaan hiji masalah;

c)

Eusina mere prediksi atawa kamungkinan hal nu baris karandapan dina mangsa nu bakal datang, ngeunaan hiji hal nu aya patalina jeung nu keur dibahas.

d)

Eusina ngandung ajakan, dorongan atawa parentah kanu maca supaya ngalaksanakeun hiji hal.

12.

Di daerah Parung Kabupaten Tasikmalaya aya upacara adat nu disebut tarawangsa. Dina ieu upacara, calung dikolaborasikeun jeung waditra nu disebut tarawangsa. Ieu upacara the dilaksanakeun sabada senen, nu mangrupa wujud tina muji sykur lantaran geus panen kalawan mucekil hasilna.

Tema dina artikel diluhur nyaeta….

a)

Geografi

b)

Kesenian

c)

Agama

d)

Pagawean

13.

Aya dua pamadegan asal usul kecap sawer teh. Kahiji cenah sawer asal kecapna tina awer (Awur) lantaran dina upacara sawer dipungkas ku ngawurkeun barang saweran. Aya deui nu nyebutkeun yen sawer teh asal kecap tina panyaweran, lantaran tempat kagiatan nyawer biasana di tempat panyaweran hareupeun imah nu boga hajat.

Jejer nu dipedar dina artikel diluhur ngeunaan….

A. Sawer

B. Asal usul kecap ” Sawer”

C. Tempat nyawer

D. Barang nu disawerkeun

a)

Sawer

b)

Asal usul kecap ” Sawer”

c)

Tempat nyawer

d)

Barang nu disawerkeun

14.

Nu matak pikagumbiraeunana, seni Hadro ngalibatkeun barudak sakola. Boh SD boh SMP nu aya disabudeuteun Desa Bojong. Unggal minggu hadro diajarkeun ka barudak ngaliwatan kagiatan ekstrakurikuler di sakola. Anu akhirna seni Hadroh salawasna dipikaresep ku masarakat nepi ka kiwari nu geus ngaliwatan 13 generasi….

Kacindekan tina ungkara artikel di luhur nya eta ….

a)

Seni hadro bakal langgeng saupama diajarkeun ka generasi ngora

b)

Seni hadro geus lain bongana masarakat Desa Bojong

c)

Seni hadro di Desa Bojong ngan bisa nepi ka generasi ka-13

d)

Kagiatan ekstrakulikuler kacida pentingna kana kamekaran seni hadro

15.

Anu ngatonjolkeun dina seni reog nya eta katapisan, kabinagkitan nabeuh, ngawih, ngabodor jeung ngigel. Anu jadi daya tarikna nyaeta bobodoran boh ku mimic, dialog atawa ngarigig atawa ngigel anu warna garapna komikal

Ungkara artikel di luhur medar ngeunaan….

a)

Ciri khas kesenian reog

b)

Asal-usul kesenian reog

c)

Susunan waditra reog

d)

Tahap-tahap pagelaran reog

16.

Kecap laporan sorangan asalna tina bahasa latin, tina kecap “reportare” nu hartina….

a)

Mawa dokumen tinulis nu disusun kalawan prosedur nu jentre tur sistematis.

b)

Mere nyaho sagala rupa hal kalawan keterangan nu objektip saluyu jeung kaayaanana

c)

Nepikeun hiji kagiatan boh individual boh kelompok ka pihak nu tangtu

d)

Nepikeun informasi nu sipatna factual ngeunaan hiji masalah

17.

Kaidah-kaidah nepikeun laporan, kaunggel di handap ieu, iwal…..

a)

Nangtukeun jejer (topik) laporan

b)

Lapora ditulis kalawan sistematis, saluyu jeung runtuyan kajadian

c)

Nyatetkeun unggal kagiatan sacara sistematis saluyu jeung hasil panulungtikan

d)

Nyampurkeun kagiatan nu penting, jeung nu nu kurang penting dina laporan

18.

Nurutkeun cara nepikeunana, laporan dibagi dua nya eta….

a)

Laporan kagiatan jeung laporan kaayan

b)

Laporan kajadian (peristiwa) jeung laporan perjalanan

c)

Laporan hasil rapat jeung samemeh rapat

d)

Laporan lisan jeung tulisan

19.

Laporan kagiatan anu ditulisna make struktur anu kaku, biasana aya dina...

a)

makalah

b)

koran

c)

berita TV

d)

siaran radio

e)

you tube

20.

unsur-unsur anu kudu aya dina laporan kagiatan teh nyaeta 5 W + 1 H.

How dina basa Sunda hartina...

a)

Naon

b)

Saha

c)

Iraha

d)

Kumaha

e)

Naha

21.

Nulis kagiatan sapopoe dina diary mah beda jeung nulis laporan kagiatan, sabab diary mah...

a)

kudu dilaporkeun ka pihak sejen

b)

teu kudu dilaporkeun ka pihak sejen

c)

kudu aya struktur laporan kagiatan

d)

kudu aya unsur-unsur laporan kagiatan

e)

kudu aya 5 W + 1 H

22.

Anu dimaksud laporan kagiatan nyaéta....

a)

ringkesan ngeunaan hiji kagiatan, atawa hal naon waé nu geus kaalaman atawa kalaksanakeun

b)

ringkesan ngeunaan hiji matéri anu geus diajarkeun

c)

ringkesan ngeunaan anggaran salah sahiji kagiatn anu geus dilaksanakeun

d)

ringkesan ngeunaan hiji kagiatan anu rék dilaksanakeun

e)

laporan lalampahan

23.

Ditilik tina eusina, laporan téh aya tilu rupa nyaéta....

a)

laporan kagiatan, laporan keuangan, laporan eusi

b)

laporan kagiatan, laporan keuangan, laporan pamilon kagiatan

c)

laporan kagiatan, laporan keuangan, laporan jurnalistik

d)

laporan keuangan, laporan jurnalistik, laporan lalampahan

e)

laporan jurnalistik, laporan keuangan, laporan lisan

24.

Harti tina kecap rajékan nyaéta ....

a)

kecap anu diwangun kucara nyebut dua kali atawa leuwih

b)

kecap anu diwangun kucara disebutkeun terus-terusan

c)

kecap anu diwangun ku sababaraha engang

d)

kecap anu penting dina hiji kalimah

e)

kecap anu diwangun ku kecap barang

25.

Ieu dihandap kaasup kana kecap rajékan dwipurwa, nyaéta ....

a)

sababaraha

b)

sapopoé

c)

guling-guling

d)

dar-dér-dor

e)

tatajong

26.

Ieu dihandap anu kaasup kana kecap dwiréka, nyaéta....

a)

bubuahan

b)

guru-guru

c)

babaturan

d)

bulak-balik

e)

dialung-alungkeun

27.

Laporan kagiatan téh biasana ditulis dina wangun ….

a)

Sistematis

b)

Semiformal

c)

Formal

d)

Informal

e)

Bebas

28.

Salah sahiji mangpaat laporan kagiatan téh nya éta pikeun pertanggungawaban ka pihak nu patali jeung kagiatan atawa biasa disebut minangka ….

a)

bukti

b)

arsip

c)

rarancang gawé nu bakal datang

d)

pamilon kagiatan

e)

bahan evaluasi

29.

Jumlah nu miluan dina ieu kagiatan téh 255 urang (250 urang siswa jeung 5 urang guru pangaping)

kalimah di luhur kaasup struktur laporan kagiatan anu nandakeun......

a)

Waktu kagiatan

b)

Tujuan

c)

Kasang tukang kagiatan

d)

Waragad

e)

pamilon

30.

Laporan jurnalistik mah ilaharna ditulis ku ...

a)

panalungtik

b)

siswa

c)

guru

d)

wartawan

e)

penyiar

31.

1. Kacindekan

2. Saran

3. kasang tukang

4. Maksud jeung Tujuan

5. Hasil Kagiatan

6. Panata Calagara

7. Pamilon

8. Sasaran Kagiatan

9. waktu jeung tempat

10. ngaran kagiatan


nu kaasup kana bagéan eusi dina laporan kagiatan nyaéta...

a)

(5) (6) (7) (8)

b)

(1) (2) (3) (4)

c)

(7) (8) (9) (10)

d)

(1) (3) (5) (7)

e)

(6) (3) (2) (4)

32.

Kecap rajékan sagemblengna anu diwangun ku dua kali kangun dasarna bari robah sorana nyaéta...

a)

dwimurni

b)

dwiréka

c)

dwipurwa

d)

dwimadya

33.

Naon anu dimaksud carpon teh?

a)

Karangan rekaan (fiksi) dina wangun ugeran anu wangunna pondok

b)

Karangan rekaan (fiksi) dina wangun lancaran anu wangunna pondok

c)

Karangan rekaan (fiksi) dina wangun lancaran anu wangunna panjang

d)

Karangan rekaan (fiksi) dina wangun ugeran anu wangunna panjang

34.

Bedana carpon jeung dongeng nyaeta...

a)

dongeng mah loba bagian nu pamohalan (teu asup akal), sedengkeun carpon umumna carita kahirupan sapopoe nu kaharti ku akal

b)

carpon mah teu kanyahoan saha nu ngarangna, sedengkeun dongeng mah kanyahoan nu ngarangna

c)

carpon mah kaasup sastra heubeul, sedengkeun dongeng mah kaasup sastra modern

d)

dongeng mah carita na panjang, sedengkeun carpon mah caritana pondok

35.

Carpon mangrupa karya sastra dina wangun...

a)

A. Ugeran

b)

B. Puisi

c)

C. Lancaran

d)

D. Sindiran

36.

Sasaruan carpon jeung dongeng nyaeta sarua-sarua...

a)

A. mangrupa carita realistis

b)

B. mangrupa carita rekaan atawa khayal

c)

C. mangrupa carita pamohalan

d)

D. mangrupa carita kanyataan

37.

Nu tea kaasup ciri carpon nyaeta….

a)

A. Kecapna antara 5000-10.000 kecap

b)

B. Rengse dibaca kira-kira saparapat jam

c)

C. Dititik 2 spasi, 4-8 lambar ukuran kertas A4

d)

D. Caritana tea logis, ngandung unsur pamohalan

38.

Anu disebut latar dina carpon teh . . .

a)

Jalanna carita atawa runtuyan kajadian dina carita

b)

Gagasan anu ditepikeun ku pangarang dina karyana

c)

Waktu jeung tempat lumangsungna kajadian dina carita

d)

Perkara anu bisa dilenyepan tina eusi carita ku nu maca

39.

Pesen Pangarang anu hayang ditepikeun ka nu maca, disebut….

a)

Palaku

b)

Galur

c)

Amanat

d)

Téma

40.

Nilai-nilai dina carita, latar belakang pangarang, jeung situasi sosial dina nyiptakeun carita kaasup kana….

a)

Unsur Intrinsik

b)

Unsur Ekstrinsik

c)

Ciri-Ciri Carpon

d)

Struktur Carpon