NEW
Font size
WorksheetsPenilaian Harian 1 Materi Ajar Novel
Total questions: 10
Worksheet time: 10mins
Kang Hédi téh lanceuk panggedéna. Umurna geus ampir 18 taun. Pangawakanana dedeg weweg, kulitna hideung. Sakolana teu tamat, kelas opat gé teu anggeus, lantaran kaburu perlu ngabantu- bantu Ema minangka gaganti Bapa. (dicutat tina novel Lembur Singkur yasana Abdullah Mustapa).
Cutatan novél di luhur leuwih nyoko kana unsur…
Téma
Galur
Latar
Palaku
Amanat
Tinggal urang anu ngahuleng sorangan. Nengetan deui eusi kamar. Kamar kos ukuran 4x5 méter. Nu asalna dieusian ku tiluan. Si Bén, Si Rudi, jeung Si Iyang. Urang gé mindeng milu cicing di dideu. Ramé unggal peuting da babaturan Si Iyang jeung Si Rudi sok daratang. Ngadon saré, bari buktina mah tara sararé. (dicutat tina novél Pangantén yasana Dédén Abdul Aziz).
Cutatan novél di luhur leuwih nyoko kana unsur…
Latar waktu
Latar tempat
Latar suasana
Puseur sawangan
Palaku
Walon tatamu, “Numutkeun saur Guru, kawajiban manusa anu utami téh nya éta nganapkahan anak- rabi samistina. Kaémutan ku abdi dalem nya éta kedah diurus sandang panganna sacekapna. Dupi anak, sajabi ti diurus neda pakéna téh dijeujeuhkeun kahirupanana, supados ulah ngalepatkeun ka kolot di ahirna.” (dicutat tina novel Pangéran Kornél yasana R. Mémed Sastrahadiprawira).
Cutatan novél di luhur leuwih nyoko kana unsur…
Latar waktu
Latar tempat
Latar suasana
Puseur sawangan
Amanat
Geus jauh ti Pamegatan nyorang leuweung baé, bet jol ka jalan gedé, jalan anyar anu rék dirampungkeun ka Pamegatan, ngamimitian ngahaja ti tengah leuweung. Manggih deui jalan anyar anu geus ngadeukeutan jalan ka Cisompét. Jadi nyieun jalan mah kitu gening aturanana, ngahancana ti ditu ti dieu, engkéna gok tepung. (dicutat tina novél Numbuk di Sué yasana Moh. Ambri).
Cutatan novél di luhur leuwih nyoko kana unsur…
Latar
Galur
Téma
Puseur sawangan
Amanat
Tapi tétéla, Prabu Hayam Wuruk ngabuktikeun sumpah jeung jangjina. Malah basa Prabu Hayam Wuruk ngirimkeun ékspédisi wadiabalayuda ka Sumatra. Inyana méré iber heula ka Rakéan Mangkubumi Bunosora Suradipati, yén parahu wadiabala- sagara Majapahit ménta panangtayungan dina sajeroning ngaliwatan sagara cangkingan Nagri Sunda. (dicutat tina novél Perang Bubat yasana Yoséph Iskandar).
Téma anu merenah jeung gambaran cutatan novel di luhur nya éta …
Sajarah
Sosial
Politik
Agama
Budaya
Dua minggu ka tukang. Ucup Kadék tunda talatah- bari peutingna disusul ku telepon rék ngawinkeun budak awéwéna tanggal dalapan Rayagung jam tujuh isuk- isuk panceg. Ku Lebé Unang dititah sagancangna jagrag ngarah dipanguruskeun ka KUA. (dicutat tina novél Sabalakana, karangan Dadan Sutisna).
Mun ditilik tina alurna, cutatan novel di luhur ngalarapkeun alur …
Mérélé
Mobok tengah
Campuran
Mundur
Flashback
Manéhna rumasa taak ku talajak Nyai Putri Anjungsari. Nu séjénna mah tara hesé dipeperna. Ranghiang Langgir di lawang sakéténg, Aki Butun dina waru, jeung anu séjénna deui sok narurut lamun dicombo. Ari ieu bangun ngahajakeun. (dicutat tina novél Sandékala, karangan Godi Suwarna).
Ditilik tina puseur sawanganana, cutatan di luhur téh make puseur sawangan…
Jalma kahiji
Jalma kadua
Jalma katilu
Jalma kaopat
Jalma kalima
Rahayu, gerentes haté Jaka. Anjeun kungsi méré pangajaran kumaha cara nyanghareupan jelema anu harak, anu hayang waé pamuji. Nyanghareupan jelema nu munapék. Méré panagajaran kumaha kuduna ngalawan kadoliman, kapan kudu ku kasabaran ceuk anjeun. Anjeun kungsi méré kaasih, kungsi mihéman. (dicutat tina novél Lalangsé, yasana Aam Amilia).
Anu dominan tina cutatan di luhur nya éta unsur…
Téma
Latar
Galur
Palaku
Amanat
Ana kitu mah teu adil atuh dunya téh! Ari bangsat tobat bisa ditarima ku masarakat! Tukang tipu tobat ditampa ku masarakat. Na ari ungkluk geus tobat bet pada mikaceuceub baé? Pada mikaijid? Padahal sarua! Pagawéan hina, maling, nipu, jeung ngungkluk téh! Sarua hinana! (dicutat tina novel kembang- kembang petingan, yasana Holisoh ME).
Téma anu merenah keur cutatan novel di luhur nya éta…
Sosial
Agama
Budaya
Politik
Agama
Disebut sepuh téh lain hartina geus tawéhwoh, nepi ka geulisna ngan kantun tapak, ngalangkang dina rarayna. Ieu mah geulis saenyana, geulis hiji istri yuswa 50- an, nu bangunna mah deuih rada ahli dangdos. Tah ngan sakitu minangka tengetna kuring ka Ibu Sadikin téh. (dicutat tina novél Nu Kaul Lagu Kaléon yasana RAF).
Anu dominan tina cutatan di luhur nya éta unsur…
Téma
Galur
Latar
Amanat
Palaku
