wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Bahasa Sunda Paguneman 7C

Total questions: 15

Worksheet time: 8mins

Name
Class
Date
1.

Paguneman tèh dilakukeun ku ...

a)

Saurang bari sorana takih

b)

Saurang bari sorana laun (pelan)

c)

Duaan atawa leuwihan ngomongna saurang-saurang gantian

d)

Duaan tapi nu ngomong saurang

2.

Paguneman dilaksanakeun ...

a)

di jero imah

b)

di mana waé

c)

dina kaayaan dinas

d)

bari dariuk dina korsi

3.

Lamun urang ngobrol jeung babaturan saumur biasana sok ngagunakeun basa ...

a)

lemes

b)

hormat

c)

hormat pisan

d)

loma

4.
Ari tatakrama dina nyarita kudu merhatikeun … salian ti pasemonjeung rengkuh the.
a)
basa lemes
b)
ragam basa loma jeung hormat
c)
basa sedeng
d)
lentong nu merenah
5.
Kamari teh … kawengian teuing numawi kasiangan ge.
a)
bobo
b)
mondok
c)
kulem
d)
sare
6.

Anu kaasup paguneman teh nyaeta.....

a)

dialog

b)

epilog

c)

monolog

d)

prolog

7.

Jejer dina paguneman teh .....

a)

diatur ku nu nyarita

b)

diatur ku nu diajak nyaritana

c)

bisa naon wae

d)

teu bisa sambarangan

8.

ka asup heunteu pantes dilakukeun upama urang keur paguneman teh aya nu....

a)

nyarita dibarung ku pasemon anu marahmay

b)

nyarita dibarung ku rengkuh anu merenah

c)

nyarita dibarung ku lentong anu merenah

d)

nyarita dibarung ku lajag-lejeg jeung poporongos

9.

Alfon : “Nel.. Kadieu sakeudeung, urang ngopi

heula!”

Lionel : “Aeh.. sugan teh saha, meni pangling ari diharudung sarung mah.”

Alfon : “Puguh Nel, urang teh kabulusan, geus saminggu ieu di lembur urang mun peuting dugi ka isuk-isuk karasa nyecep tiis. Urang mah asa di Kutub, Nel.”


Tema/topik paguneman di luhur, nyaeta...

a)

Hawa lembur nu tiis

b)

Liburan ka kutub

c)

Nginum kopi

d)

Mang Utas jeung Alo

10.

Baca Sempalan paguneman ieu di handap!


Kenzio : “Bren, urang lalajo Persib di imah urang, yu!”

Brenda : “Hayu, ajak atuh nu sejen, urang lalajo bareng.”

Kenzio : “Kumaha mun ngajak Alfon jeung David?”

Brenda : “Enya atuh, di-wa we..”


Sempalan paguneman di luhur teh ngagunakeun basa...

a)

Kasar

b)

Lemes

c)

Hormat

d)

Loma

11.

Arjuna : “Assalamualaikum.”

Louin : “Wa’alaikumsalam.”

Arjuna : “Ieu Arjuna, punten bade tumaros, dinten

kamari aya tugas?”

Louin : “Oh muhun.. aya tugas Basa Sunda. Ku naon

atuh kamari teu sakola, Jun?”

Arjuna : “............”


Kalimah anu luyu pikeun ngalengkepan paguneman di luhur, nyaeta...

a)

"hayu atuh urang ngerjakeun isukan"

b)

"muhun sakedap deui dugi"

c)

"kamari teh abdi udur, nyeri patuangan"

d)

"kedah ngerjakeun naon PR bahasa Sunda teh?"

12.

Kalimah ieu di handap nu make tatakrama basa nu merenah, nyaeta...

a)

Abdi mah parantos tuang

b)

Terang henteu kamari aya supa di kebon

c)

Pa Usman nembe sumping ti Jakarta

d)

Pa Angga wangsul ti payun

13.

Kalimah di handap ieu nu make bahasa lemes nu bener, nyaeta...

a)

kuring indit ka sakola

b)

Teh Dina permios bade ka Bandung

c)

antosan sakedap, abdi dahar heula

d)

Mamah diuk gigireun Bapa

14.

Tatakrama basa Sunda baheula mah disebut....

a)

panta-pantana basa

b)

undak-usuk basa

c)

kasar lemesna basa

d)

basa loma jeung hormat

15.

Kuring kakara balik ti sakola.


kalimah diluhur dirobah jadi ragam basa hormat....

a)

Abdi nembe mulih ti sakola

b)

Abdi kakara mulih ti sakola

c)

Abdi nembe wangsul ti sakola

d)

Abdi nembe mulang ti sakola