wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Penilaian Harian Kawih

Total questions: 15

Worksheet time: 11mins

Name
Class
Date
1.

Susunan basa sabangsa dangding anu teu make patokan pupuh, anu kauger ku wiletan (birahma) jeung ketukan (tempo), nyaeta...

a)

kawih

b)

kakawihan

c)

tembang

d)

pupuh

2.

Susunan basa sabangsa dangding anu make patokan pupuh, anu teu kauger ku wiletan (birahma) jeung ketukan (tempo), nyaeta...

a)

kawih

b)

tembang

c)

kakawihan

d)

pupuh

3.

Kawih anu dihaleuangkeun dina kaulinan barudak, nyaeta...

a)

kawih

b)

tembang

c)

kakawihan

d)

pupuh

4.

Kawih Bubuy Bulan mangrupakeun kawih sanggian Benny Corda, kecap sanggian di luhur sarua hartina jeung...

a)

karangan

b)

tulisan

c)

catetan

d)

bacaan

5.

kawih Es Lilin mangrupikeun kawih sanggian...

a)

Benny Corda

b)

Mursih

c)

Oon B

d)

Nano S

6.

di handap ieu anu kaasup kana judul kakawihan, iwal...

a)

oray-orayan

b)

paciwit-ciwit lutung

c)

hompimpah

d)

kalangkang

7.

kudu sabar dina kurang

ulah nepak dada beunghar

salawasna kudu sukur

Eling ka nu Maha Agung


purwakanti dina rumpaka kawih di luhur, nyaeta...

a)

k-u-s-e

b)

g-r-r-g

c)

a-a-u-u

d)

kurang-beunghar-sukur-Agung

8.

Jejer atawa tema kawih nu judulna "Jang" sanggian Oon B nyaeta...

a)

papatah kolot ka nu jadi budak

b)

kaendahan alam

c)

budak anu nalangsa

d)

kaasih budak ka kolot

9.

kudu sabar dina kurang

ulah nepak dada beunghar

salawasna kudu sukur

Eling ka nu Maha Agung


ungkara "ulah nepak dada beunghar" dina rumpaka kawih di luhur nyaeta...

a)

teu kenging sombong

b)

kudu sabar

c)

kudu sukur

d)

kedah eling ka Allah SWT

10.

jang... jang...

Cing jadi jalma soleh


jumlah engang dina rumpaka kawih di luhur nyaeta...

a)

12

b)

11

c)

10

d)

9

11.

dina kawih anu judulna "Jang" sanggian Oon B aya amanah jeung saha urang kudu gaul teh....

a)

guru - guru

b)

babaturan

c)

ulama, ahli tobat jeung para kiai

d)

ahli maksiat

12.

.............................

cing jujur tong bohong

ulah nganyerikeun batur

ngarah hirup loba dulur


rumpaka kawih nu merenah pikeun ngalengkepan kawih di luhur nyaeta...

a)

cing jadi jalma gede

b)

cing jadi jalma soleh

c)

cing begeur tur hade

d)

cing pinter tur bener

13.

ieu di handap anu henteu kaasup kana unsur - unsur lahir rumpaka kawih nyaeta...

a)

gaya basa

b)

imaji

c)

simbol atawa lambang

d)

jejer atawa tema

14.

ieu di handap anu teu kaasup kana unsur-unsur batin rumpaka kawih nyaeta...

a)

jejer

b)

wirahma

c)

rasa

d)

gaya basa

15.

di handap ieu anu henteu kana kawih silih asih nyaeta...

a)

Es Lilin

b)

Jang

c)

Sabilulungan

d)

Cinta Nusa