wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Ulangan Harian Kelas 8 - Rumpaka Kawih

Total questions: 10

Worksheet time: 7mins

Name
Class
Date
1.

PEUYEUM BANDUNG

Dimana-mana di kampung di kota

Geus kakoncara ku ni’mat rasana

Sampeu asalna teu diréka-réka

Naon namina ku matak kabita


Peuyeum Bandung kamashur

Pangaosna teu luhur

Ku sadaya kagaleuh

Sepuh jeung murangkalih


Mangga cobian

Bilih panasaran

Peuyeum ti Bandung

Henteu sambarangan


Rumpaka kawih di luhur nyaritakeun ngeunaan ....

a)

Kaayaan Kota Bandung

b)

Kadaharan has Kota Bandung

c)

Kasenian has Kota Bandung

d)

Kabudayaan Kota Bandung

2.

Ari "Peuyeum Bandung" dijieunna tina ....

a)

Cau

b)

Béas

c)

Ketan

d)

Sampeu

3.

Kudu sabar dina kurang

Ulah nepak dada beunghar

Salawasna kudu sukur

Éling ka nu Maha Agung

Kadé hidep bisi kufur



Di luhur mangrupa rumpaka tina kawih ....

a)

Mojang Priangan

b)

Kalangkang

c)

Jang

d)

Mawar Bodas

4.

Beurang maju ka _________,

Papatong nu _________ eunteupna regang


Lengkepan sempalan rumpaka di luhur!

(a)  

5.

Mana wae anu kaasup kana jenis kawih Sunda?

(Jawaban leuwih ti hiji)

a)

Mawar Bodas

b)

Oray-orayan

c)

Duriat

d)

Dangdanggula

6.

Tokoh kawih di luhur kawéntar ku ngaran ....

a)

Darso

b)

Yayan Jatnika

c)

Doel Sumbang

d)

Oon B.

7.

Judul-judul kawih anu di haleuangkeun ku Nining Meida ieu di handap nyaéta ....

(Jawaban leuwih ti hiji)

a)

Kalangkang

b)

Mojang Priangan

c)

Peuyeum Bandung

d)

Papatong

8.

Umat-imut lucu,

Sura-seuri nyari,

Larak-lirik kepat,

Mojang Priangan.


Kecap "umat-imut, sura-seuri, jeung larak-lirik" mangrupa kecap anu dirajek. Dumasar kana wanguna, kecap-kecap eta teh ngagunakeun rajekan ....

a)

Dwimurni

b)

Dwiréka

c)

Dwimadya

d)

Dwipurwa

9.

Kecap rajékan anu dibalikan deui bagian mimiti wangun dasarna disebut ....

a)

Dwimadya

b)

Dwimurni

c)

Dwiréka

d)

Dwipurwa

10.

Ari balik sakola téh ulah sok (a)   ka mana baé. (léos)


Lengkepan kalimah di handap ku kecap rajékan anu merenah tina kecap anu aya dina kurung di tukangeunana.