NEW
Font size
WorksheetsEVALUASI LAWUNGAN 2 RUMPAKA KAWIH
Total questions: 5
Worksheet time: 18mins
Titénan sempalan kawih di handap!
…………………………………………………………….
És lilin mah ceuceu dikalapaan
Raosna mah geuningan kabina-bina
Abdi alim dunungan paduduaan
Sok sieun mah dibantun kamana-mana
Tina sempalan kawih di luhur katitén unsur kawih, nyaéta…
Tema
Rasa
Nada
Amanat
Gaya basa
Titénan sempalan kawih di handap!
Es lilin mah…. didorong dorong
Dibantun mah dibantun ka Sukajadi
Abdi isin dunungan samar kaduga
Sok inggis mah aduh henteu ngajadi
Tina sempalan kawih di luhur katitén unsur kawih, nyaéta…
Tema
Rasa
Nada
Amanat
Gaya basa
Raksa ucap lampah, tékad jeung tabéat
Ngarah pinanggih bagja
Salamet dunia ahérat
Jang, jang, cing jadi jalma soléh
Dina rumpaka kawih biasana aya puseur implengan pangarang nu bakal karasa ku nu maca/ ku nu ngaregepkeun. Téma sempalan kawih di luhur nya éta...
Atikan
Sosial
Katresna
Kadaharan
Kaendahan alam
Jang, jalan kahirupan
Henteu sapanjangna datar
Aya mudun jeung tanjakan
…………………………………………..
Gaya basa nu katitén dina padalisan katilu dina sempalan kawih “Jang” nyaéta…
Rarahulan
Metafora
Ngasor
Litotes
Alegori
Dina rumpaka kawih biasana ngagunakeun harti anu lain saujratna, sok disamunikeun dina ungkara-ungkara konotatif ku cara ngagunakeun gaya basa. Conto kalimah anu ngagunakeun gaya basa métafora nyaéta…
Daun-daun ngagupayan
Ngajerit maratan langit
Bulan ngintip tina sela-sela mega
Gunung siga nu nguyung
Kahirupan téh aya pudunan jeung tanjakan
