WorksheetsUlangan Pangajaran Biantara
Total questions: 15
Worksheet time: 15mins
Kagiatan nyarita di hareupeun balaréa pikeun nepikeun hiji maksud atawa informasi anu penting disebut...
Ceramah
Hutbah
Biantara
Kampanyeu
Aya jalma nu parigel dina biantara nepi ka jadi ahli biantara. jalma anu ahli dina biantara disebut...
Kurator
Moderator
Koléktor
Orator
Ieu di handap anu henteu kaasup kana gaya biantara, nyaéta lagam...
réligius
akurasi
konvérsasi
agiator
Ieu di handap eusi bagéan bubuka tina biantara, nyaéta nepikeun...
ucapan hatur nuhun
muji sukur ka Gusti Alloh SWT
ucapan dunga
ucapan ménta hampura
Pentingna cai dina kahirupan urang Sunda, katitén tina ngaran...
patempatan
jalma
kadaharan
kaulinan
Disawang tina cara nepikeunana, biantara téh dipasing-pasing sakumaha anu aya ieu di handap, iwal...
dadakan (impromptu)
catetan ringkes (ekstemporan)
talaran (manuskrip)
didaktik
Sakitu anu kapihatur, mugia aya mangpaatna hapunten bilih aya kalepatan. éta téh mangrupa bagéan tina...
bubuka
eusi
salam pamuka
panutup
Basa anu mimiti diajarkeun ka barudak ku kolotna di lingkungan kulawarga disebutna basa...
wewengkon
daérah
nasional
indung
Dina tiap tanggal 21 Pébruari dipiéling salaku...
poé basa daérah tingkat nasional
poé basa indung internasional
poé basa nasional internasional
poé basa pergaulan internasional
Paribasa "caringcing pageuh kancing, saringset pageuh iket" ngandung harti...
kudu maké papakéan anu alus tur rapih
kudu maké papakéan has atawa tradisional Sunda
saged atawa siap nyanghareupan pagawéan
kudu maké baju jeung calana pangsi katut iket
Dina situasi kumaha biantara téh ditepikeunana ....
formal
resmi
informal
formal jeung informal
1. Parigel dina muka biantara
2. Kudu saregep tur daria dina ngaregepkeun biantara
3. Catetkeun hal-hal anu dianggap penting
4. Ngéntép seureuhna nyarita sing ngaruntuy
Anu kaasup kana hal anu kudu diperhatikeun nalika urang biantara nyaéta....
1 jeung 2
2 jeung 3
3 jeung 4
1 jeung 4
Naon waé anu kaasup kana struktur biantara téh....
bubuka, salam, panutup
bubuka, eusi, panutup
salam bubuka, bubuka, eusi, salam panutup
salam bubuka, bubuka, eusi, panutup, salam panutup
Biantara ku cara nempo raraga atawa runtuyan singget eusi biantara disebut....
impromptu
ekstemporan
manuskrip
memoriter
Gaya biantara nu ditepikeun kalayan antaré, écés, jéntré, tur ngéntép seureuh disebut gaya ....
agiator
konvérsasi
téater
séntimentil
