NEW
Font size
WorksheetsQuiz Pupujian1
Total questions: 10
Worksheet time: 2mins
Perhatikeun ieu ungkara di handap!
Solatulloh salamulloh
'ala Toha Rosulillah
solatulloh salamulloh
'ala Yasin Habibillah
Ungkara kalimah di luhur sabenerna mangrupa ...
sajak
puisi
pupujian
biantara
Pupujian nyaeta karya sastra wangun ugeran anu dipidangkeunna ku cara ...
dinadomkeun
digalantangkeun
didongengkeun
digorowokkeun
Tengetan deui ieu ungkara di handap!
Solatulloh salamulloh
'alaToha Rosulillah
solatulloh salamulloh
'ala Yasin Habibillah
Ditilik tina eusi kalimahna, pupujian dipangaruhan ku ...
sastra Inggris
sastra Indonesia
sastra Belanda
sastra Arab
Tempat anu sok biasa dinadomkeun pupujian disebutan ieu di handap, iwal ...
masjid
toko
madrasah
tajug
Nurutkeun waktuna, biasana pupujian teh dinadomkeun ...
saacan adzan saacan solat
sanggeus adzan sanggeus solat
sanggeus adzan saacan solat
saacan adzan sanggeus solat
Tengetan ieu rumpaka di handap!
Solatulloh salamulloh
'ala Toha Rosulillah
solatulloh salamuloh
'ala Yasin Habibillah
Ditilik nurutkeun eusina, eta pupujian teh ...
muji ka Alloh Swt.
solawat ka Nabi Muhammad Saw.
du'a
pangajaran agama
Tengetan ieu rumpaka pupujian di handap!
Eling-eling umat muslimin muslimat
hayu urang solat berjama'ah magrib
estu kawajiban urang keur di dunya
pikeun pibekeleun jaga di aherat
Ditilik nurutkeun eusina, eta pupujian teh ...
muji ka Alloh Swt.
solawat ka Nabi Muhammad Saw.
du'a
pangajaran agama
Tengetan ieu rumpaka pupujian di handap!
Wujud Qidam Baqo mukholafatu lilhawaditsi
qiyamuhu binafsihi wahdaniyah qudroh irodah
'ilmu hayah sama' basor kalam qodiron muridan
'aliman hayyan sami'an basiron mutakalliman
Ditilik nurutkeun eusina, eta pupujian teh ...
muji ka Alloh Swt.
solawat ka Nabi Muhammad Saw.
du'a
pangajaran agama
Tengetan ieu rumpaka pupujian di handap!
Robbana ya robbana
dzollamna anfusana
wa illam tagfirlana watarhamna
lanakunanna minal khosirin
Ditilik tina eusina, eta pupujian teh ...
muji ka Alloh Swt.
solawat ka Nabi Muhammad Saw.
du'a
pangajaran agama
Tengetan ieu rumpaka pupujian di handap!
Eling-eling dulur kabeh
ibadah ulah campoleh
beurang peuting ulah weleh
bisina kaburu paeh
Ditilik nurutkeun eusina, eta pupujian teh nitah urang sangkan ...
tetep eling
getol ibadah
buru paeh
eling ka dulur
