WorksheetsMateri Dongeng
Total questions: 10
Worksheet time: 10mins
Di tatar Sunda tangtu miboga dongéng anu kacida réana. Ieu di handap anu henteu kaasup kana dongéng di tatar Sunda nyaéta...
Si Kabayan
Situ Bagendit
Malin Kundang
Sasakala Tangkuban Parahu
Dumasar kana wanda/ jenisna, dongéng Prabu Siliwangi kaasup kana dongéng....
Fabel
Parabel
Mite
Sage
Dina ciri dongéng teu kapanggih saha anu nulisna lantaran baheula can aya media pikeun nulis. Ku kituna, éta hal téh disebut....
Anonim
Antonim
Sinonim
Akronim
Pék paluruh ku hidep bagaian mana anu nuduhkeun yén cirina dongéng téh teu asup akal!
Sakadang Kuya bisa ngomong jeung Patani
Si Kabayan keur ngobrol jeung si Abah
Prabu Siliwangi miboga budak nu ngarana Kéan Santang
Nyi Roro Kidul téh mangrupa putri geulis
Pék regepkeun ieu sempalan dongéng!
Nyi Endit angkleung-angkleungan,bari satungtung bisa mah teu weléh sasambat ménta tulung. Tapi henteu kungsi lila jep baé jempé,singhoréng geus tikerelep. Imahna gé geus teu témbong.Sumawonna sawahna nu upluk-aplak geus aya di dasar cai. Lembur sakuriling bungking geus salin rupa jadi talaga,anu nepi ka ayeuna katelah Talaga Bagendit téa.
Dumasar kana jenisna, dongéng di luhur kaasup kana jenis/ wanda dongéng...
Fabel
Mite
Sasakala
Parabel
Carita dongéng anu nyaritakeun asal muasal tempat disebut...
Fabel
Parabel
Sasakala
Mite
Lantaran zaman baheula mah can aya media pikeun nulis, ku kituna dongéng teh mekar ngaliwatan média
Tulis
Lisan
Sosial
Digital
Pesen anu rék ditepikeun ku pangaran ka pamaca disebutna...
Tokoh
Galur
Amanat
Latar
Datang ka leuweung,warga séjénna geus ngumpul. Der ngamimitian moro ku cara ningker leuweung pager bitis. Batur euyah-euyahan ningker leuweung,ari Si Kabayan mah kalah léos indit néangan ponclot pasir anu lening, henteu rembet ku tatangkalan. Kabeneran di ponclot pasir téh aya tangkal jambu batu badag, anu dahanna ngaroyom,sarta daunna gomplok matak iuh. Gék Si Kabayan diuk handapeun tangkal jambu,bari nyarandékana tangkalna.Teu lila geus kadéngé kérékna,saré tibra.
Latar Waktu nu kagambar dina sémpalan dongéng di luhur nyaéta
Peuting
Beurang
Magrib
Subuh
Pék baca ieu sempalan carita di handap!
Nalika ki Dipa keur ngumpulkeun pangpung, jol baé kadéngé sora maung nu ngagaur tarik kacida. Monyet jeung bajing rarécét pating kocéak. Peucang-peucang pada ngacir paheula-heula. Maung téh tuluy nyampeurkeun ki Dipa sabari ngagaur.
Dimana lumangsungna kajadian dina sempalan carita di luhur?
Laut
Imah
Leuwung
Taman
