NEW
Font size
WorksheetsSisindiran
Total questions: 10
Worksheet time: 5mins
Unggal baris nu aya dina sisindiran disebutna....
padalisan
pada
engang
purwakanti
kumpulan baris atawa kalimah nu jumlahna aya 4 (opat) dina sisindiran istilahna nyaéta....
pada
padalisan
purwakanti
engang
Umumna engang di unggal padalisan dina sisindiran jumlahna aya....
8 engang
4 engang
16 engang
2 engang
Sapanjang jalan Soréang
Moal weléh diaspalan
Sapanjang tacan kasorang
Moal weléh diakalan
Purwakanti nu kapanggih tina sisindiran di luhur nyaéta sora vokal....
a
o
ng
n
Sing getol nginum jajamu
nu guna nguatkeun urat
sing getol néangan élmu
nu guna dunya ahérat
Sisindiran di luhur kaasup kana jenis...
paparikan
rarakitan
wawangsalan
Lampuyang nu cocongoan
Bawaeun ka Rajagaluh
Ku hayang nya sosonoan
Isuk mah urang pajauh
Dumasar eusina, sisindiran di luhur kaasup kana....
silih asih
piwuruk
sésébréd
wawangsalan
Lampuyang nu cocongoan
Bawaeun ka Rajagaluh
Ku hayang nya sosonoan
Isuk mah urang pajauh
Sisindiran di luhur kaasup kana jenis....
paparikan
rarakitan
wawangsalan
Tibatan mamawa pedang
Mening gé mawa ragaji
Tibatan ulin begadang
Mening gé diajar ngaji
Dumasar eusina, sisindiran di luhur kaasup kana...
piwuruk
sésébréd
silih asih
wawangsalan
Nini-nini mawa cai
langsung mawa ti susukan
Nini-nini lari pagi
langsung pingsan na tanjakan
Dumasar eusina, sisindiran di luhur kaasup kana....
piwuruk
silih asih
sésébréd
wawangsalan
Sisindiran nyaéta salah sahiji puisi Sunda anu di sastra Indonesia mah, bentuk atawa strukturnana sarua jeung....
pantun
dongeng
rima
prosa
