WorksheetsKuis Carita Wayang
Total questions: 40
Worksheet time: 16mins
Sanajan papada carita nu umumna nyebar sacara lisan, aya bébédaan ésénsial antara carita wayang jeung dongéng, di antarana mun dongéng mah caritana geus milik balaréa, ari carita wayang mah ukur bisa dipedar ku…
Juru Alok
Sindén
Dalang
Nayaga
Prahasta, patih Aléngka, saenyana teu panujueun kana tindakan Rahwana merangan Rama, tapi manéhna kapaksa maju ka perang lantaran satia ka Rajana, nya éta Rahwana. Tindakan Prahasta téh nuduhkeun sikep...
integritas
patriotisme
loyalitas
prioritas
Kamampuh dalang ngarobah sora dina merankeun caturan wayang dina adegan pagelaran seni wayang, disebut…
Nyandra
Kakawén
Antawacana
Murwa
“Saméméh kajadian Rahwana nyulik Sinta ti alas Dandaka, tali duduluran di antara manéhna, Rahwana jeung Wibisana téh raket cara jaman manéhna keur leutik.”
Anu dimaksud ‘manéhna’ dina sempalan téks di luhur nya éta…
Sarpakinaka
Kumbakarna
Wibisana
Prahasta
Wibisana ditunjuk-rorék disebut biluk ka musuh ku Rahwana, disebut jukut riutan, malah diusir dititah indit.
Babasan "jukut riutan "dina sempalan téks di luhur, ngandung harti…
gedé ambek
babari pundung
euweuh kawani
teu boga prinsip
Wibisana nu asalna ti pihak Aléngka milu biluk (ngabalad) ka Rama dina perang Ayodya jeung Aléngka, ku alesan…
ngabéla bebeneran
demi patriotisme
loyalitas ka Rama
keuheul ka Rahwana
Mana nu teu kaasup kana tokoh punakawan dina carita pawayangan di Sunda!
Cépot
Semar
Pétruk
Dawala
“Kumbakarna lain rék ngabélaan Prabu Rahwana. Pamadeganna tetep, raja Aléngka nu salah, sabab Rama ngan ukur nohonan kawajibanana, nyusul bojona anu diboyong kadieu. Anu maju poé ayeuna lain Arya Kumbakarna ahli waris Prabu Somali. Lain! Tapi Kumbakarna putra Aléngka, Kumbakarna warga Aléngka anu teu ridoeun nagarana diranjah deungeun, kajeun kumaha alesanana” .
Sikep Kumbakarna sakumaha anu kacutat dina sempalan dialog di luhur némbongkeun ajén…
kasatiaan
cinta lemah cai
kaadilan
duduluran
“Hiji mangsa, sabada ngudag-ngudag uncal di leuweung, Arjuna, Nakula, jeung Sadéwa, bawaning ku halabhab, ngarinum cai situ. Geus ngarinum patinggolépak maraot. Singhoéng cai talaga téh ngandung racun. Yudistira pohara susaheunana.”
Éta sempalan carita di luhur téh kaasup kana bagian carita..
Mahabarata
Ramayana
Arjuna Sasrabahu
Baratayuda
Aya bébédaan antara wayang ti kitab asalna jeung nyebar di urang, di antarana euweuh di carita aslina tapi di urang aya, nya éta ...
Aya tokoh Punakawan
Gatotkaca budak Bima
Ayana tokoh Dorna
Aya tokoh Srikandi
Suluk atawa siloka bubuka pagelaran anu dikawihkeun ku dalang dina wiwitan caritana disebut ...
(a)
Pandawa téh hartina turunan Pandu Déwanata. Jumlahna aya limaan, nu sok disebut Pandawa Lilima nya éta upama diurutkeun téh jadi...
Yudhistira, Bima, Nakula, Arjuna, Sadéwa
Bima, Arjuna, Yudhistira, Nakuka, Sadéwa
Yudhistira, Bima, Arjuna, Nakula, Sadéwa
Arjuna, Yudhistira, Bima, Nakula, Sadéwa
Saha ieu tokoh pawayangan?
Rahwana
Duryudana
Suyudana
Kumbakarna
Musuh Pandawa tèh disebut Balad Kurawa, lantaran jumlahna aya...
100
10
1000
90
Perang antara Pandawa jeung Kurawa anu disebut Perang Baratayuda anu lumangsung salila ...
12 poé
16 poé
18 poé
21 poé
Rama dina nyalametkeun Déwi Sinta dibantuan ku pasukan negeri Kiskenda (pasukan wanara), anu dipingpin ku?
Anoman
Subali
Kapijemawan
Sugriwa
Hubungan Pandawa Lima jeung Adipati Karna ti pihak Kurawa téh nya éta…
Béda Bapa
Béda Indung
Kapilanceuk
Euweuh tali duduluran
Punakawan dina tokoh pawayangan Sunda biasana sok jadi...
Abdi/turu nu ngabdi ka para ksatria dina carita
Abdi/turu nu ngabdi ka musuh ksatria
Bégal nu aya dina carita
Bégal nu aya dina carita
Pandawa panengah nya éta ...
Arjuna
Nakula
Sadéwa
Yudhistira
Sarpakinaka, Kumbakarna jeung Prahasta nya éta tokoh pawayangan nu mihak ka Rahwana dina perang ngalawan Rama ti karajaan Ayodya.
Bener
Salah
Janturan mangrupa basa prosa (lancaran) dalang pikeun nyaritakeun jejer atawa adegan anu teu dibarengan ku gamelan nu diucapkeun ku Dalang.
Salah
Bener
Mana anu kaasup tokoh dina carita wayang Mahabarata!
Babon carita wayang asalna ti nagara India, nya éta tina kitab kawentar nu judulna ...
(a)
Yudhistira, Bima, Arjuna téh budakna Pandu Déwanata di Déwi Madrim.
Bener
Salah
Dina ieu sempalan di handap, anu kaasup kana téks carita wayang, nya éta…
Lamun geus kitu, taya pilihan deui pikeun kuring, iwal ti nyebut “mangga”. Sabab anu ngaranna paménta dunungan téa, pikeun jalma modél kuring mah, ajenna sarua jeung paréntah.
Ogi téh budak orang kota, cicing di Bandung. Hiji poé Ogi diajak nganjang ku bapana ka PaYoyo, sobat bapana keur leutik, urang Batukaras, wewengkon Cijulang, Ciamis.
Perang campuh di Amarta henteu aya eureunna, beurang peuting anu keur perang antara prajurit Amarta jeung Wadibala ti nagara Giri terus lumangsung.
Hujan ngecrék ti beurang kénéh. Maju ka maghrib, Aula Graha Sanusi Hardjadinata masih simpé. Nu tembong karék setting panggung.
Gatotkaca dina carita Mahabarata dicaritakeun jadi budakna Bima ti Déwi Arimbi.
Bener
Salah
Saur nira tandana panjang Sinenggih sabda ya uninga Sabda ya uninga Saur nira tandana panjang sinenggih Sabda uninga, wis mamang."
Kaasup kana unsur pawayangan, nya éta...
Nyandra
Kakawén
Murwa
Pocapan
Wibisana téh adi Rahwana anu biluk ka Rahwana sabab manéhna ngabéla bebeneran anu kuduna téh Sinta dibalikeun ka Rama.
Bener
Salah
Pagelaran carita wayang golék di Tatar Sunda téh nya éta perpaduan antara seni musik, seni rupa jeung sastra.
Salah
Bener
Rahwana dicaritakeun jadi Raja Karajaan Aléngkadirja anu murka, bengis, hawek, jeung telenges.
Bener
Salah
Carita wayang nya éta mangrupa wangun karya sastra lancaran (prosa) anu biasa dipagelarkeun minangka pagelaran seni nu sok dipaénkeun ku Dalang tur dipirig maké gamelan saléndro.
Salah
Bener
Dina carita wayang Mahabarata jeung Ramayana di urang mah ukur dicaritakeun fragmen-fragmen tina caritana hungkul, henteu kabéh dicaritakeun.
Bener
Salah
Ngaran asli si Cépot téh nya éta Lurah Badranaya.
Salah
Bener
Dina ahir carita pagelaran wayang, biasana Dawala aya pikeun nepikeun amanat/nilai moral anu aya dina carita.
Salah
Bener
Saha ieu tokoh pawayangan?
WIbisana
Duryudana
Gatotkaca
Suyudana
Carita wayang Mahabarata nyaritakeun perang sadulur antara Pandawa jeung Kurawa alatan parebutan tahta kakawasaan.
Bener
Salah
Pandawa nu kadua!
Perang Baratayuda lumangsung di ...
Tegal Kurusétra
Amarta
Astinapura
Leuweung Dandaka
Saha ieu tokoh pawayangan?
Kumbakarna
Wibiksana
Rahwana
Prahasta
“Tah ieu hiji pahlawan. Kumbakarna yakin, Rahwana nincak di salah, tapi dirina ihlas bébéla pikeun kahormatan Aléngka. Dina ieu perang, ukur manéhna anu bener-bener perang. Henteu dibarung ku napsu, henteu dianteur ku kaceuceub. Kumbakarna ukur nyumponan hukum perang kudu maéhan saméméh dipaéhan”
Dina sempalan téks carita wayang Kumbakarna, éta kalimah diucapkeun ku…
Sugriwa
Rama
Wibisana
Rahwana
