wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

KUIS BASA SUNDA

Total questions: 25

Worksheet time: 22mins

Name
Class
Date
1.

Biantara téh nyaéta...

a)

Nyarita sorangan.

b)

Nyarita di hareupeun balaréa.

c)

Dialog

d)

Nyarita di hareupeun kaca.

2.

Dina Basa Indonésia, biantara ogé sok disebut....

a)

Pidato

b)

Dialog

c)

Monolog

d)

Dongéng

3.

Biantara téh diwangun ku ....

a)

Bubuka, eusi, kacindekan.

b)

Bubuka, jeung eusi.

c)

Judul, bubuka, eusi.

d)

Bubuka, eusi, panutup.

4.

"Rupina mung sakitu biantara ti sim kuring. Hapunten anu diteda, bilih aya kekecapan anu kirang merenah, bilih aya cariosan anu kirang pantes. Hatur nuhun."


Kalimah di luhur téh mangrupa.... tina biantara.

a)

Bubuka

b)

Eusi

c)

Panutup

d)

Kacindekan

5.

Kampung Naga téh perenahna di....

a)

Kacamatan Salawu

b)

Kacamatan Cilawu

c)

Kacamatan Néglasari

d)

Kacamatan Singaparna.

6.

Ari Kampung Pulo perenahna aya di kabupatén...

a)

Kabupatén Garut

b)

Kabupatén Sukabumi

c)

Kabupatén Cianjur

d)

Kabupatén Tasikmalaya

7.

"Selamat sore” dalam Bahasa Sunda hartina…

a)

Wilujeng énjing

b)

Wilujeng siang

c)

Wilujeng sonten

8.

Ungkapan “selamat” pikeun ngucapkeun selamat datang dina basa Sunda nyaeta…

a)

Wilujeng tepang taun

b)

Wilujeng angkat

c)

Wilujeng sumping

9.

Karangan anu sipatna ngagambarkeun atawa ngajelaskeun hiji hal kalawan jelas luyu jeung kaayaan anu sabenerna disebut ….

a)

Karangan argumentasi

b)

Karangan persuasi

c)

Karangan deskripsi

d)

Karangan narasi

10.

Kampung mangrupa hiji daérah dimana aya imah atawa kulawarga anu cicing didinya. Ari kampung adat nyaéta….

a)

daerah atawa wilayah anu geus henteu nyekel pageuh adat istiadat anu diwariskeun sacara turun temurun ti karuhun.

b)

daerah atawa wilayah anu masih teguh nyekel pageuh adat istiadat anu diwariskeun sacara turun temurun ti karuhun.

c)

daerah atawa wilayah anu masih nyekel pageuh sabagian adat istiadat anu diwariskeun sacara turun temurun ti karuhun.

d)

daerah atawa wilayah anu geus kapangaruhan ku modernisasi nepi ka poho kana adat istiadatna sorangan.

11.

Kadaharan pokok masyarakat di Kampung Adat Cireundeu nyaéta ….

a)

béas (beras)

b)

sampeu (singkong)

c)

jagong (jagung)

d)

umbi-umbian

12.

Dinten ieu urang sadaya mieling dinten kamerdekaan bangsa Indonesia, ku kituna sim kuring dina denget ayeuna hoyong ngemutkeun urang sadaya kanggo ngeusi ieu kamerdekaan ku hal-hal anu positif. Urang kedah ngajenan pangurbanan para pahlawan anu tos gugur. Aranjeuna bajoang ngamerdekakeun bangsa urang teh tug dugi ka maotna.

Urang salaku generasi penerus ngagaduhan tanggung jawab kanggo neraskeun tur ngajaga kamerdekaan ieu kalayan pinuh sumanget. Hayu urang tingkatkeun sumanget urang, prestasi urang, oge gotong royong urang supados bangsa urang tambah maju.


Mana informasi anu bener tina teks biantara di luhur?

a)

urang kudu ngantepkeun kamerdekaan

b)

urang gaduh tanggung jawab kanggo neraskeun kamerdekaan

c)

gotong royong teh kawajiban urang supaya bangsa tambah maju

d)

biantara di luhur ngeunaan poe Kebangkitan Nasional

13.

Lamun urang biantara dina waktu isuk-isuk kudu ngucapkeun salam...

a)

wilujeng sonten

b)

wilujeng siang

c)

wilujeng wengi

d)

wilujeng enjing

14.

Ku margi kitu, urang kedah ngalaksanakeun hirup sadidinten ku cara anu sehat. Meresihan awak atawa ibak, meresihan kuku, nyikat waos anu rutin, eta conto hirup anu sehat. Conto sanesna, miceun runtah kana tempatna, nyiduh ulah di mana wae, batuk atawa beresin kudu nutupan baham.


Sempalan teks biantara di luhur kaasupna...

a)

bubuka

b)

eusi

c)

kacindekan

d)

panutup

15.

Ku margi kitu, urang kedah ngalaksanakeun hirup sadidinten ku cara anu sehat. Meresihan awak atawa ibak, meresihan kuku, nyikat waos anu rutin, eta conto hirup anu sehat. Conto sanesna, miceun runtah kana tempatna, nyiduh ulah di mana wae, batuk atawa beresin kudu nutupan baham.


Eusi tina sempalan teks biantara di luhur nyaeta...

a)

urang kedah mandi rutin

b)

urang kedah miceun runtah dimana wae

c)

urang kedah ngalaksanakeun hirup sehat

d)

lamun urang batuk kudu nutupan pangambung

16.

Novel mangrupa bagéan tina jinis karya sastra wangun...

a)

Prosa

b)

Puisi

c)

Drama

d)

Anyar

17.

Jalma anu ngalalakon dina carita, sok disebut....

a)

Jejer

b)

Tema

c)

Palaku

d)

Latar

e)

Galur

18.

unsur - unsur intrinsik novel nyaeta dihandap ieu,iwal....

a)

tema

b)

palaku

c)

galur

d)

amanat

e)

nada

19.

Novel teh mangrupa carita ...

a)

nyata

b)

rekaan

c)

hayalan

d)

mitos

20.

Nu teu kaasup kana unsur latar nyaeta....

a)

Sipat

b)

Suasana

c)

Tempat

d)

Waktu

21.

Nu teu kaasup papasingan (jenis) novel nyaeta....

a)

Novel barudak

b)

Novel dewasa

c)

Novel rumaja

d)

Novel sesepuh

22.

Gambaran kaayaan, waktu, tempat, pajamanan, lingkungan jst anu ngajalankeun lumangsungna kajadian dina carita disebut....

a)

Amanat

b)

Palaku

c)

Latar/Seting

d)

Galur

23.

Unsur dina carita nu mangrupa pesen nu hayang ditepikeun ku pangarang ka nu maca sok disebut….

a)

Amanat

b)

Latar tempat

c)

Palaku

d)

Téma

24.

Tujuan tina ngaresensi novel nyaeta...

a)

mikawanoh harga buku

b)

mikawanoh kakurangan buku

c)

mikawanoh pangarang buku

d)

mikawanoh kaleuwihan jeung kakurangan buku

25.

Ngajén téh dina basa Indonesia mah hartina...

a)

membuka

b)

menilai

c)

melihat

d)

mengenal