Font size
WorksheetsQUIZ KAMPUNG ADAT BASA SUNDA KELAS 9.10 - 9.11
Total questions: 20
Worksheet time: 21mins
Bahan utama imah di Kampung Naga nya eta ... .
suluh jeung batu
kai jeung batu
awi jeung injuk
kai jeung awi
Eta gambar disebut suhunan imah ... .
capit gunting
parahu kumureb
badak heuay
tagog anjing
Kampung anu masih keneh nyekel tur ngalaksanakeun tali paranti karuhunna disebut kampung ....
buhun
adat
babakan
dusun
Bentuk wangunan parahu kumureb teh nyaeta ....
Bangunan imah asli sunda nyaeta ....
Perhatikeun gambar diluhur
Ngaran wangun suhunan diluhur nyaeta....
Parahu kumureb
Badak heuay
Jogo anjing
Julang ngapak
Kampung Pulo
Kampung Pulo nyaeta ngaran hiji kampung atawa tempat nu aya di desa Cangkuang, kecamatan Leles kabupaten Garut. Disebut kampung Pulo ku sabab eta kampung teh deukeut ka situ, nepi ka ayeuna nelah Situ Cangkuang. Malah di tempat eta oge aya candi, nyaeta Candi Cangkuang.
Masarakat kampung Pulo teh ngagem agama Islam. Tokoh nu mimiti nyebarkeun agama Islam nyaeta Arif Muhammad. Asalna mah utusan ti Mataram anu meunang pancen ti Subhan Ageung pikeun nyerang VOC di Batavia dina abad ke-17. Ku sabab gagal, waktu mulangna deui kalah betah di eta kampung.
Kampung Pulo mimiti aya dina abad ka ….
15
16
17
18
Hirup beresih teh diutamakeun pisan di Kampung Dukuh mah. Ieu teh
ebreh tina tanda wates-wates jeung pantangan anu teu sagawayah jalma
bisa asup. Ngan ukur anu beresih hatena tur suci nu menang asup teh ka
tempat-tempat nu tangtu di Kampung Dukuh. Lamun warga kampung
daratang ka kuburan Syeh Abdul Jalil, lain keur menta barokah, tapi keur
ngadungakeun nu tos tilar dunya. Ari barokahna mah tos dipasihkeun ku
Syeh Abdul Jalil dina wangun kahadean, nyaah ka warga, basajan, jeung
takwa.
Di Kampung Dukuh aya kuburan ... .
para wali
para sesepuh Kampung
Prabu Siliwangi
Syeh Abdul Jalil
Anu has ti Kampung naga nya eta wangunan imah warga jeung pamangku
Kampung (Adat). Wangun imahna panggung, suhunan capit gunting. Bahan
imahna ti awi jeung kai. Hateup imahna tina kiray nu ditutupan ku injuk.
Lantena dijieun tina palupuh atawa papan. Pipindingna ku bilik make
anyaman sasag. Aya pantangan yen imah di Kampung Naga henteu menang
dicet, iwal dimeni jeung dipulas ku apu. Warga Kampung Naga oge tabu
nyieun imah gedong. Sakabeh imah warga Kampung Naga kudu
nyanghareup ka kaler atawa ka kidul, ngujur ngulon atawa ngetan.
Pantangan imah di Kampung Naga nya eta ... .
menang dicet
nyanghareup ka wetan
henteu menang dicet
dipulas ku kapur
Kampung Gedé Kasepuhan Ciptagelar
Perenahna di Kabupatén Sukabumi. Persisna mah di Kampung Sukamuya Désa Simaresmi Kecamatan Cisolok di sisi laut Palabuan Ratu. Ti saprak kantor Pemda Kabupaten Sukabumi pindah ka Palabuan Ratu, rada leuheung ka kota téh teu jauh teuing jiga baheula basa kantor Pemda di Cisaat kénéh.
Najan deukeut ka kota sarta geus réa kagiridig ku jalma nu ngadon ulin, masarakat Kampung Gedé Ciptagelar mah pageuh kénéh nyekel tali paranti adat warisan para karuhun. Boh wangunan imah boh hirup kumbuh sapopoéna, masih mageuhan urang Sunda pituin anu can kacampuran ku pangaruh modérn, salah sahijina dina potongan imah.
Tatacara kahirupan nu masih kénéh pageuh dicekel ku masarakat Kampung Gedé Ciptagelar asalna tina kabiasaan …
modern
para karuhun
kolonial
animisme
Kampung Pulo
Kampung Pulo nyaeta ngaran hiji kampung atawa tempat nu aya di desa Cangkuang, kecamatan Leles kabupaten Garut. Disebut kampung Pulo ku sabab eta kampung teh deukeut ka situ, nepi ka ayeuna nelah Situ Cangkuang. Malah di tempat eta oge aya candi, nyaeta Candi Cangkuang.
Masarakat kampung Pulo teh ngagem agama Islam. Tokoh nu mimiti nyebarkeun agama Islam nyaeta Arif Muhammad. Asalna mah utusan ti Mataram anu meunang pancen ti Subhan Ageung pikeun nyerang VOC di Batavia dina abad ke-17. Ku sabab gagal, waktu mulangna deui kalah betah di eta kampung.
soal!
Kampung Pulo ayana di daerah ….
Bandung
Tasikmalaya
Garut
Subang
Di Sunda teh aya istilah-istilah arsitektur, nyaeta ngaran-ngarah bentuk imah. Di handap ieu mangrupakeun istilah arsitektur Sunda, iwal ti ....
badak heuay
julang ngapak
kuda heuay
parahu kumureb
Ieu di handap mana anu teu kaasup ciri-ciri kampung adat ....
Masih nyekel hiji adat kabiasaan karuhun satempat
Wangunan imah biasana imah panggung
Imahna tembok
Kampungna teu bisa diasupan atawa dicicingan ku jalma luar
Kahirupan masarakat di kampung adat biasana ngandelkeun ....
Industri
Kantoran
tatanen atawa partanian
Sakolaan
Ieu di handap mangrupa kampung adat di tatar Sunda, iwal ti .....
Kampung Cikondang
Kampung Cisungsang
Kampung Naga
Kampung Budaya
Upacara nu rutin dilakukeun di kampung Salapan nya eta ....
Mipit
Seren taun
Sura
Labuh saji
Kampung adat cireundeu teh di ....
Bogor
Banten
Cimahi
Bali
Nu kaasup kalimah salancar pola J (jejer) + C (Caritaan) nya eta .....
Kuring dahar sangu
Dudi Lumpat
Dadang lumpat lantaran rusuheun
Idoy ngajual cilok jeung Ucuy
Nengsih cicing di imah.
Pola kalimah di luhur nya eta ....
J + C
J + C + K
J + C + O
J + C + O + K
Kampung Baduy teh perenahna di ....
Sukabumi
Banten
Bali
Bandung
