Font size
WorksheetsUlangan Dongéng
Total questions: 15
Worksheet time: 11mins
Carita "Nyi Roro Kidul" mangrupa salah sahiji dongéng anu kaasup kana jenis dongéng .....
Fabél
Parabel
Mite
Sasakala
Babad
Jenis dongéng anu eusina nyaritakeun ngeunaan hiji kajadian atawa hiji jalma anu aya patalina jeung sajarah disebut dongéng .....
Mite
Babad
Légenda
Fabél
Parabel
Ieu di handap nu mangrupa conto dongéng Babad nyaéta ....
(Jawaban tiasa langkung ti hiji)
Nu teu kaasup kana unsur-unsur dongéng nyaéta .....
Jejer
Palaku
Latar
Galur
Purwakanti
Ciri has carita dongéng nu ngabédakeun jeung carita nu séjén nya éta ...
Ngandung unsur pamohalan
Palakuna leuwih ti hiji
Galurna maju
Aya pangarangna
Mangrupa carita nyata
Palaku dina dongéng anu disebut-sebut asli Sunda nya éta ...
Abu Nawas
Si Pitung
Si Kabayan
Aladin
Malin Kundang
Nu dimaksud pamohalan téh nyaéta...
Bagian carita anu kaharti ku akal
Bagian carita anu logis
Bagian carita anu teu kaharti ku akal
Bagian carita anu deskripsina jelas
Bagian carita anu deskripsina teu jelas
Ieu di handap conto-conto unsur pamohalan dina dongéng, iwal...
Jalma bisa komunikasi jeung mahluk goib
Sasatoan bisa ngomong
Parahu bisa robah jadi gunung
Manusa bisa ngapung
Nu beunghar sok nyiksa nu sangsara
Saméméh réa dibukukeun, nyebarna dongéng téh ngaliwatan...
Lisan
Naskah
Prasasti
Panggung téater
Tulisan
Istilah anu nuduhkeun yén hiji karya teu kapaluruh saha nu ngarangna disebut...
Homonim
Akronim
Anonim
Sinonim
Antonim
Gancanging carita, tilu poé ti harita, di éta nagara pésta ramé kacida, méstakeun ngistrénan Pangéran Danuwarsa jeneng Raja, sakalian nikah ka Nyi Putri Arum Sari.
Unsur dongéng nu katitén tina sempalan dongéng di luhur téh nyaéta ...
Jejer
Galur
Latar
Amanat
Eusi
"méstakeun ngistrénan Pangéran Danuwarsa jeneng Raja"
Dina kalimah di luhur, kekecapan nu nyangigir téh hartina ...
ngalantik
manggihan
jodona
neangan
robahna
Dongéng nu nyaritakeun sasatoan anu paripolahna dicaritakeun kawas manusa, upama baé bisaeun nyarita ogé ngagunakeun akal jeung pikiran. Éta dongéng disebut ...
Fabél
Parabél
Sasakala
Sage
Mite
"Kocap Ki Santang anu katelah mibanda kasaktian, langsung ngetrukeun sakur pangabisana. Ki Santang nénjrag lelemah dibarung ku kakuatan anu rohaka. Bumi inggeung, sarta cai nyusu ngaburial. Cainyusu ngeueum éta patempatan tug dugi ka jadi situ. Teu hilap, Ki Santang ogé ngadamel parahu, kanggo lalayaran."
Dina sempalan dongéng di luhur, ciri-ciri dongéng nu katitén téh nyaéta ...
Galur
Watek
Anonim
Paguneman
Pamohalan
Sabada Ki Santang tiasa nohonan pamundut Déwi Rengganis, tangtos baé Déwi Rengganis ogé henteu sulaya kana jangjina. Ki Santang sareng Déwi Rengganis maheutkeun jangji, meungkeut cinta ku pertikahan.
Tina sempalan dongéng di luhur, katitén yén watek Déwi réngganis nyaéta ...
Sombong
Sulaya
Ingkar
Satia
Sopan
